Cianjur, Kiwari.co.id – Mangsa liburan panjang lelewek Mesjid Agung jeung Alun-alun Cianjur téh dipinuhan rébuan padeugdeug ti sababaraha daérah ti saprak minggu mangkukna. Dina mangsa mungkas momentum liburan éta, ieu lelewek alun puseur dayeuh Cianjur téh dijadikeun destinasi favorit keur kulawarga anu hayang minikmat mangsa babarengan. Pasalna mah, rupa-rupa fasilitas kayaning taman arulin barudak, aréa olahraga, jeung spot foto anu instagramable jadi daya tarik utama keur maranéhna.
Ieu momentum liburan sakola téh salain warga lokal, wisatawan ti Sukabumi, Bogor, nepi ka Bandung ogé milu minuhan lelewek Alun-Alun Cianjur. Samalah kahadiran padagang kaki lima anu nawarkeun kuliner khas Cianjur, kayaning saté maranggi jeung jajanan tradisional ogé mingkin ngaramékeun kaayaan.
Raména pajugjug di Alun-Alun Cianjur téh teu saukur mawa kabagjaan keur para wisatawan tapi méré dampak positif ogé pikeun parékonomian lokal. Para padagang jeung palaku UMKM di sabudeureun lelewek milu ngarasakeun manfaat tina ngaronjatna jumlah wisatawan.
Ku momen liburan anu baris mungkas téh, Alun-Alun Cianjur diprediksi bakal terus ramé nepika akhir pekan ieu, nguatkeun posisina minangka salah sahiji destinasi wisata unggulan di wilayah Jawa Barat (Jabar).
Salah saurang warga Sukabumi, Sindi Nessa, ngaku mun dirina reujeung babaturan katut guruna ngahaja anjog ka Alun-Alun Cianjur pikeun méakeun poé mungkasna mangsa liburanana. Inyana reujeung babaturanana milih ngagunakeun karéta api minangka moda transportasi ngajugjug lelewek alun-laun ini.
”Ini merupakan yang pertama kali saya datang ke sini. Kalau teman-teman mungkin sudah ada yang pernah. Kami memilih untuk berkunjung ke Cianjur karena dekat, tempatnya bagus, unik, dan perjalanannya menyenangkan,” ceuk Sindi ka wartawan Ahad (5/1/2025).
Nurutkeun inyana, kawasan Alun-Alun Cianjur mah réa mibanda spot foto anu instagramable sahingga momen liburan mangsa ieu mah pinuh katineung.
“Memang tempatnya bagus banget, luas, dan banyak spot foto menarik. Liburan ini jadi pengalaman yang tak terlupakan,” tuluyna.
Sarua jeung anu diungkabkeun ku Nénéng Iceu, wisatawan asal Bandung anu anjog reujeung kulawarga gedéna. Nurutkeun inyana, Alun-Alun Cianjur téh tayalian tempat anu genah keur liburan kulawarga, utamana keur barudak mah.
“Moment liburan sekolah kali ini kami manfaatkan untuk mengajak anak-anak bermain. Selain murah meriah, tempatnya sangat nyaman untuk keluarga,” ceuk Iceu.
Iceu ngaku mun dongdonanana ka alun –alun Cianjur éta téh, mangrupakeun anu kadua kalina.
“Ini kedua kali saya ke Alun-Alun Cianjur. Anak-anak sangat senang bermain di sini. Tempatnya luas, bersih, dan ramah keluarga,” pungkasna.
Ropéa basa: Agus Rohmat