Bandung, Kiwari.co.id – Kabupatén Bandung. Mibanda kaéndahan alamna anu matak kasengsrem, salah sahijina nyaéta Wisata Puncak Bintang Lembang, objek wisata ieu jadi destinasi favorit pikeun pacinta alam jeung wisatawan anu hayang minikmat ketenangan.
Pikeun nambah langabetah anu ngadongdon Objek wisata puncak Bintang ieu, kiwari geus dibuka Objek destinasi anyar nyaéta Cafe Bintang di Wana Wisata Puncak Bintang, Lembang, Kabupatén Bandung anu diresmikeun langsung ku Direktur Utama Perhutani Alam Wisata Risorsis, Tedy Sumarto.
“Kehadiran cafe ini tidak hanya menambah kenyamanan wisatawan, tetapi juga memperkuat daya tarik Wana Wisata Puncak Bintang sebagai destinasi wisata unggulan di Jawa Barat,” pokna, Kemis (19/12/2024).
Tedy Sumarto nyaritakeun destinasi ieu dirancang minangka tempat pikeun padeugdeug anu hayang minikmat kuliner reujeung suasana anu unik.
“Tempat ini kami hadirkan untuk memadukan keindahan alam dengan pengalaman kuliner, sekaligus memberdayakan masyarakat lokal,” pokna.
Perenahna dina lokasi strategis di luhureun 1.442 mdpl, destinasi ieu nawarkeun pangalaman barangdahar anu moal bisa kapopohokeun kalawan latar panorama alam anu matak hookeun. Merenah di luhur Puncak Bintang, kafe ieu nyuguhkeun pamandangan leuweung pines anu asri, amparan pagunungan héjo, nepi ka baranangna lampu dayeuh Bandung anu nyarupaan bintang dina wanci peuting. Suasana anu tengtrem jeung hawa seger khas dataran luhur ngajadikeun saban momen jadi leuwih istimewa. Salian minikmat sajian di cafe, aya ogé Korean Glamping anu méré hiji hal anu unik pikeun para padeugdeug wisata. Nanggeuy konsép ténda méwah gaya Korea, ieu glamping madukeun katumaninahan modern jeung desain eco friendly.
Saban ténda dilengkepan fasilitas lengkeo, kaasup tempat saré genaheun, area nyalsé tur dekorasi khas anu méré pangalaman mondok eksklusif di satengahing kaéndahan alam.
“Kami ingin memberikan pengalaman wisata yang lengkap bagi para pengunjung. Tidak hanya kuliner, tetapi juga kesempatan untuk merasakan keindahan alam Puncak Bintang dari siang hingga malam hari,” jéntréna Tedy.
Minangka bagian tina upaya pangberdayaan masyarakat satempat, pangokolaan operasional cafe jeung fasilitas di Puncak Bintang ngalibetkeun masyarakat sabudeureun. Teu saukur éta baé, panggunaan bahan baku ti patani lokal sarta tanaga gawé urang dinya ogé jadi léngkah konkret Econique dina ngarojong parékonomian wewengkon Lembang jeung sabudeureunana.
Wana Wisata Puncak Bintang salila ieu dipiwanoh minangka destinasi favorit pikeun pacinta alam, sok komo deui ti dinya ku ayana pangembangan wisata mangrupa cafe, jalur trekking, camping ground, jeing panorama alam anu pikatajieun. Kawasan ieu nawarkeun rupa-rupa aktivitas anu narik bagi wisatawan tur ngajadikeun Wana Wisata Puncak Bintang minangka tempat anu ideal pikeun wisata kulawarga atawa komunitas.
Ropéa basa: Agus Rohmat