Sangkan Pertamina nunda saheula anan éta kawijakan.
Ngamprah, Kiwari.co.id – Ku dilumakukeunana kawijakan pamaréntah puseur kakait pangluyuan katangtuan pangdistribusian LPG 3 kg di sub panyaluran per 1 Pebruari 2025, ngabalukarkeun Si tabung héjo éta ngarandapan langkana di lapangan.
Imas (36), salah saurang ibu rumah tangga warga Batujajar Kacamatan Batujajar, Kabupatén Bandung Barat (KBB) mah ngangluh héséna meunang Si Mélon éta.
Mun seug aya ogé, hargana ngajaul tina galibna.
“Biasanya saya beli di warung cuma Rp20.000, tiga hari lalu harganya naik jadi Rp28.000. Terpaksa saya beli, karena emang kita butuh. Itupun saya dapat sesudah berkeling-keliling,” ungkabna Imas, rumahuh.
Angluhan Imas téh, lain saukur hiji-jijina anu diungkabkeun konsumen pangguna tabung gas warna héjo mélon éta. Réa deui warga Bandung Barat ngangluhkeun sarupa kitu ngeunaan kalangkaan barang anu kacida dibutuhkeunana ku masyarakat éta.
Misikap kaayaan kitu, Kapala Dinas Perindustrian jeung Perdagangan (Disperindag) KBB, Ricky Riyadi mertélakeun lamun kalangkaan éta téh mangrupakeun dampak tina surat édaran Direktorat Jenderal Minyak jeung Gas Bumi Nomor B.570/MG.05/DJM/2025 dina 20 Januari 2025.
Dina surat édaran éta téh ceuk Ricky mah, kaitung 1 Pebruari 2025, panyaluran LPG tabung 3 kg ku Sub Panyalur/ Pangkalan LPG 3 kg téh saukur meunang disalurkeun ka pangguna langsung.
“Biasanya menyalurkan ke warung-warung, kini sudah tidak bisa ke pengecer. Jadi memang bukan kelangkaan sebetulnya. Masalahnya, (konsumen) harus (beli) ke pangkalan,” pokna mangsa ditalék Senén (3/2/2025).
Ku kituna, pihakna téh baris ngajukeun pameredih ka PT Pertamina pikeun nunda saheula anan éta kawijakan, saméméh jumlah pangkalan sumebar kalayan rata.
Salila ieu mah sambung Ricky, ayana pangkalan di wewengkon hiji jeung lianna téh béda-béda. Utamana mah di wewengkon anu mencil hontalanana ka konsumen leuwih jauh, sahingga diperelukan pangkalan anu ngadeukeutkeun ka konsumen.
“Dengan situasi ini, saya akan mengajukan permohonan kepada Pertamina agar menunda dulu kebijakan itu. Kita akan bersurat mengajukan permohonan agar keberadaan pangkalan lebih merata lagi,” ungkabna.
Sekretaris Disperindag KBB, Rakhmat Suryadji mah nyebutkeun jumlah agen LPG 3 kg di wilayah Bandung Barat mangsa ieu saukur 41 agén.
Satuluyna ti agén téh didistribusikeun ka 1.033 pangkalan anu kasebar di 16 Kacamatan di 165 désa.
“Alokasi tabung gas elpiji untuk wilayah KBB tahun 2024 saja sebanyak 16.895.667 tabung. Itu untuk disebarkan ke 41 pangkalan,” pokna.
Ropéa basa: Agus Rohmat