Kiwari.co.id – Kungsi teu anjeun ngarasa jadi sasaran hipu reungit, sedengkeun babaturan di sagigireun anjeun mah tetep aman teu dicoco sakali ogé? Tétéla, aya alesan ilmiah di satukangeun fenomena ieu téh! Reungit teu asal milih korbanna kalayan acak. Maranéhna téh ngagunakeun sénsor husus pikeun ngadetéksi tapak kimia anu ditinggalkeun awak manusa di udara. Salah sahiji faktor utama anu narik reungit téh nyaéta karbon dioksida anu ku urang dihéboskeun mangsa ngambekan.
Nurutkeun Joop van Loon, ahli entomologi ti Wageningen University, Belanda mah, karbon dioksida anu ku urang dikaluarkeun ngabentuk tapak hawa anu teu langsung nyampur jeung lingkungan Sabudeureun. Reungit téh bisa ngadetéksi ieu tapak tina jarak nepika 50 méter tur terus nuturkeun aliran karbon dioksida nepika manggihan sumberna.
Faktor-Faktor anu Ngajadikeun Reungit Leuwih Katarik ka Hiji Jalma
Na mangsa reungit geus aya dina jarak sakitar saméter, maranéhna téh mimiti mertimbangkeun faktor séjén anu ngabédakeun hiji jalma jeung nu lianna. Sababaraha faktor éta téh ngalimpudan:
. Suhu kulit – Reungit leuwih resep kulit anu leuwih haneut.
. Kabeueusan kulit – Jalma anu leuwih réa késangan loyogna leuwih narik pikeun reungit.
. Warna pakéan – Reungit mikaresep warna hideung atawa poék, batan warna caang.
. Bau awak anu dihasilkeun mikroba dina kulit – Ieu nyaéta faktor utama anu ngajadikeun reungit leuwih resepeun hiji jalma tibatan jalma séjénna.
Nurutkeun Jeff Riffell, profesor biologi di University of Washington, reungit milih mangsana dumasar kana sanyawa kimia anu dihasilkeun ku bakteri dina kulit urang. Mikroba ieu téh ngarobah késang jadi sanyawa volatil anu satuluyna didetéksi ku reungit.
Studi taun 2011 anu dipedalkeun dina jurnal PLOS ONE manggihan yén lalaki anu kaanekaragaman mikroba kulit anu leuwih luhur bisa meunang leuwih saeutik cocoan reungit tabatan lalaki anu boga mikroba kulit anu leuwih saeutik. Jalma anu boga bakteri kawas Pseudomonas jeung Variovorax dina kulitna loyogna leuwih jarang dicoco, sedengkeun jalma anu mibanda bakteri Leptotrichia, Delftia, Actinobacteria Gp3, jeung Staphylococcus leuwih remen jadi targét reungit. Salian ti éta sababaraha panalitian mah nuduhkeun yén reungit loyogna leuwih resep jalma anu golongan getih anu tangtu. Hiji studi taun 1974 manggihan yén reungit leuwih mindeng nyoco individu anu golongan getihna O dibandingkeun golongan getih lianna.
Panalitian séjén dina taun 2004 ogé nuduhkeun yén reungit téh leuwih remen eunteup ka jalam anu golongan getih O. Salian ti éta, panalitian anu dipedalkeun dina Journal of Medical Entomology dina taun 2019 mah manggihan yén reungit leuwih milih conto getih golongan O dibandingkeun golongan getih séjénna. Para panaliti boga hipotesis yén preferensi ieu téh sigana kakait jeung antigen anu aya dina golongan getih. Antigen éta ogé ditimukeun dina ciduh jeung cimata, anu sigana bisa kadetéksi ku reungit mangsa maranéhna ngadeukeutan hiji jalma.
Sanajan urang teu bisa sapinuhna ngontrol mikrobioma dina kulit urang, aya sababaraha cara pikeun ngurangan kamungkinan jadi targét reungit:
. Usahakeun ulah maké pakaén hideung, lantarab reungit mikaresep warna poék.
. Gunakeun baju lengeun panjang jeung celana panjang mangsa aya di luar rohangan atawa dina wanci peuting.
. Gunakeun pangusir reungit anu bahanna aktif kayaning DEET atawa minyak séréh.
. Jaga kabersihan awak, lantaran késang anu numpuk bisa narik leuwih réa reungit. Jadi, mun anjeun ngarasa salila jadi favorit reungit, meren lain saukur kabeneran. Aya faktor biologis anu boga peran dina hal ieu! Tatan-tatan pikeun ngarobah strategi sangkan teu jadi sasaran reungit deui?
Ropéa basa: Agus Rohmat