Nyuprih Berkah

Bumi téh fasilitas, kitu dawuhan Alloh dina surat 67 Al Mulku ayat 15:

هُوَ الَّذِيْ جَعَلَ لَكُمُ الْاَرْضَ ذَلُوْلًا فَامْشُوْا فِيْ مَنَاكِبِهَا وَكُلُوْا مِنْ رِّزْقِهٖۗ وَاِلَيْهِ النُّشُوْرُ

  1. Mantenna anu ngadamel bumi minangka fasilitas pikeun aranjeun, prak asruk di suklak-siklukna jeung dalahar tina sawaréhna anu dirijkikeun, jeung ka Mantenna aranjeun bakal baralik.

Sok asruk, aya emas tugar, aya batu bara taékkeun, aya minyak sedot. Kaci? Tangtu waé kaci numatak aya zakat tambang ogé. Aya tangkal anu cukup umur, tuar, malaur diantep hayoh runtuh sorangan. Di gunung mah tangkal runtuh bis ngabendung cai anu kalilanakeun bisa ngadatangkeun caah déndéng. Meunang kitu nuar kai? Meunang asal daék melakan deui. Urut tambang direklamasi urut ngababad leuweung direboisasi. Jeung sakali deui kadé poho zakat jeung shodaqohna supaya berkah keur sararéa.

Ceuk itungan nominal, kacida lega leuweung anu dibabad, nu gedé dijieun bahan bangunan nu leutik dijieun keretas. Kacida loba Emas, tambaga, beusi, almuniem jeung mineral séjénna kaasup bubuk batu jeung keusik anu diala. Nya kitu deui minyak jeung gas. Ceuk ijiran mah éta barang téh mahi keur ngabiayaan dahar, diajar jeung uubar rahayat, teu kudu nepikeun ka aya nu lapar, sakola kabolér nu gering bangkar. Tapi kulantaran teu tapis dina manajemen sumber daya alam jeung aya jalma anu kadedemes, jadi waé ukur saeutik anu ngasaan rijki tina hasil eksplorasi jeung eksploitasi alam.

Ulah ngobrol Tambang Freeport, pangalaan keusik di lembur waé anu nampeu naha berek ngundakkeun kama’muran urang lembur? Padahal kagandéngan, kakebulan jeung kaeundeurkeun.

Pirijkieun di bumi kacida jembar, eksplorasi jeung eksploitasi di luhur mah heuseus keur anu boga kakawasaan, boh kawasa dina régulasi atawa dina ngutak-ngatik waragad. Keur urang-urang paling banter ngurus tatanén jeung ingon-ingon.

Saenyana panto pirijkieun kawuwuh berkahna lain ukur di darat jeung di laut tapi ogé di langit. Alloh ngadawuh di Quran Surat ka 7 Al Arof ayat 96:

مِّنَ بَرَكٰتٍ عَلَيْهِمْ لَفَتَحْنَا وَاتَّقَوْا اٰمَنُوْاالْقُرٰٓى اَهْلَ اَنَّ وَلَوْ

السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِ وَلٰكِنْ كَذَّبُوْا فَاَخَذْنٰهُمْ بِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ

  1. Lamun seug anu ngageugeuh désa-désa ariman tur tarakwa, mangka ku Kami baris dibukakeun berkah ti langit jeung ti bumi, tapi tétéla nganggap bohong (kana ieu informasi) Nya ku Kami ditiban siksa wawales kana pamolah arinyana.

Berkah ti bumi kudu dieksplorasi jeung dieksploitasi. Contona Cai, lamun ti wahangan kudu daék mendet atawa ngabendung; ti daratan kudu daék ngali sumur atawa nyieun kompa panyedot. Ti langit mah kari nandéan. Malah usum hujan mah hasil nandéan dibotolan terus dijual keur ngeusian aki mobil.

Bubuara badarat atawa balayar butuh waktu anu lila, jalan langit mah, Bandung Singapur ukur 95 menit. Berkah ti langit mah modalna teu pati gedé. Contona waé Panon poé, bisa jadi tanaga listrik jsb, nya kitu deui angin. Panto berkah Alloh ti langit anu leuwih leutik modalna tapi gedé hasilna nyaéta frekuensi atawa sinyal. Di darat mah ngirim surat kudu naék motor, mobil malah kapal. Paling sakeudeung sapoé nepina. Maké berkah langit mah, ngirim buku sarébu kaca maké WA, Surat Elektronik jeung média internét séjénna ukur itungan detik. Berkah mangrupa sinyal frekuensi anu kaungkab tétéla mangpaat kacida. Mangpaat sosial (benefit) gedé nya kitu deui mangpaat komersial (profit)

Kahareup mudah-mudahan anu bisa ngungkab berkah ti langit téh ahlal quro seuweu urang, ayeuna anu katingali ngokolakeunana berkah ti langit karék ahlal Korea. Di Urang Telkomsel dagang pulsa urang lembur ngécérkeun.

Kahareup hasil eksploitasi alam teu ukur nominalna, Minyak sakitu juta barel, gas sakitu juta setara barel, batu bara sakitu juta kubik, jeung sajabana. Tapi ogé karasa mangpaatna keur masarakat.

Mugia Alloh masihan hidayah ka urang sadaya supaya kajembaran ekonomi walatra kawuwuh berkah.

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan