Profil I Nyoman Nuarta, Arsitektur Istana Garuda IKN anu Disebut Siga Lalay

Kiwari.co.id – Istana Garuda Ibu Kota Negara (IKN) Nusantara ramé dikritik netizen. Pasalna, modél arsitektur istana éta disebut nyarupaan lalay lantaran boga warna coklat poék anu condong nimbulkeun katarana surem.

Salah sahiji unggahan akun @resistorac di X, nyebutkeun bentuk Istana Garuda sarimbag lalay.

“Spt Istana Garuda IKN ya, jdi sjatinya yg dibangun itu Istana Garuda apa Istana Kelelawar ya ?”
·
“Ada benarnya mirip kelelawar, tidak kelihatan ada kepala garudanya…. @jokowi” tulis akun @jari_droid.

Di sagigireun séjén, Menteri Pekerjaan Umum jeung Perumahan Rakyat Basuki Hadimuljono mastikeun desain Istana Garuda IKN teu robah. Basuki nandeskeun rancangan wangunan baris sarua kawas desain akhir karya arsitek I Nyoman Nuarta.

“Kalau menurut Pak Nyoman Nuarta itu nanti kalau kena oksidasi itu jadi hijau,” ceuk Basuki di Kantor Kemensetneg Jakarta, Salasa, 6 Agustus 2024.

Nyoman Nuarta sorangan mangrupakeun arsitektur Istana Garuda anu bilah pangakhirna geus réngsé dipasang. Terus, siga kumaha profil tangtungan I Nyoman Nuarta.

Profil I Nyoman Nuarta

I Nyoman Nuarta gumelar di Tabanan, Bali dina 14 November 1951. Inyana nyaéta budak kagenep ti salapan sadulur ti pasangan Wirjamidjana jeung Samudra. Jiwa senina dihontal nalika diasuh ku emangna mangrupakeun guru seni rupa, Ketut Dharma Susila.

Sanggeus namatkeun sakola menengah atas, Nyoman neruskeun pangdidikan di Institut Teknologi Bandung (ITB) dina 1972. Mimitina, inyana ngaragragkeun pilihan kana jurusan seni lukis, ngan sanggeus milampah mangsa pakuliahan salila sataun, inyana pindah ka jurusan seni patung.

Nyoman ngarasa seni patung leuwih unik lantaran bisa ngahasilkaeun karya tiga dimensi sarta proses ngagawéanana anu leuwih dinamis tur narik. Ti aaprak taun 1979, inyana geus nunjukkeun prestasina satutasna ngabeunangkeun pinunjul lomba patung proklamator Republik Indonesia (RI).

Ngalansir laman resmi ITB, sang maestro patung Indonesia éta geus kungsi nyieun sajumlah karya monumental anu jadi ikon nagara, salah sahijina monumen Jalesveva Jayamahe di Surabaya, Jawa Timur. Inyana ogé nyieun patung Garuda Wisnu Kencana (GWK) anu jadi salah sahiji objek wisata populer di Bali.

Nyoman Nuarta seniman pamatung kakoncara anu geus réa karyana tur jadi Ikon Nasional, salah sahijina Patung Garuda Wisnu Kencana di Pulo Bali anu kawéntar

Satuluyna, Nyoman ogé dipercaya deui pikeun ngadesain Istana Garuda di IKN. Panggunaan simbol manuk garuda diniléna minangka wujud pikeun ngaintegrasikeun ajén-ajén bangsa Indonesia kana jero sabab detail desain manuk garuda minangka lambang nagara.

Nurutkeun Nyoman, pamilihan bentuk manuk garuda bisa méré kesan ikonik anu narik perhatian wisatawan. Hal éta sakaligus diharepkeun bisa ngadorong tumuwuhna industri transportasi, biro perjalanan, perhotelan, kios cinderamata, jeung usaha leutik lokal.

“Untuk Istana Garuda, saya mengusulkan konsep archsculpt yang mengombinasikan seni patung dengan arsitektur. Seperti yang dilakukan oleh Michelangelo, Leonardo da Vinci, dan I Gusti Nyoman Lempad pada bangunan gereja dan pura,” ceuk Nyoman, sakumaha dikutip tina buku Peringatan 101 Tahun Pendidikan Tinggi Teknik di Indonesia (PTTI).

Inyana ngajéntrékeun, parancangan Istana Garuda didasarkeun kana dua fungsi. Kahiji, fungsi estetik anu tujuanana pikeun jadi karya seni monumental, kawas GWK. Saprak diwanohkeun ku Presiden ke-1 RI Sukarno pada 1 Februari 1950, Garuda Pancasila geus jadi simbol nagara anu ngahijikeun bangsa.

Semboyan “Bhinneka Tunggal Ika” dina suku manuk garuda anu mibanda harti ‘berbeda-beda, tetapi tetap satu’ anu nohagakeun makna kamanunggalan. Najan awalna aya nuansa politis, ceuk Nyoman, Garuda Pancasila ogé terinspirasi tina kitab Sutasoma ku Mpu Tantular dina era karajaan Majapahit.

Kadua, fungsi pragmatis di mana Istana Garuda baris jadi tempat pikeun presiden pikeun ngokola pamaréntahan.

“Bangunan ini dirancang dengan konsep green design. Sosok garuda akan dibentuk dari bilah tembaga vertikal yang juga berfungsi sebagai peneduh dari sinar matahari untuk menghindari efek rumah kaca,” catur Nyoman.

Nyoman milih bahan utama tembaga lantaran mertimbangkeun sifatna anu leuleus, tahan tihiang, tur gampil dibentuk. Lian ti éta, tembaga teu gampang dituwuhan jamur atawa lukut, sahingga ngaminimalkeun pamiaraan anu bisa ngaganggu aktivitas kanagaraan.

Inyana ogé nganilé, tembaga bisa boga fungsi minangka konduktor anu hadé pikeun nangkal listrik jeung gelap sarta nyegah kahuruan akibat listrik statis. Tembaga anu ngabentuk Sangkar Faraday ogé geus diterapkeun dina wangunan GWK.

“Kedua fungsi ini, estetis dan pragmatis adalah pencapaian dari konsep archsculpt yang saya usulkan. Saya telah lama bereksperimen menggabungkan fungsi estetika seni dengan pragmatisme bangunan. Istana Garuda tidak hanya berfungsi sebagai bangunan pemerintahan, tetapi juga simbol persatuan dan keindahan yang menyejukkan rakyat,” ceuk Nyoman.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan