Kiwari.co.id – Karajaan Sunda Pajajaran ngahontal puncak mangsa kajayaanana nalika dipingpin ku Sri Baduga Maharaja atawa Prabu Siliwangi dina taun 1482 tepika taun 1521 Masehi. Siliwangi kakocap mibanda kasaktén tur dipisérab lawan. Inyana ngabentuk pasukan militer anu kuat tepika Tatar Sunda atawa wilayah kadaulatan Pajajaran hésé ditalukkeun.
Salah sahiji bala tentara Prabu Siliwangi anu kakuatanana kacida dipisérabna nyaéta Balamati, pasukan elite wani perlaya. Maranéhna bénténg pamungkas anu mertahankeun wilayah inti karaton Pajajaran.
Nurutkeun riwayat, Balamati saukur 1.000 urang jumlahna, tapi maranéhna kacida kuat tur mibanda kamampuhan husus dina perang. Balamati direkrut ti patarung-patarung pinunjul di mangsa harita.
Balamati salilana satia ngawal Prabu Siliwangi tur salilana sayaga batempur pikeun Sri Baduga Maharaja.
Sanggeus Prabu Siliwangi mangkat, Surawisesa anu jadi incuna diitrénan jadi Raja Pajajaran. Ti saprak harita musuh mimiti deui wani narajang Pajajaran.
Mangsa pamaréntahan Surawisesa, pasukan Pajajaran sababaraha kali kalibet perang jeung Cirebon katut Banten.
Saban patempuran, pasukan Balamati salila aya di sagigireun Surawisesa ngaruntagkeun musuh-musuh. Balamati kocap teu kaperuhkeun dina perang darat. Maranéhna mampuh ngabendung serangan sok sanajan teu kaduga ka Karaton Pajajaran.
Tapi di laut, pasukan Balamati suit nandingan kakuatan Banten katut Cirebon.
Sanggeus Surawisesa mangkat, Balamati masih terus jadi pasukan husus tempur Pajajaran. Tapi, kakuatan Pajajaran sanggeus Siliwangi jeung Surawisesa tilar dunya terus mingkin lemah lantaran konflik internal karajaan jeung masifna tarajangan lawan.
Tepika ahirna Pajajaran beunang ditalukkeun ku kakuatan Islam ti Banten jeung Cirebon.
Kontributor: Agus Rohmat