Langit angkeub ku pihujaneun. Kang Imat can kénéh datang, padahal wanci geus ampir sareupna. Teu lila ngong adan magrib. Kakara gé rék ngoloyong ka cai, aya nu uluk salam.
“Wa’alaikumussalam,” témbal téh.
Gancang muru panto hareup, terus dibuka. Barang bray dibuka, lalaki kolot kundang iteuk maké kamprét bodas jeung péci kuleuheu keur ngajanteng.
“Geulis, nyungkeun sidekahna. Aki can kararaban sangu saréméh-rémeh acan, Aki kalaparan!” pokna haroshos.
Katempo awakna ngeleper jiga nu keur nahan lapar nu kacida.
Ku kuring gancang disampeurkeun, leungeunna dituyun diajak asup ka jero imah.
“Deudeuh teuing, Aki. Mangga kalebet, Ki!”
“Salaki, Nyai aya?” tanyana bangun nu asa-asa rék asup ka imah.
“Teu aya, Ki, damel teu acan mulih. Biasana mah muhun tos dirorompok wayah kieu téh,” témbal kuring.
“Di dieu wé Akina, ari salaki Nyai teu aya mah,” pokna deui bari ngaleupaskeun leungeun kuring nu keur nuyun.
“Antosan atuh sakedap, Ki, abdi ka lebet heula.”
Gancang kuring asup rék nyokot sangu. Barang muka boboko nu ditutup ku kaén, kuring ngajenghok, inget sangu tinggal sapiring deui keur nyadiaan Kang Imat.
Sakedapan kuring ngahuleng, mun dibikeun ka Si Aki, kumaha Kang Imat. Mun teu dibikeun ka Si Aki, karunya nempo warugana nu ngeleper nahan lapar. Perang Sabil dina haté antara Kang Imat jeung Si Aki.
Ngong sora nu komat ti masjid nyadarkeun lamunan kuring.
Sugan we Kang Imat balik mawa dahareun pikir téh.
Sangu dina boboko di kana piringkeun, aya endog asin sesa isuk sakalian diteundeun na luhur sangu. Gura-giru ka hareup, teu poho cai herang sagelas.
Nepi ka hareup, Si aki keur salat dina teras diamparan sajadah belél nu geus loba soéhna.
Teu karasa aya nu ngeclak tina panon. Sangu diteundeun gigireun Si Aki, gancang ka cai nyokot wudu.
Réngsé salat leungeun Ranggah, ngadunga ka Nu Kawasa ménta kasalametan keur Kang Imat.
Réngsé ngadunga, cengkat terus muru ka hareup. Kasampak Si Aki keur diuk. Sangu can dinanaon kitu deui caina.
“Dituang sanguna, Aki, hapunten teu gaduh nanaon,” cekéng téh bari ngadeukeutkeun sangu ka Si Aki.
“Keur salaki Nyai, aya?” Si Aki kalah nanya.
Rék ngajawab téh bingung ku pijawabeun, da puguh éangu sakitu-kituna téh ancoan keur Kang Imat.
“A, aya, Aki, mangga geura tuang we,” kuring ngabohong.
Haté mah jumerit ka Nu Kawasa geus ngabohong.
“Enya atuh, ku Aki didahar nya,” pokna, deker dahar.
Sajeroning Si Aki dahar, haté mah inget baé ka Kang Imat. Teu karasa cipanon kaluar deui ngalémbéréh mapay pipi.
“Kunaon Nyai ceurik?” tanya Si Aki barang nempo kuring kaluar cipanon.
“Teu aya nanaon, Aki, mung émut ka pun bapa, pami aya kénéh mah panginten sayuswa sareng Aki,” ceuk kuring nyalénggorkeun pananyana.
“Sing sabar jeung tawakal, urang sakabéh bakal maot. Ngan omat salila urang masih kénéh hirup, kudu jejem kana ibadah. Loba tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah. Keur bekel urang ke di ahérat. Nyai sing tuhu ka nu jadi salaki, jurung ku pangdunga mun salaki indit usaha. Tong ngarasula mun salaki teu beubeunangan, komo bari jeung ambek-ambekan mah. Nungtut ménta itu ménta ieu ka salaki nepi ka salaki ngalakukeun usaha nu méngpar tina tetekon sangkan bisa nyumponan paménta pamajikan. Geus nya, Aki rék neruskeun lalampahan, nyungsi mangsa nu bakal disorang. Nuhun Nyai geus haat méré dahar ka Aki,” nyarita kituna téh, ngadeukeutan ka kuring.
“Sawangsulna, Aki, mugi Aki dipaparin kasalametan,” témbal kuring.
“Hampura Aki,” nyarita kituna téh bari ngusap embun-embunan kuring terus ditiup.
Cep, aya hawa tiis nu nyelesep kana sakujur awak. Sanggeus niup embun-embunan, Si Aki indit, leumpang ngulon. Ku kuring diteuteup nepi ka kana teu katempo diteureuy poekna peuting.
Wanci sareureuh budak, Kang Imat kakara datang. Rénghap ranjug jiga nu tas manggih kareuwas, ambekanana ngahégak. Teu buru-buru ditanya, koloyong ka dapur nyokot Cihérang, dibikeun ka manéhna.
Sanggeus rada lélér, kakara kuring nanya.
“Geuning mulihna telat, sareng kunaon jiga nu tos kenging kareuwas?”
Teu langsung ngajawab, regot deui nginum. Ambekanana masih rada kerep. Kakara nyarita waktu késangna tarangna ku kuring disusut.
“Tadi, di tempat nu sepi, jauh ka ditu ka dieu, akang dicegat begal tiluan. Maranéhna maksa Akang mikeun motor jeung duit. Ku Akang teu dibikeun, pan nyaho ieu motor, harta Akang pikeun usaha najan butut-butut ogé. Maranéhna ngahurup Akang. Ngan untung aya aki-aki kundang iteuk nulungan Akang. Bégal nu tiluan bisa dikumpulkeun, terus birat lalumpatan,” Kang Imat nyarita bari pepeta.
“Aki-aki kundang iteuk? Tabuh sabaraha kajantenanana?” kuring reuwas, inget ka aki-aki nu tadi ménta sedekah.
“Pas adan magrib, Nyi,” témbalna.
Sakedapan kuring ngahuleng, asa teu percaya kana naon nu karandapan cikénéh.
“Aya sangu, Nyi, Akang lapar pisan,” ceuk Kang Imat.
Kuring rada ngarénjag, da puguh keur ngahuleng. Buru-buru kuring nyuuh dina lahunanana, sasadu ménta dihampura bari derekdek nyaritakeun kajadian tadi pas magrib.
Kang Imat ngusapan sirah kuring.
“Nya keun waé atuh ari euweuh mah, komo keur tutulung mah,” pokna bari nyusutan cipanon kuring.
“Hapunten Abdi, Kang.”
“Enya, keun waé, Nyi. Akang rék ka cai heula, can salat isa, da magrib mah enggeus najan telat-telat ogé, tadi nyimpang heula ka masjid,” cenah, bari jung nangtung terus muru ka cai.
Kuring masih diuk mikiran nu tas kaalaman tadi.
“Nyi, ari ieu kadaharan ti mana?” Kang Imat nyarita ti dapur.
“Katuangan naon, Kang, da abdi mah teu popolah, badé nyangu deui gé, tos teu aya béas,” kuring ngajawab bari nyampeurkeun ka dapur.
Nepi ka dapur, Kang Imat keur nyanghareupan méja nu pinuh ku kadaharan nu ngarareunah. Sangu ‘na boboko haneut kénéh, kitu deui deungeun sanguna masih ngarebul kénéh.
Kuring ngahuleng teu ngarti. Kang Imat kalah neuteup ka kuring jiga nu ménta jawaban.
Keur pating haruleng, ngong, aya sora tan katingalan.
“Sok, dalahar ku hidep. Éta balesan keur jalma nu daék tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah bari jeung iklas. Keur Allah, teu susah pikeun némbongkeun Kawasana.”(*)
Kang Dudy