Wakil Pupuhu DPRD KBB, Ayi Sudrajat miharep ku ayana panetepan AKD anu anyar méré sumanget anu anyar ogé.
Inyana ngajéntrékeun, parobahan AKD ieu luyu jeung Tata Tartib (Tatib) anu dilakukeun 2,5 taun lalampahan DPRD.
“Sumuhun margina di tatib urang pikeun ieu AKD tiasa robih dina 2 taun satengah tiasa dirobih,” pokna, Juma’ah (25/3).
Inyana nambahkeun, salahsahiji parubahan susunan AKD itu kajadian di Komisi I nyaéta Wendi Sukmawijaya digantikeun ku politisi asal Golkar (Sunarya).
“Tah éta dilakukeun luyu sareng tatib anu aya di urang, pami proses teu patos seueur, nya mung 2-3 urang ngalih deui,” pokna deui.
“Tangtosna ieu demi kamajengan masarakat Kabupatén Bandung Barat,” pungkasna.
Di handap ieu ngaran-ngaran AKD Sanggeusna Parobahan
Ketua Komisi I : H Sunarya Erawan, S.IP
Wakil Ketua : Pither Tjuandys, S.IP
Sekertaris : Ahmad Dahlan, S. Sos, M.PS.I
Ketua Komisi II : Ir Sundaya, M.M
Wakil Ketua : Dadan Supardan. S.PS.I
Sekertaris : Yana Rosiana
Ketua Komisi III : Iwan Ridwan, S.E
Wakil Ketua : Dona Ahmad Muharam
Sekertaris : Gumilar, S.IP
Ketua Komisi IV : Bagja Setiawan, S.Sy.M.M
Wakil Ketua : Amung Ma’mur, S.Ag.M.H
Sekertaris : Asep Sudrajat, S.Kom, M.M