Subang, Kiwari.co.id – Calon gubernur Jawa Barat (Jabar) Dedi Mulyadi ngaku kungsi bingung mangsa dipénta hanjat kana mobil Maung Garuda anu ditumpangan Presiden Prabowo Subianto saréngséna iatrénan di Gedong MPR/DPR RI dina Ahad, 20 Oktober 2024.
“Saat saya sengaja ke Jakarta untuk menyaksikan Pak Prabowo dilantik menjadi Presiden,” kata Dedi Mulyadi, di Lembur Pakuan Kabupatén Subang, Jawa Barat, Senén, 21 Oktober 2024.
Mantan Bupati Purwakarta mimitina milih nunggu iring-iringan Presiden Prabowo reujeung masarakat balaréa di hareupeun Intiland Tower.
“Karena saya rakyat biasa, saya menunggu Pak Prabowo di pinggir jalan, untuk mengucapkan salam. Begitu lewat, tiba-tiba yang di belakang saya mengangkat badan saya,” pokna.
Mangsa dipangku, inyana ngaku spontan ngangkat leungeun tur méré hormat ka Prabowo anu nyeluk masarakat tina rooftop mobil. Sapada harita ogé Prabowo seuri tur ngajak Dedi sasalaman.
Teu nepika kitu baé, mangsa liwat Prabowo terus nunjuk-nunjuk Dedi Mulyadi. Satuluyna Prabowo ménta mobil anu ditumpanganana eureun.
“Nah saya makin bingung juga, setelah itu ternyata saya dipanggil. Ketika dipanggil kan saya bingung bapak di atas meminta saya naik,” ceuk manéhna.
Mangsa harita ogé Dedi langsung hanjat kana luhur mobil anu kakara pisan anyar digunakeun ku Prabowo. Sanggeua hanjat, Prabowo méré lap baseuh tur nitah Dedi Mulyadi diuk di hareup marengan manéhna nyeluk warga.
Salian ti kitu, Dedi ogé mikeun rompi ka Prabowo lantaran pakéan bodas anu dipakéna identik jeung kapartaian. Ngan lantaran diwatesan ku kaprotokolan, mangka Dedi teu diuk marengan Prabowo.
“Karena pertimbangan keprotokolan bahwa itu tidak dimungkinkan. Sehingga ya turun dan saya dapat hadiah itu (lap dan rompi),” pokna.
Dina kasempetan éta, Dedi nepikeun kayakinana kana kapamingpinan Prabowo Subianto, baris mawa Indonesia beuki maju.
Salaku kader, inyana ngaku boga komitmen ngabantu sakuat tanaga ngawujudkeun impian-impian Prabowo ku cara ngawangun Jawa Barat.
Ropéa basa: Agus Rohmat