Munara Masjid anu Ngahaja Diadegkeun Déngdék, Tétéla ieu Alasanana

Kiwari.co.id – Munara masjid mah galibna diwangun atawa diadegkeun jangkung ngajungkiring sarta ajeg nangtung. Ngan, aya yeuh munara masjid anu malah ngahaja diwangun déngdék.
Munara masjid anu déngdék éta téh perenahna di Sheikh Faisal Bin Qassim Al Thani Museum (FBQ), Qatar.

Syekh Faisal Bin Qassim, nu boga FBQ téh sakaligus salah saurang jalma pangbeungharna di Qatar, nyaturkeun, yén munara éta téh ngahaja diwangun déngdék pikeun narik padeugdeug tur ngagampilkeun ka padeugdeug pikeun manggihan museum. Teu hélok, ngaran wangunan éta mindeng disebut ‘Leaning Mosque and Minaret’.

“Masjid dan menara miring dibangun sebagai perpanjangan dari Museum FBQ. Menara miring akan berfungsi sebagai daya tarik tambahan untuk menarik pengunjung yang mungkin tidak menemukan museum itu sepenuhnya berada di wilayah yang mereka minati,” ceuk Syekh Faisal, dicutat ti The Peninsula.

Nurutkeun Syekh Faisal mah desain masjid jeung munara déngdék ieu téh pikeun méré panghurmatan ka arsitektur Islam tradisional tur tetep ngasupkeun wanda inovasi.

“Saya melakukan upaya ini sebagai kontribusi pribadi kepada masyarakat. Atraksi baru di dalam museum ini merupakan simbol komitmen Qatar untuk maju sambil merangkul asalnya,” pokna.

Masjid jeung munara déngdék ieu téh diwangun salila 2 taun tur tahap akhir pangwangunan réngsé dina 2022. Palapis strukturna dipapaés batu anu diekstrasi salila panggalian konstruksi sahingga nambah wanda otentik.

Sok sanajan munara masjid ieu téh déngdék, Syekh Faisal mah ngayakinkeun yén wangunan éta geus dirancang kalayan gemet sahingga aman. Prosés pangwangunanana malahan mah ngalibetkeun pausahaan arsitektur internasional dina parancanaanana.

“Keamanan masjid dan menara miring adalah yang paling penting. Menara ini dilengkapi dengan teknologi sensor canggih yang memberikan umpan balik harian mengenai tanda-tanda potensi masalah. Pemantauan dan pemeliharaan rutin dilakukan untuk menjamin keamanan kekayaan arsitektur yang berkelanjutan,” bébérna.

Fondasi wangunan ieu téh dipasang jerona 2,5 méter tur ditanggeuy ku 8 kolom. Struktur munara anu jangkungna 27 méter ieu diwangun kuat pikeun mangtaun-taun ka hareup.

Munara ieu téh mibanda kubah jeung bulan arit di luhurna. Di bagian jerona aya tangga spiral anu dijieun tina waja sahingga kaamanan muazin kajaga nalika keur nyoarakeun azan di dinya.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan