Kiwari.co.id – Tangtuna sakur nalayan mah geus weruh lamun kondisi lautan teu bisa ditebak. Rajeun hujan badéi, tapi teu jarang ogé cangra tur tenang. Aya kalana ogé kapal nyangsang kana banda ahéng, kawas anu dialaman ku saurang nalayan asal Filipina dina hiji poé dina taun 2006.
Poé harita, nalayan anu teu disebutkeun ngaranna téh keur balayar di sabudeureun Kapuloan Palawan, Filipina. Di dinya mémang lelewek anu réa laukna, sahingga inyana ngeureunkeun kapal tur nebar jaring dibarung miharep beubeunangan poé éta bisa mucekil. Tangtuna nurunkeun heula jangkar, sangkan kapal teu incah.
Sanggeus sawatara lilana, éta nalayan téh ngarasa geus cukup beubeunangan laukna. Manéhna tuluy ngangkat deui jaring katut jangkarna. Ngan, harungan kajadian. Jangkar ngadadak karasa beurat jeung teu rongrét-rongrét. Inyana ngarasa aya hiji perkara anu teu ilahar. Sanggeus mecakan ngabedol kalawan kakuatan sapinuhna, jangkar téh tetep teu bisa dibedol.
Mangka, inyana nékad terejun arék ngaroris naon anu kajadian. Sanggeus aya dina jero cai tétéla, jangkar téh ngait kana banda teuas dina dasar laut. Banda teuas éta téh tayalian batu kalawan bentuk anu teu ilahar. Katingalina lemes tur ngagurilap. Ngan baé harita, éta nalayan teu mikir panjang kana éta barang.
Manéhna gura-giru nyingkahkeun jangkar tur ngangkatéta éta batu ka luhur kapal. Sanggeus nincak daratan, éta batu téh dibawa mulang ka imahna ngan tetep teu maluruh naon jinis éta batu mah. Ngan baé, manéhna yakin éta barang lain batu biasa.
“Dia percaya batu tersebut sebagai jimat keberuntungan,” tulis South China Morning Post, dicutat Kemis (2/1/2025).
Dina mangsa harita manéhna neundeun éta batu di handapeun kasur. Salila mangtaun-taun, éta batu diantepkeun ngagolér kitu baé taya anu katarik pikeun nengetan leuwh gemet. Malahan mah, gurilapna éta batu nepi kasaput kebul.
Nepi ka hiji mangsa ahirna, sapuluh taun ti harita, éta nalayan kakara kasadarkeun inget mun éta batu téh lain barang samborong. Hiji poé dina taun 2016, imah nelayan éta kahuruan. Salah sahiji tina saeutik banda anu salamet téh nyaéta batu anu asalna ti Kapuloan Palawan.
Mangsa dipindahkeun, jalma jalma téh ngarénjag ningali éta batu. Tétéla, batu anu salila ieu teu dipiroséa si nalayan téh tayalian harta karun fantastis, nyaéta mutiara. Mutiara téh kagolongkeun banda gedé ajén sabab kacida jarang tur teu bisa dijieun manusa, alias kacida alami.
Mutiara mah asalna tina barang asing anu asup kana jero kerang. Barang asing éta téh teu bisa kaluar tur tuluy diproses dina jero awakna nepi ka jadi teuas. Proses ieu téh teu bisa diprediksi, boh éta ukuran, beurat pon kitu deui bentukna. Gurilapna ngajadikeun mutiara bisa dirobah jadi rupa-rupa perhiasan.
Ka ahirnakeun, timuan si nalayan éta téh kacatet minangka mutiara panggedéna sapanjang sajarah. Situs warta ABC News, dicutat Jumaah (3/1/2025), nyatet beurat éta mutiara ngahontal 34 Kg kalawan panjang 30 Cm tur lébar 61 Cm. Ieu mah jauh leuwh gedé batan tina timuan saméméhna di taun 1934 anu ngan saukur 6,4 Kg beuratna.
Perkara harga, Forbes ngawartalkeun éta mutiara mibanda harga US$130 juta atawa satara Rp2 triliun dina mangsa kiwari. Praktis, béja-béja éta ngajadikeun nalayan ngarénjag kagét. Intana teu nyangka geus nimukeun harta karun sanilé Rp2 T anu ngarobah jalan hirup satuluynna.
Sanggeus warta éta sabiwir hiji (viral), pamaréntah ménta sangkan nalayan masrahkeun mutiarana. Ngan, dibéjakeun inyana nolak éta paménta.
“Mutiara itu tetap menjadi milik nelayan,” ungkap juru bicara pemerintah Filipina, Puerto Princesa, dicutat ti NPR, Jumaah (2/1/2025).
Dina pamustunganana, panolakan éta bener bener ngajadikeun hirup nalayan jadi robah. Inyana jadi nalayan sugih mukti.
Ropéa basa: Agus Rohmat