Nalangsa Pabrik Kécap Asin Legendaris Kapaksa Tutup Sanggeus 111 Taun alatan Taya Panerus

Para pamilik pabrik kécap asin éta ngajak palanggan ngalongok di minggu-minggu ahir saméméh maranéhna tutup permanen dina 28 Januari 2025.

Kiwari.co.id – Sanggeus leuwih ti saabad, Pabrik Kécap Asin Hup Teck di Gopeng, Perak, Malaysia, baris nutup panto maranaéhna keur salilana dina 28 Januari 2025. Bisnis kulawarga anu kawentar ku produk kécap asin tradisional anu dijieun ngaliwatan proses fermentasi kuna éta téh geus jadi landasan warisan kuliner Nageri Jiran salila 111 taun.

Nyutat ti Says, Saptu (25/1/2025), kalayan beurat haté kapaksa kaputusan nutupna dijieun ku nu boga kiwari, Low Bak Tong. Teu ayana panerus jeung masalah kaséhatan anu ngajadikeun Low semakin sulit ngaroris operasional pabrik kécap asin ngajadikeun kulawarga éta mutuskeun nganggeusan ieu bisnis warisan kuliner, lapor New Straits Times.

Pabrik kecap asin legendaris ti Malaysia, Hup Teck, kapaksa tutup sanggeus 111 taun. (dok. Facebook Hup Teck/https://www.facebook.com/photo?fbid=1092817472639617&set=pcb.1092818059306225)

Sanajan dikolola Low, dulur awéwéna, katut alona, taya saurang ogé anu bisa neruskeun tradisi panyieunan kécap asin sacara tradisional ngajadikeun ieu bisnis tutup buku. Dina hiji unggahan Facebook anu ngagetik ati, para pamilik ngabagikeun éta warta sungkawa.

Maranéhn ngungkab kasedihan jeung rasa panuhun kana rojongan anu geus ditarima salila mangtaun-taun ieu.

“Kami benar-benar merasa rendah hati dan terhormat telah melayani kalian. Dukungan kalian yang berkelanjutan telah jadi alasan keberhasilan kami,” tulis maranéhna, mangkukna.

Diadegkeun dina taun 1914, Hup Teck kacida kakait pageuhna kana sajarah Gopeng. Pabrik, tempat guci taneuh liket gedé digunakeun keur fermentasi, tetep jadi simbol metode anu dipihormat, tur geus diwariskeun ti generasi ka generasi.

Pabrik kecap asin legendaris ti Malaysia, Hup Teck, kapaksa tutup sanggeus 111 taun. (dok. Facebook Hup Teck/https://www.facebook.com/photo?fbid=1092817472639617&set=pcb.1092818059306225)

Rasa anu Kuat tur Sugih

Kécap asin Hup Teck kawentar lantaran rasana anu kuat tur sugih, ngajadikeunana dipisuka jalma réa, hususna di éta wewengkon. Prosés khas pabrik ieu ngalibetkeun panggunaan guci taneuh liket gedé anu ngajajar di taman anu dicahayaan panonpoé, hiji titingalin anu geus jadi ikon.

Ku panutupan éta, aya kateupastian ngeunaan mangsa ka hareup guci-guci anu mibanda sajarah éta, anu geus jadi bagian tina warisan kulawarga salila sababaraha dekade. Low ngungkabkeun kasedihanana lantaran kudu ninggalkeun paralatan pabrik anu umurna saabad éta.

“Sungguh menyedihkan untuk berpikir berpisah dengan peralatan itu,” pokna, ngacu kana guci-guci taneuh liket anu geus bobo tur jadi bagian penting dina bisnisna.

Panutupan ieu nandaan mungkasna hiji era pikeun kulawarga jeung warga Gopeng. Pikeun réa jalma, Pabrik Kécap Asin Hup Teck lain sakadar bisnis, tapi ogé bagian tina katineung maranéhna jeung patalian budaya éta daérah. Sanajan pantona ditutup, balukar tradisi Hup Teck anu geus boga umur leuwih ti saabad baris tetep hirup dina haté sakur jalma anu geus minikmat produkna.

Pabrik kecap asin legendaris ti Malaysia, Hup Teck, kapaksa tutup sanggeus 111 taun. (dok. Facebook Hup Teck/https://www.facebook.com/photo?fbid=1092817472639617&set=pcb.1092818059306225)

Dina unggahan maranéhna, pamilik pabrik ngagentra palanggan ngalongok dina minggu-minggu akhir jeung meuli stok anu tersis.

“Kami akan sangat merindukan kalian semua. Terima kasih atas segalanya,” caturna.

Nyutat Vulcan Post, baheula, Low, anu ayeuna umurna 72 taun téh kungsi ninggalkeun imah pikeun digawé di Singapura salila sababaraha taun, saméméh balik deui dina taun 80-an pikeun ngawaris bisnis kécap asin bapana. Nurutkeun blogger Maria Dass the World, kecap asin Hup Teck téh geus diproduksi di imah kai anu sarua salila 111 taun.

Ngan, nurutkeun Sin Chew, sanggeus meriksa catetan mangsa kallarung, Low miweruh yén éta bisnis téh awalna diadegkeun di tempat séjén ku bapana jeung sababaraha tatangga saméméh mindahkeunana ka imah nomer 999 kiwari. Ngingetkeun nilé seni anu ditawarkeun produk Hup Teck, sajumlah warganet tumanya naha taya anu daék neruskeun iteuk estafet éta warisan.

Saurang pangguna boga pamanggih yén hal ieu téh sigana kajadian lantaran fermentasi kécap ku cara tradisional ngabutuhkeun waktu heubeul. Matakna, model bisnis ieu dinilé padat karya jeung sigana teu nguntungkeun.

Kungsi Mampuh Nagen

Maria babagi dina blogna yén prosés tradisional ogé hartina taya pawarna atawa pangawét, sahingga sakabéh prosésna alami. Cahaya panonpoé jeung hawa seger diperelukan sangkan prosés fermentasi bisa lumangsung.

Prosés ieu téh dilakukeun dina jero pot taneuh liket husus anu didatangkeun ti China mangsa pabrik kécap asin éta munggaran operasi, Maria nulis. Hasilna katara pantes jeung usaha anu dikaluarkeun. Sababaraha pangguna Reddit nyebutkeun yén kécap anu diproduksi kalayan tradisional béda kacida tina kécap produksi massal di pasaran.

Maranéhna nyaturkeun, rasa kécap tradisional pohara kuat tur sugih.

“Mereka akan sangat dirindukan,” ceuk saurang pangguna Reddit Malaysia.

“Kadang-kadang saya pikir modernisasi bukanlah kemajuan, dan kita pikir ini adalah yang terbaik ketika kita tidak tahu apa yang kita lewatkan.”

“Dahulu kala ada enam pabrik kecap di Gopeng, tapi Hup Teck adalah satu-satunya yang mampu bertahan seiring berjalannya waktu, meski tidak memiliki nama merek, tim pemasaran, atau iklan yang mewah,” tambah Maria dina blogna.

Ropéa basa: Agus Rohmat
Sumber: Liputan6

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan