Réa Ditimukeun di Leuweung, Harta Karun RI Ieu Diboro Arab Saudi-Korsel

Kiwari.co.id – Gaharu, dipiwanoh ogé minangka “agarwood,” mangrupakan jinis kai langka tur mahal anu asalna tina tangkal Aquilaria. Gaharu téh mibanda aroma khas anu dihasilkeun tina infeksi alami tangkal ku hiji mikroorganisme, ngajadikeunana bahan baku utama enggoning pangjieunan parfum, dupa, jeung produk kaséhatan.
Gaharu dianggap minangka “emas hijau”
lantaran hargana anu luhur di pasar internasional. Di sababaraha nagara mah harga gaharu kualitas hadé téh bisa ngahontal rébuan dolar sakilogramna.

Gaharu ogé kawéntar mibanda nilé spiritual luhur, utamana mah di nagara-nagara Timur Tengah jeung Asia, di mana gaharu remen digunakeun dina upacara kaagamaan.

Kondisi produksi gaharu di Indonesia téh di sababaraha taun akhir mah ngalaman fluktuasi. Data nunjukkeun yén jumlah beurat ekspor gaharu Indonesia loyogna nurun sanggeus ngahontal puncakna dina taun 2021 gedéna 2,0 ribu ton, tuluy nurun jadi 1,6 ribu ton dina 2022, jeung terus turun nepika 1,2 ribu ton dina 2023. Panurunan produksi ieu disababkan ku sababaraha faktor, kaasup parobahan iklim, praktik panuaran ilegal, sarta kurangna upaya budidaya gaharu kalawan nuluy

Budidaya pohon gaharu sorangan bisa méakeun waktu mangtaun-taun nepika éta tangkal bisa ngahasilkeun resin anu boga kualitas, ngajadikeunna investasi jangka panjang keur patani.

Sok sanajan kitu, nilé ekspor gaharu kalayan sagemblengma malahan ngalaman paningkatan, utamana lantaran paménta anu luhur katut harga jual anu stabil di pasar internasional. Dina 2023, nilé ekspor ngahontal US$ 16,6 juta, ningkat ti US$ 16,4 juta dina taun saméméhna.

Indonesia ngaékspor gaharu ka sababaraha nagara, kalawan Arab Saudi minangka nagara tujuan utama, dituturkeun ku Uni Emirat Arab jeung Korea Selatan. Dina 2023, Arab Saudi nyerep sakitar US$10,9 juta atawa leuwih ti 60% total nilé ekspor gaharu Indonesia, ningkat tina US$8,4 juta dina 2022. Salian ti éta Singapura jeung Kuwait ogé jadi pasar penting keur gaharu Indonesia, sanajan volume jeung niléna relatif leuwih leutik.

Nagara pasaing utama Indonesia dina pasar gaharu nyaéta Malaysia jeung Vietnam, anu minanda industri gaharu anu kaintegrasi leuwih hadé. Malaysia, umpamana, geus ngembangkeun budidaya gaharu kalayan komersial tur mibanda akses pasar anu leuwih stabil ka nagara-nagara Timur Tengah, anu ngajadikeun pasaingan mingkin metet.

Ngan, kaleuwihan gaharu Indonesia ayana dina kualitas jeung aroma anu dihasilkeun, utamana tina gaharu Sumatera jeung Kalimantan. Produk gaharu ti Indonesia dianggap mibanda aroma leuwih kompleks tur tahan lila dibandingkeun jeung produk ti nagara lain, ngajadikanana favorit di kalangan parajin parfum internasional.

Kalawa sakabéhna, sanajan ekspor gaharu Indonesia ngalaman fluktuasi tina sisi volume, nilé eksporna tetep nunjukkeun tren positif. Hal ieu jadi indikasi yén Indonesia masih mibabda potensi gedé dina industri gaharu, utamana lamun bisa ngoméan ranté produksi katut ningkatkeun daya saing di pasar internasional.

*Kayu Gaharu Indonesia*

Tangkal gaharu (Aquilaria malaccensis) téh nyaéta tatangkalan asli leuweung hujan di Asia Tenggara. Ieu tatangkalan téh bisa dipanggihan di Bangladesh, Bhutan, India, Indonesia, Iran, Laos, Malaysia, Myanmar, Filipina, Singapura, jeung Thailand.
Unikna téh pikeun ngahasilkeun bau anu seungit, ieu tangkal kudu kainfeksi ku oleh jamur.

Angseuna anu seungit ngajadikeunana kacida luhur hargana di pasaran. Pepelakan aromatik éta kungsi dijadikeun minangka salah sahiji bahan utama nyieun kosmetik, parfum, nepika obat-obatan.

Kai gaharu geus lila jadi komoditas dagang ti karajaan di Indonesia. Karajaan Sriwijaya, anu eksis antara abad VII hingga XI masehi di Sumatra Selatan éta, jadi pangekspor kai ieu nepi ka Arab.

“Ke Negeri Arab Sriwijaya mengekspor kayu gaharu, kapur barus, cendana, gading, timah, kayu ebony, kayu sapan, rempah,” tulis Nia Kurnia Sholihat Irfan dina buku Kerajaan Sriwijaya: Pusat Pemerintahan dan Perkembangannya (1983:63).

Sanggeus Sriwijaya bubar, karajaan-krajaan séjén anu eksis di Sumatra jeung wewengkon séjénna ogé ngadagangkeun kai gaharu.

Para padagang anu daragang ka gaharu teu saukur urang Indonesia asli. Denys Lombard dina Nusa Jawa: Jaringan Asia (1996:29) nyebutkeun ka gaharu, reujeung ka cendana, pedes, cengkéh katut pala ngaliwatan palabuan-palabuan di kawasan Sriwijaya jeung sabudeureunana

Pangdagangan kai gaharu ti Sumatra dina mangsa katukang téh teu saukur jadi komoditas padagang lokal tapi ogé padagang ti luar nagari. Marwati Djoened Poesponegoro dkk dina Sejarah Nasional Indonesia Volume 3 (1984:277) mah nyebutkeun para padagang éta asalna ti Campa jeung Siam ogé milu ngadagangkeun kai gaharu.

Kai gaharu dipiminat ogé ku padagang ti Gujarat, India. Tsuyoshi Kato, dina tulisanana Rantau Pariaman: Dunia Saudagar Pesisir Minangkabau dina buku Indonesia Dalam Kajian Sarjana Jepang (1986:81) dumasar The Suma Oriental of Tome Pires nyebutkeun kapal-kapal ti Gujarat ngadatangan Pariaman, Sumatra Barat, pikeun meunang kai gaharu katut komoditas lianna.

“Tiap tahun, satu, dua atau tiga kapal dari Gujarat berkunjung ke Pariaman, sambil membawa pakaian untuk ditukarkan dengan emas (dalam jumlah banyak), kayu gaharu, kapur barus, sutra, lilin dan dan madu,” catetna Kato.

Harita mah, produksi kaén di Indonesia masih asor tibatan India jeung China.

Ieu kai sabenerna boga kelir cangra. Warna poék ieu kai dihasilkeun ku getah anu mangrupakeun infeksi jamur anu muncul minangka respon patahanan.

*Gaharu Dihargaan Miliaran Pérak*

Gaharu atawa remen disebut Agarwood téh mangrupakeun salah sahiji jinis kai anu paling loba dipiminat, teu saukur di dunia pangkaian, tapi pikeun kabutuhan medis jeung kosmetik ogé. Bakating harganya luhur, ieu kai nepikeun ka meunang laindihan “liquid gold”, “black gold”, nepika “diamond in the forest”, jeung harga sakilona bisa ngahontal miliaran pérak.

Agarwood téh nyaéta kai anu kabentuk tina inti batang tangkal Aquilaria, atawa Aquilaria malaccensis. Ieu kai mangrupakeun salah sahiji kai pangmahalna di dunia. Malahan mah, harga 1 kg Agarwood bisa kisaran ti US$20.000-US$100.000 (sakitar Rp324 juta-Rp1,6 miliar pérak).

Banderol harga anu fantastis éta téh disababkeun ku aroma khas dina Agarwood anu kompleks tur teu katimu di mana baé ogé. Sok sanajan kitu, teu sakabéh batang tangkal Aquilaria bisa dibanderol kalawan harga miliaran.

Pikeun meunang sensasi aromatik, Agarwood kudu kainfeksi jamur Phialophora parasitica atawa ngarandapan tatu heula. Na mangsa ‘gering’, Agarwood baris ngaluarkeun geutah minangka bentuk panyalindungan diri. Tah, geutah éta pisan anu méré Agarwood aroma khasna.

Lian ti éta, proses pangolahanana anu rumit ogé jadi alesan ku naon Agarwood mahal. Mimiti tina prosés identifikasi kai anu geus kalimpudan geutah, prosés ekstraksi inti batang, nepika pamrosésan, sakabéhna merelukeun skill husus.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan