Kiwari.co.id-Oray Kadut, Ari oray aya peurahan?
Oray mémang sato anu kawilang bahaya lantaran mibanda peurah anu bisa maténi.
Oray kadut nyaéta jinis oray anu ilahar aya di sabudeureun lingkungan jalma sahingga cukup dipiwanoh (familiar) pikeun masarakat Indonesia.
Kadéngéna pikagimireun mémang alatan habitatna kacida deukeut.
Samalah teu jarang ieu oray kapanggih muncul ka padumukan masarakat tur nyieun karémpan. Pasalna, habitatna sorangan aya di sawah, ranca, balong leutik, jeung muhara. Naha anjeun kungsi manggihan oray ieu di sabudeureun anjeun?
Mikawanoh oray kadut
Dina wikipedia.org
Dumasar kana hartianana, oray kadut nyaéta oray anu kulitna bararenjut ngajarendol, mibanda kelir coklat, ngagunakeun paru-paru pikeun ngambekan, sarta kembang biak kalayan cara anakan. Ngaran latinna nyaéta Acrochordus granulatus atawa Acrochordus javanicus.
Ari susunan karajaan atawa kingdomna nepi jeung spesiesna téh nyaéta :
- Kingdom : Animalia
- Filum : Chordata
- Kelas : Reptilia
- Ordo : Squamata
- Famili : Acrochordidae
- Genus : Acrochordus
- Spesies : Acrochordus granulatus ataatawa Acrochordus javanicus
- Habitat Acrochordus granulatus
Source: RoundGlass Sustain
Ku alatan habitatna aya dina ekosistem cai, bisa cai tawar, cai payau atawa dina cai asin . Ku sebab éta bisa dipanggihan di lelewek (lokasi) mana baé di Indonesia lantaran habitatna kacida gampil dipikanyaho. Hal éta pisani, oray ieu boga kemampuhan adaptasi anu hadé.
Jadi mun dina tempat garing mah rada hésé dipanggihanana ieu oray téh, lantaran jauh tina cai. Ngeunaan ranté kahakanan mangka spesies ieu asup kana struktur ranté kahakanan dina ekosistem cai.
Panyebaran fauna ieu di Indonesia bisa dipanggihan kalayan gampil ti tungtung wétan nepikeun ka tungtung kulon Indonesia. Taya tempat khusus jeung populasina ogé loba kénéh kacida.
Ciri-Ciri Oray Kadut anu kudu Dipikanyaho
Source: rimbakita.com
Saperti awak oray dina kailharanana, ieu oray mibanda kulit kalayan corak anu khas kacida. Nyaéta corakna siga bentuk geulang anu nyusun. Sedengkeun, warnana ogé rupa-rupa ti mimiti warna konéng, kaemasan, pérak, ogé kacoklatan.
Lamun dicabak kulitna bakal karasa kacida kasar sanajan kulitna éta kanyataanana tipis pisan. Ukuranana teu gedé teuing tapi gerakanana kacida gesit. Kadut bisa ngaloloskeun diri tina predator kalayan gancang pisan pon kitu deui dina moro mangsana.
Oray ieu mampuh ngadeteksi gerakan tina mangsa anu baris dihakanna.
Salian tina kagesitanana, singhoréng sisitna ogé nyaéta bagian tina panyalindunga diri sahingga predator baris hésé ngamangsana alatan sisitna cukup heuras atawa teuas.
Fakta-Fakta Unik Ular Kadut
Nyutat ti University of California, Berkeley
Sigana loba ogé jalma tumanya. Ari oray kadut boga peurah? Atawa dina oray ieu aya racun anu bisa maténi jalma?
Nyatana di satukangeunana ieu kadut mibanda kaunikan sorangan anu ngajadikeunana béda jeung oray anu séjénna, kayaning:
1. Sifat Unik Kadut
Oray kadut jalu jeung bikang béda tur bisa ditingali ku panon kalayan atra.
Kadut jalu mibanda sifat dimorfik seksual jeung awakna boga ukuran leutik. Sedengkeun, kadut bikang ukuranana leuwih gedé. Hal ieu téh sabalikna jeung awak sato lianna anu ilaharna awak jalu leuwih gedé batan bikangna.
Kaunikan séjénna katara dina mangsa moro mangsa nyaéta kadut jalu bakal leuwih aktif morona. Lantaran, kahakanan kadut jalu leuwih loba batan bikangna. Waktu bikangna néangan hakaneun saukur cirekem nungguan jeung ngerekeb mangsana.
2. Teu Mibanda Peurah
Kalolobanana oray cai di Indonesia mibanda peurah. Tapi, béda jeung kadut mah, mangrupakeun oray cai anu teu aya peurahan. Sok sanajan gerakanana gesit, kanyataanana kadut kagolong oray anu borangan tur sieun ku jelema.
Numatak, lamun papanggih jeung oray ieu teu kudu geumpeur atawa sieun anu kaleuleuwihi. Lantaran kadut kaasup kana oray anu teu peurahan jeung teu matak bahya. Di wewengkon séjén mah kadut téh sok dijadikeun kadaharan (kuliner).
Keur nambah kanyaho, hamperu oray kadut téh bisa jadi ubar. Dina ngalumpuhkeun atawa néwak ieu oray cukup maké iteuk atawa rokrak samalah anu séjén mah cukup ku leungeun langsung.
3. Panyebaran di Hindia – Pasifik
Oray ieu kasebar di daerah Hindia – Pasifik. Kiwari, méh sakabéh wewengkon di Hindia – Pasifik bisa manggihan sato ieu. Kawas di Kapuloan Solomin, India, jeung Asia Tenggara loba pisan sumebar habitat ieu oray cai.
4. Dimorfik Seksual
Siga anu geus dicatur di luhur, yén ieu oray mibanda sifat dimorfik seksual hususna dina kadut jalu. Lantaran ku sifatna ieu, mangka ukuranana pastina leuwih leutik dibandingkeun jeung kadut bikang. Na mangsa hayang ngabandingkeun jinis kelaminna ieu mah nyaéta salah sahiji hal anu kudu ditengetan.
5. Kahakananan
Kadut ilaharna ngamangsa lauk laleutik, amphibi leutik, katit reptil. Biasana néangan kahakanan dina cai anu tenang.
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : Ris Bhuwana