Peuting Anu Harengheng

 

Sebruut, kolényay, jalma nu diteregos nyebrut narajang ngaheumbatkeun bedogna, seuseukeutna nu hèrang katojo cahya bulan sapotong ngagurilap, matak nyebèrkeun wawanèn lawan.
Des, Aki Sanip ngabendung serangan ku nenggelkeun pigeulang leungeun katuhuna kana tonggong leungeun Si Teregos.
Tap, guriwel, pigeulang leungeun Si Teregos dicerek Aki Sanip, leungeun kénca nanggeuy siku lawan, laju ditongtak ka tukang semu méyékéh, gedug, siku Aki Sanip nenggel kana iga burung Si Teregos.
Deess, “Heueu” Si Teregos ngaheunggeu, koloyoong awakna limbung nolonjong laju titotog, bru rubuh kana dapuran cau sisi kebon.
“Haauugh, Gobloog, kurang ajar, Aki-aki téh!” Kadéngé Si Teregos ngagantawang kutuk gendeng, leungeun kénca nyepeng iga burungna nu karasa seueul.
Jarégjég nangtung laju masang kuda-kuda, bedog panjangna nojo ka hareup.
Pon kitu deui Aki Sanip, sanggeus notogkeun Si Teregos, terus masang kuda-kuda, ngadagoan panarajang lawan.
“Tadah yeuh serangan aing kurang ajar!” Si Teregos ngajorowok, ngaheumbatkeun bedogna nu di arah sirah lawan.
Leep, Aki Sanip ngalelepkeun sirahna, kulawit bedog notog ka handap, nyusul tepus ngadék taktak.
Sreet, Aki Sanip ngagésérkeun suku kèncana, peureup katuhu mapag pigeulang lawan, Dees, nenggel pisan, cleeng bedod Si Teregos ngacleng kana rungkun.
Bareng jeung éta, Aki sanip nguliwed ka satukangeun lawanna, jekuuk, suku jébragna dijejekeun kana tétépokan lawan, bangkieung, tolonjoong, Si Teregos limbung.
Aki Sanip teu eureun nepikeun ka dinya, kalayan sakilat pisan ngaheumbatkeun dampal leungeunna nu mébèr nyangigir,, bari luncat ngahantem puhu ceuli Si Teregos.
Dees ” Aaagghhh” Si Teregos ngowowong, bru rubuh ngarumpak dapuran kaso.
Sebrut Aki Sanip nyusul tepus, geduk, tuurna keuna kana tonggong Si Teregos, laju didedetkeun jeung ditindihan, leungeunna dicerek terus digencét dina tonggongna.
“Sok siah, rék hojaah deui haah?” Aki Sanip nyentak.
“Ka mana tadi lumpatna euy, mangkluk téh?”.
“Ka kalér euy, ka kalér!”.
“Udag, udag, tong sina lolos euy!”.
Sora jalma patingjorowok pating corowok, kadéngé séah bari pating gareblig lalumpatan, patinggorobas nembus rurungkunan meulah poékna peutung nu ukur dicaangan ku cahya bulan sapotong.
“Ieu yeuh di dieu!” Aki Sanip nyelengkeung ti sisi huma palebah léngkob.
Suku jalma-jalma urang lembur pating gareblig marengan patingronghéapna beungeut-beungeut napsu jeung napas patingharégak urang lembur nu anjog ka palebah dinya, bari marawa pakarang sabogana-sabogana.
“Lakadalaah, geuning geus dicerek ku Aki Sanip!”.
“Enya, sukur wé atuh Ki!” Patèmbalanna jalma saur manuk.
“Yeuh ayeuna mah bawa ka Balédésa wé, Apung!” Aki sanip nyarita ka Apung nu kakarèk ronghéap.
“Muhun Aki, hayooh barudak urang arak Si Durjana purah babadog rarampog téh!” Apung ngahucuhkeun, ngagiringkeun Si Teregos anu geus meunang nalikung, dituturkeun ku urang lembur muru Balédésa.
Bulan anteng nyérangkeun ti langit dina peuting nu harénghéng mangsa harita.

Cag

 

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan