FiksiKingkilaban

Purbasari jeung Purbararang, Carita Tandang Kageulisan dina Parebutan Tahta

Drama Musikal Lutung Kasarung Pintonan Karya BOOW Live x IndonesiaKaya.com. (Foto: BOOW Live, IndonesiaKaya.com/ Istimewa)

Bandung, Kiwari.co.id – Dina dalam fiksi ti zaman Sunda kuna, nyaéta carita pantun “Lutung Kasarung”, aya fragmen tandang kageulisan anu dilakukeun Purbararang jeung adi bungsuna, Purbasari.
Tandang kageulisan éta taya lian pikeun nangtukeun saha anu panggeulisna di antara duanana. Sing saha anu ditétélakeun geulis ku juri boga hak unggah tahta Karajaan Pasir Batang, hiji karajaan anu diduga aya di sabudeureun Galuh (Ciamis, Jawa Barat, kini).

Ieu perkara sabenerna di mimitian ti Prabu Tapa Ageung jeung istrina anu geus ngarasa hayang ngarasakeun mangsa kolotna kalayan nyingkahan tina kariweuhan karajaan.

Kalayan sagala kaseukeutan batinna, Prabu Tapa leuwih milih Purbasari, anak paangbungsuna batan barudak lianna, kaasup yang pangcikalna, nyaéta Purbararang.

Mireungeuh kaputusan éta, Purbararang tugenah haté. Manéhna keuheul tur nyieun sajumlah muslihat sangkan Purbasari bedo jadi ratu ngagantikeun bapana.

Naskah Sayudi
Dina taun 1980-an, dijieun péntas carita pantun Lutung Kasarung dina bentuk kasét, kalayan panataan musik anu daria. Enggoning patéah éta anu digunakeun nyaéta naskah carita pantun tur mangrupakeun nyaritakeun deui anggitan Sayudi; Panembangna, Dadang Sulaeman, dkk.; Panata musikna, maestro karawitan, Nano Suratno atawa Nano S.

Sayudi (1932-2000) kakoncara ku puisi-puisi anu panjang ngeunaan sajarah Sunda. Di antara puisi anu panjang tur kakoncara, nyaéta anu jejerna “Lalaki di Tegal Pati” (1963), nyaritakeun gugurna Prabu Wangi, raja Karajaan Sunda (saméméh muncul gelar Siliwangi pikeun para raja) dina Perang Bubat.

Dina sual carita pantun, Sayudi kungsi kalibet dina Proyek Penelitian Pantun jeung Folklore Sunda anu dipingpin sastrawan kasohor Ajip Rosidi. Sayudi boga pancén ngatranskripsi carita pantun.

Carita Purbasari jeung Purbararang anu dihimpun ieu, dumasar kana carita pantun Lutung Kasarung anu dicaritakeun deui Sayudi tur geus dirékam.

Kulminasi Kasarakahan
“Sia inji meni wani,
narima hancengan aing,
ayeuna jung gera lunta
tong aya di pasir batang,”

Kitu kekecapan kasar anu kaluar tina biwir Purbararang ka adikna, Purbasari, na mangsa ngadéngé Purbasari baris diistrénan ngagantikeun Prabu Tapa Ageung.

Kaayaan siga kitu teu bisa dicegah, sabab Prabu Tapa Ageung jeung garwana geus narik diri ti karajaan. Samentara anak-anak prabu anu séjénna, kayaning Purbaéndah, Purbamanik, Purbaleuwih, Purbakancana, jeung Purbadéwata teu bisa loba peta tur kalah ngarojong Purbararang, iwal ti Purbaleuwih.

Purbasari ahirna diusir ka Gunung Cupu tur nganjrek di hiji saung. Sorangan. Dipencilkeun. Tapi Purbasari narima éta hal. Inyana pasrah kana kaputusan éta. Tapi, najan cicing di pangasingan, aya baé Ki Léngsér atawa pakacar karajaan anu datang pikeun nepikeun “kasangsaraan” satuluyna anu kudu dicumponan Purbasari.

Samentara éta, di Karajaan Pasir Batang, Purbararang geus jeneng ratu. Manéhna maréntah kalayan sangeunahna. Kayaning, paréntah ka panyumpit pikeun moro lutung minangka sato anu ngeunah dijadikeun sayur lutung, anu lamun seug teu meunang lutung poé éta kénéh, panyumpit baris dihukum.

Kocap kacaritakeun, lutung geus beunang. Tapi, monyet hideung buntut panjang anu meunang Aki Balangantrang sang panyumpit éta lain lutung anu sabenerna, éta sajatina nyaéta Sanghyang Guruminda, titisan déwata, putra Sunan Ambu panguasa alam kahiangan, anu keur dibendon. Sahingga, kumaha baé ogé tarékah urang-urang karajaan meuncit lutung éta, taya anu hasil. Lutung malah nyieun kaéwuhan.

Lutung kaéwuhan ahirna dibikeun ka Purbasari, kalayan maksud nibankeun kaéwuhan di saung Purbasari. Tapi, saméméh Purbasari narima éta lutung, Ki Léngsér nepikeun yén Purbararang maréntah manéhna nawu leuwi Baranangsiang.

Purbasari ngarérét ka lutung, tapi éta lutung unggeuk, siga méré isyarah Purbasari narima éta tangtangan. Tantangan ditarima, Ki Léngsér mulang mawa béja kasanggupan.

Tétéla, lutung bisa nyarita. Manéhna cacarita jeung Purbasari tur ku sagala kakuatan déwata anu dicangkemna tanpa disadaran ku Purbasari, sakur tangtangan ti Purbararang dicumponan kalayan hadé. Tangtangan-tangtangan anu teu asup akal séjénna nyaéta ngabendung lebak Sipatahunan.

Mireungeuh sakur paréntahna pikeun ngalemahkeun Purbasari malah dicumponan kalayan hadé, Purbararang anu poékeun pikir kabéakeun akal ménta Ki Léngsér pikeun nepikeun ka Purbasari, yén manéhna nangtang ijén kageulisan.

Éta sagemblengna taya lian iwal ti ku lantaran kasarakahan Purbararang, ingin ngumawasa karajaan Pasir Batang tanpa ayana Purbasari Ayuwangi pisan, samalah lamun bisa Purbasari éta dipaténi baé.

Pandangan Para Juri Nangtukeun

“Nantang tanding kageulisan,
palenjang-lenjang salira,” ceuk Ki Léngsér nepikeun titah Purbararang ka Purbasari.

Maksudna, Purbararang ngajak tandang kageulisan, saha anu boga awak panghadéna. Iber patandingan ieu sumebar ka siklukna. Rahayat anu mireungeuh satuluyna ngaleut ka karajaan, pikeun nyaksian patandangan éta kageulisan.

Rahayat mémang geus loba ngangluh sual Purbararang, maranéhna miharep tina patandangan éta, baris lahir ratu anyar pikeun Karajaan Pasir Batang. Patandangan éta disaksian juri. Kadua juri éta jaksa Uwa Buyut Murugul jeung Uwa Batara Léngsér.

Aya tilu kategori anu ditandangkeun, mimiti tina segi jangkung, kadua tina segi pakéan, katilu tina segi bentuk awak.

Mimiti Purbararang. Manéhna boga awak anu jangkung, samentara Purbasari leuwih pendék ti manéhna. Sakuduna, anu meunang nyaéta Purbararang alatan kajangkungan éta, tapi juri nyarita séjén.

Jalma jangkung biasana méakeun jatah jalma lian, samentara jalma pendék baris sacukupna baé. Sésana, keun baé jadi milik jalma lian. Ku dalil éta, Purbasari ditétélakeun meunang. Rahayat surak ambal-amabalan.

Kadua, Purbararang maké pakéan méwah, kalayan lawon anu didatangkeun ti luar wewengkon Karajaan Pasir Batang. Samentara Purbasari, saukur maké pakéan buntung anu biasa dipakéna pikeun ngebon (Sunan Ambu papanggih jeung Purbasari dina impian tur ngajarkeun cara tatanén), kalayan kaén samping tenunan urang désa wungkul.

Juri, dina lebah dieu mihak ka Purbasari. Yén kageulisan anu muncul di Purbararang saukur polésan wungkul. Komo deui kaén anu dipakéna, leuwih kuat lawon hasil tenunan urang-urang désa. Ku dalih éta, Purbasari ditétélakeun meunang. Rahayat surak éak-éakan.

Katilu, kasampuluran awak. Purbararang dicaritakeun di antarana boga réma anu léncop lir ibarat pucuk daun séréh. Samentara Purbasari, tong boro sampulur, warugana ogé saban poé dipaké gawé pikeun nyubadanan diri sorangan di pangasingan.

Juri nganilé réma anu léncop éta, teu cocok dipaké gawé. Mangka ku dalih éta, Purbasari ditétélakeun meunang nenggel. Rahayat surak deui.

Purbararang wéra kacida, nyebutkeun juri teu adil, sahingga manéhna ménta patandangan tambahan nyaéta tandang gandang tunanganana. Purbasari boga tunangan anu ngaranna Indrajaya, pamuda panggandangna sa-Pasir Batang. Samentara Purbasari boga batur saukur lutung.

Nalika lutung naék kan panggung, rahayat sareuri. Purbasari beureum beungeutna akibat wirang. Tapi, éta teu kungsi lila. Lutung nyarita nengtremkeun Purbasari:

“Montong rejag manah, lutung lain teureuh leuweung, kasarung ku sadulurna,” pokna.

Di hareupeun rahayat réa, di hareupeun Prabu Tapa Agung katut gareana ogé, Lutung Kasarung ngalésotkeun papakéanana “kalutunganana”. Muncul tina satukangeun kulit lutung éta Sanghyang Guruminda, anu kakasépanana teu bisa dibandingan kalangan jalma.

Purbararang asor nenggel pisan. Manéhna sadar kana dosa-dosana tur ménta ampun kalayan nyium suku Purbasari. Ahir carita, Purbasari ngarangkep jeung Guruminda tur satuluyna mingpin Karajaan Pasir Batang.

Kontributor: Agus Rohmat

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Fiksi