Barudak KiwariMotekar

Nurutkeun Psikolog, Ieu 5 Kalimah Pamuka Paguneman anu Saukur Diucapkeun Jalma Percaya Diri

Nurutkeun Psikolog, Ieu 5 Kalimah Pamuka Paguneman anu Saukur Diucapkeun Jalma Percaya Diri /Foto: Freepik

Kiwari.co.id – Meureun kadéngéna siga saderhana, tapi ngamimitian paguneman bisa karasa kawas pajoangan anu beurat kacida pikeun sabagian jalma. Utamana nalika Anjeun ngarasa teu cukup percaya diri pikeun dialog jeung jalma anyar.

Tapi, kungsi teu anjeun nengetan kumaha sababaraha urang jalma bisa kalayan gampang ngamimitian paguneman? Sababaraha jalma bisa asup kana rohangan tur kalayan gampang muka paguneman ku cara anu narik tur boga makna.

Panasaran naon baé kalimah pamuka paguneman anu paling ampuh jeung remen digunakeun jalma anu percaya diri pikeun ngamimitian padungdengan (diskusi)? Ieu conto ungkapan nurutkeun psikolog!

Abdi nembéan terang yén…

Dicutat ti Global English Editing, salah sahiji pamuka paguneman anu paling remen digunakeun ku jalma anu percaya diri nyaéta, “Kakara Abdi mah terang yén….” Kalimah ieu mangrupakeun cara anu hadé pikeun babagi pangaweruh tur micu rasa hayang nyaho lawan cacarita.

Ungkaban ieu ogé bisa ngahadirkeun diskusi narik ngeunaan hiji hal.

Sakur pangaweruh anu ku anjeun bagikeun mibanda kontribusi kana obrolan anu leuwih lega. Ku kituna ngabagikeun hiji hal anu kakara ku anjeun diulik, anjeun teu saukur ngadidik jalma lian, tapi ogé mupuk kacintaan pikeun diajar.

Ku kituna, ulah pisan nahan diri nalika anjeun ngulik hiji perkara anu anyar. Anjeun bisa ngungkabkeunana pikeun muka paguneman jeung jalma lian, Wargi Kiwari.

Kumaha parasaan anjeun?

Pamuka paguneman paling ampuh anu bisa anjeun gunakeun nyaéta nanyakeun parasaan lawan cacarita. Patalékan ieu teu sakadar obrolan énténg, tapi bisa jadi jalan pikeun neuleuman emosi jeung pangalaman pribadi hiji jalma. Ieu nunjukkeun yén anjeun bener-bener katarik kana sudut pandang jeung parasaan jalma lian.

Ku nanyakeun parasaan hiji jalma, anjeun nyiptakeun rohang aman pikeun maranéhna sangkan ngaekspresikeun diri tanpa ngahakiman. Satuluyna, ieu bisa ngarah kana hubungan anu leuwih jero jeung paguneman anu leuwih mibanda makna.

Kantos teu Anjeun Nguping Ngeunaan….

Saban jalma anu percaya diri tangtu mipaham yén pangaweruh nyaéta kakuatan enggoning paguneman. Jalma anu percaya diri mibanda kamampuhan pikeun ngalibetkeun jalma lain dina diskusi anu ngandung makna. Maranéhna baris ngamimitian ku nanyakeun topik anu tangtu.

Pamuka paguneman siga kieu teu saukur nunjukkeun pangaweruh anjeun, tapi ogé ajakan kabuka pikeun tuluy cacarita. Ieu ogé bisa ngajadikeun jalma lian pikeun babagi pamikiran atawa ngulik pangaweruh anu anyar.

Abdi Meryogikeun Saran Anjeun Ngeunaan….

Saban jalma tangtu mibanda waktu nalika dirina ngarasa mangmang (ragu) jeung ngabutuhkeun saran ti jalma lian. Teu nanaon pikeun ngaku hal ieu, Wargi Kiwari. Jalma anu percaya diri ogé mipaham hal ieu jeung teu sieun pikeun nunjukkeun kapaur.

Salah sahiji pamuka paguneman anu bisa méré anjeun solusi nyaéta ku ngucapkeun, “Abdi pertogi saran anjeun ngeunaan….” Ungkaban ieu teu saukur bisa ngamimitian paguneman, tapi ogé minangka pamuka panto pikeun silih pikaharti jeung silih hormat.

Ménta kamandang atawa papagah ti jalma séjén nyaéta cara ampuh pikeun ngalibetkeun hiji jalma nalika urang ngarasa mangmang. Ieu bisa nunjukkeun anjeun ngajénan pamanggih tur mercaya paniléan jalma lian.

Nurutkeun psikolog Albert Bandura, hiji jalma perelu rasa efikasi diri tur daék bajoang babarengan kana katahanan pikeun nyanghareupan harungan sangkan sukses. Ku ménta papagah, anjeun geus ngaku pajoangan anu aya jeung ogé nunjukkeun katahanan ku néangan solusi.

Abdi Teu Satuju ka Anjeun Ngeunaan….

Sanajan katara konfrontatif, ungkaban siga kieu nunjukkeun yén pasalia paham baris salilana aya. Jalma anu percaya diri tangtu mipaham yén béda pamanggih anu séhat bisa muka jalan pikeun diskusi jeung pamahaman anu leuwih jero.

Ieu lain saukur ngeunaan ngamimitian hiji argumen, tapi pikeun ngungkabkeun sudut pandang anu béda. Ungkaban ieu bisa ngondang jalma lian pikeun ngungkabkeun pamikiranana jeung kalibet dina dialog anu ngandung makna.

Pikeun nepikeun rasa teu satuju, pastikeun anjeun tetep maké sikep hormat tur boga pikiran kabuka dina paguneman. Anjeun teu perelu ngabuktikeun saha anu bener atawa salah. Anjeun saukur kudu paham sudut pandang anu béda pikeun pamahaman anu leuwih hadé tina jejer (topik) anu keur dipedar.

 

Kontributor: Agus Rohmat

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *