Pasosoré, mangsa Hamid réngsé mandi satutasna mulang ti pagawéan. Gék diuk, gap kana handphone, bari nyuruput cikopi, diuk na bangku hareupeun imahna.
Klik, ngahurungkeun data selulérna. Bray kana pacebook. Kling, béwara dina kotak notipikasi ménta pacantél, laju dibuka, dipapay hiji-hiji. Diantara mangratus anu hayang pacantél, aya hiji anu sreg matak panasaran kana haté. Bray dibuka. Kemuning, hiji ngaran wanoja handapeun poto profil rupa wanoja geulis, imut kareueut mapaésan biwir beureum dilengkepan ku teuteup panonna anu cureuleuk matak nineung. Sakedapan Hamid niténan poto éta wanoja.
“Geulis ogé,” gerentes haténa. Ramona turun naék mapayan poto-poto na galery jeung status di buruan akun Kemuning nu geulis rancunit.
“Kompir ah,” Aya rasa anu nyiriwik na urat nadi, mapay niruk jajantung, nganteurkeun curukna klik kompir tanggapan ménta pertemanan Si Wanoja.
Poé ganti, sakumaha ilaharna, Hamid ngapungkeun carpon di greup kameumeutna. Teu kungsi lila. Klung, sora bél notip. Laju dibuka.
“Éh, geuning nu geulis kamari kakara dikompir téa,”gerentes Hamid, kateuing ku naon aya rasa bungah anu béda ti sasari mangsa pedaranana dipisuka jeung dipairan téh. Haget dibales dina rohangan balesan
“Alhamdulillah, hatur nuhun Tétéh!” Pung, balesan ngabelesat, malesan pairan Kemuning anu nyebut tegep kana pedaran Hamid.
Ray poé, ray poé, nincak poé katilu, pairan angot layeut, sempal guyon gogonjakan, diémbohan emot panon écéngan.
Dina hiji peuting anu ngagayuh ka sareureuh budak, Hamid ngajentul kalan-kalan ngenyot ududna. Haseup ngelun ka luhur, ngaléok katiup angin peuting anu tiis. Ras inget ka Kamuning, wanoja anu anyar wawuh dina facebook.
“Keur naon nya ayeuna Kemuning?” gerentes haté ngajurung ramona muka buruan facebook. Bray, status Kemuning anu geulis ngaliwat. Klik dipisuka, laju mairan.
“Wilujeng wengi, Tétéh!” Diémbohan emot dampal leungeun dirangkepkeun. Pleng, Nu Geulis taya males pairan.
“Ka mana nya?” Pikir Hamid pinuh tanda tanya, niténan status aktif Kemuning.
“Tuh da aktif, tapi ka mana nya?” Kapanasaran Hamid ngajurung muka mesengerna, bréh di luhur poto profil Kemuning hurung, tuluy dibuka.
“Assalamu a’laikum, wilujeng wengi Tétéh!” Pung, mesengger hiber. Cling, pelentung balon PP Kemuning.
“Wilujeng wengi deui Ang!” balesan Kemuning.
“Punten, Tétéh linggih di mana?” Nyoba-nyoba maluruh padumukan Kemuning anu geulis.
Menit-menit tuluy nyérélék, menit ganti jam, sajam, dua jam, tilu jam. Balesan taya mucunghul. Peuting beuki jempling.
“Geus aah isukan deui, geus saré meureun matak teu males gé,” Hamid ngoloyong ka enggon, handphone ditunda luhureun méja sisi risbang.
Cag
Ku : Agus Rohmat S (Ris Bhuwana)