Petengna Wiati Lembang 100 Taun Kalarung, Alesan Bosscha Ngadeg

Lembang, Kiwari.co.id — Baréto mah wewengkon Lembang, Bandung Barat téh, mibanda kaayaan wiati peuting anu peteng poék meredong tanpa polusi cahya. Ieu pisan alesan Observatorium Bosscha diadegkeun di dinya leuwih ti saabad kalarung.
Observatorium Bosscha, anu baréto sohor minangka Bosscha Sterrenwacht, diwangun tina inisiasi Karel Albert Rudolf (K.A.R.) Bosscha.

Dibantu ku dulurna, R.A. Kerkhoven katut saurang astronom Hindia Belanda, Joan George Erardus Gijsbertus Voûte, Bosscha ngumpulkeun balaréa pikeun ngabentuk pakumpulan anu baris ngaréalilasikeun ide pangwangunan observatorium.

Dina mangsa gempungan di Hotel Homann Bandung, 12 September 1920, kabentuk wéh Perhimpunan Astronomi Hindia Belanda (Nederlandsch-Indische Sterrenkundige Vereniging/NISV).

Tujuanana écés, “ngadegkeun tur miara hiji observatorium astronomi di Hindia Belanda, katut ngamajukeun élmu astronomi”.

Karel Bosscha sayagi jadi panangkes waragad utama tur jangji baris méré bantuan pameulian toropong béntang.

“Sebagai penghargaan atas jasa K.A.R. Bosscha dalam pembangunan observatorium ini, maka nama Bosscha diabadikan sebagai nama observatorium ini. Observatorium Bosscha diresmikan pada 1 Januari 1923,” kitu kauni panétélaan Bosscha dina situsna.

Kiwari saabad ti harita, Bosscha beuki kacemar ku polusi cahaya ti pakotaan. Per Saptu (13/7), lampu anu nyorot ka langit, anu nurutkeun netizen asalna ti pasar malam di wewengkon Geger Kalong, Bandung, ‘ngalolongkeun’ teleskop Bosscha.

Naha Bosscha kudu ngadegkeun observatorium éta di Lembang mun seug ayeuna ditéror cahya kota?

Dua pakar ti Institut Teknologi Bandung, nyaéta Hendra Agus Prastyo dan Dhani Herdiwijaya, ngungkabkeun alesan pamilihan Lembang minangka lokasi éta observatorium.

“Pada awal pendirian Observatorium Bosscha, Lembang dipilih menjadi lokasi observatorium karena pada waktu itu, Lembang merupakan kawasan perbukitan yang dikelilingi oleh perkebunan teh dan memiliki langit malam yang gelap, sehingga ideal untuk pengamatan astronomi,” catur maranéhna, dina makalah ‘Analisis Dinamika Polusi Cahaya di Sekitar Observatorium Bosscha Berdasarkan Citra Satelit VIIRS-DNB’ (2018).

“Selain itu, lokasi Observatorium Bosscha merupakan lokasi yang strategis karena mencakup sebagian besar area langit utara dan selatan, mengingat hanya sedikit observatorium-observatorium di dunia yang berada di wilayah khatulistiwa.”

Hendra jeung Dhani satuluyna nyebutkeun kondisi langit peuting éta beuki parna seriring pangwangunan kota, sahenteuna ti mimiti ahir 1980-an.

“Kondisi langit malam di Observatorium Bosscha mengalami penurunan. Hal ini dikarenakan adanya perkembangan kota-kota di sekitar Observatorium Bosscha, yaitu Kota Lembang dan Kota Bandung,” ceuk maranéhna.

Kamekaran éta dayeuh-dayeuh ngabalukarkeun parobahan panggunaan lahan di sabudeureun Observatorium Bosscha, nyaéta Wewengkon Bandung Utara ti wewengkon leuweung, pakebonan, jeung paternakan, jjadi wewengkon lahan kawangun (pamukiman jeung pahotelan).

Wewengkon pamukiman jeung hotel ieu mingkin ngalegaan jeung ngajadikeun panggunaan cahaya artifisal pikeun panyaang dina wanci peuting mingkin masif. Efekna, observatorium beuki kaganggu.

“Peningkatan jumlah cahaya artifisal untuk penerangan di malam hari tersebut menyebabkan polusi cahaya dan menghasilkan kubah cahaya di atas kota-kota sekitar Observatorium Bosscha,” jéntréaa para panulis.

Batas kawasan
Mémang, pamaréntah geus méré saeutik regulasi pikeun nangtayungan observatorium anu operasionalna aya di bawah Fakultas Matematika jeung Ilmu Pengetahuan Alam ITB éta.

Ieu dua paraturan anu kalayan eksplisit ngaguratkeun Observatorium Bosscha minangka wewengkon jeung institusi anu perelu dilindungan fisik pon kitu deui fungsina:

Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat No. 2 Taun 2016 ngeunaan Pedoman Pengendalian Kawasan Bandung Utara Sebagai Kawasan Strategis Provinsi Jawa Barat.
Peraturan Presiden Republik Indonesia No. 45 Taun 2018 ngeunaan Rencana Tata Ruang Kawasan Perkotaan Cekungan Bandung.

Tapi, aturan ieu saukur boga kawatesan dina hal radius ‘kepungan’ pamukiman kana observatorium.

Perda No. 2 Taun 2016, umpana, méré pangwatesan jinis lampu anu digunakeun pikeun panyaang luar, lampu hias, atawa lampu iklan, jeung nuliskeun kawajiban pikeun nyalindungan lampu-lampu luar sangkan teu nyebar ka langit.

Masalahna, zonasi Observatorium Bosscha, anu jadi wilayah éta pangwatesan, ngan saukur tina zona inti jeung zona kalawan radius 2,5 km ti observatorium.

Larangan pangadegan imah susun, parumahan, jeung wangunan jangkung ogé saukur diterapkeun dina radius 1 km ti Observatorium Bosscha.

Samentara, nurutkeun panalungtikan Hendra jeung Dhani éta, Bosscha geus ngarandapan ‘kalumpuhan’ akibat peningkatan luas polusi cahaya kategori sedeng jeung luhur ti arah kidul, nyaéta dayeuh Bandung.

Bosscha sorangan biga jarak sakitar 15 km ti wilayah puseur dayeuh Bandung.

“Langit malam pada arah azimuth 90-270 derajat di Observatorium Bosscha relatif sudah tidak ideal sebagai lokasi pengamatan objek-objek astronomi,” ceuk panaliti.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan