Mikawanoh Manuk Cangkurileung

 

Cangkurileung cangkurileung.
Eunteup dina Imah bilik.
Abdi nineung abdi nineung.
Nineung mah ka anu balik.

Cangkurileung , Kutilang, Nilam, Cucak Kutilang (Pycnonotis aurigaster) mangrupa salahsahiji manuk anu sohor komo deui aya kawih katut sisindiran anu nyokot ngaran ieu sato.sumebar ampir di saban wewengkon jeung pulo di Indonésia.

Cangkurileung loba rupa atawa jinisna, kawas Cangkurileung kapas, c emas, c daun jrrd, mibanda wanda sora jeung bacéo anu mangrupa-rupa, mindeng katangén di leuweung, pilemburan samalah di dayeuh gé loba anu ngukutna.

Remen diilukeun kana pasanggiri (kontés) adu sora, salian ti éta, cangkurileung mibanda sipat anu gancang galib ngaloyogkeun manéh (adaptasi) tur gampil lindeuk reujeung lingkungan anyarna, sarta gampil diwarahna sangkan bacéona gacor.

Hanjakalna ku hal éta pisan cangkurileung loba diboro anu antukna lobana cangkurileung di alam bébas beuki dieu beuki ngurangan.

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan