Kiwari.co.id – Google Maps mawa balai. Kajadiab kacilakaan pati tur nyababkeun tilu jalma tiwas.
Dicutat tina IndiaToday, Salasa (26/11/2024), Google Maps kalawan kaliru ngarahkeun pangguna pikeun ngamudi ka arah jembatan anu keur dina proses konstruksi.
Nurutkeun panétélaan pulisi di dinya, mobil pangguna satuluyna ragrag kana walungan di distrik Bareilly, Uttar Pradesh, India
Insiden ieu kajadian dina Saptu (23/11) kaliwat. Dua korban boga ngaran Vivek jeung Amit, mimitina maranéhna ngayakeun lalampahan ti Gurugram ngajugjug Bareilly pikeun ngahadiran resepsi panikahan.
Éta dua lalaki ngandelkeun Google Maps pikeun ngarahkeun maranéhna ka destinasi. Ngan, Google Maps malah ngarahkeun maranéhna ka flyover anu masih kénéh dina proses pangwangunan.
Éta mobil terus ngalaju nepi antukna ragrag ka Ramganga, hiji walungan déét anu jarak luhurna kana jambatan disebutkeun sakitar 50 kaki atawa 15 méter.
Masyarakat di didinya manggihan mobil anu geus pejét tur ancur wanci isukna. Maranéhna ogé manggihan tilu lalaki maot.
Tuluy maranéhna ngadonikeun éta timuan ka kapulisian. Pulisi satempat anjog di lokasi tur gura-giru ngalakukeun evakuasi ka layon korban.
“Pada pukul 09.30 pagi waktu setempat, mobil rusak ditemukan di sungai Ramganga. Polisi diinformasikan dan langsung tiba di lokasi. Ketika polisi tiba dan melakukan penyelidikan, kemungkinan mobil yang jatuh merupakan taksi sewaan. Mobil itu berjalan pada jembatan yang belum selesai dan jatuh ke sungai,” nurutkeun katerangan kapulisian.
“Jasad yang ditemukan dievakuasi dan dikaji lebih lanjut. Identitas Amit dan Vivek telah dikonfirmasi. Detail lainnya terkait identitas orang ketiga masih diselidiki,” inyana nambahan.
Ngareungeu ieu insiden, Google nepikeun bélasungkawa ka kulawarga korban anu ditinggalkeun. Google nyaturkeun baris terus koordinasi jeung otoritas satempat enggoning panyalidikan éta kasus.
“Rasa duka terdalam kami untuk keluarga korban. Kami bekerja sama dengan otoritas dan menyediakan dukungan dalam proses investigas ini. Kami akan mengabarkan perkembangannya lebih lanjut,” ceuk juru wicara Google.
Kulawarga korban maido otoritas di dinya tur meertanyakeun naha jambatan anu tacan réngsé éta teu dibéré barikade di tungtungna.
Ropéa basa: Agus Rohmat