Digawé sosoranganan biasana ambahanana tara jauh. Ku sabab kitu mangka urang kudu daék ngawangun suasanan anu ngarojong ayana rempug jukung dina widang naon waé ogé. Supaya paheuyeuk teu jadi pacorok, urang kudu apal dimana sabenerna posisi urang, sabab papada urang boga makanah séwang-séwang, sakumaha kaunggel dina surat 6 Al An’am ayat 135.
Qul yaa qoumi ‘malu ‘alaa makanatikum, Innii ‘milun; fa saufa ta’maluuna man takuunu lahu ‘aqibatuddaari, innahu laa yuflihuz-zhoolimuun.
- Pok caritakeun: “Yeuh dulur jenuk, prak digarawé numutkeun posisina masing-masing, saéstuna kuring ogé barang gawé. Jaga urang baris apal, saha anu kabuktian ngahasilkeun. Saéstuna jalma dolim moal suksés.
Dina raraga makiakeun program ngaronjatkeun kasejahteraan masarakat butuh rempug jukung urang sadaya. Aya tilu posisi jeung kualifikasi masarakat anu kacida mére pangaruh kana guluyurna éta program, nyéta: Karitan, Voluntir jeung Filantrofis.
Volunteer (Rélawan) jalma anu miboga pangaweruh katut kaparigelan anu profesional. Rélawan umumna boga kamampuh anu heuseus atawa anu ngahususkeun diri dina widang anu tangtu, kayaning: Advokasi barudak anu kajiret ku urusan hukum; Pembelajaran partisipatif, Pembelajaran Luar Ruang, Ngarumat Jalma anu katiban trauma. Tenaga kesehatan di wewengkon bencana jsb. Salah sahiji conto profesionalitas: Upama ngarasanan korban bencana anu rongkah, rélawan anu terlatih baris nyokot peran séwang-séwang. Salah sahiji anu sok kaluli-luli nyaéta ngadata rundayan kulawarga. Saha kepala keluargana, saha waé anggota kulawargana. Lamun bacacar mangka tiap anggota kulawarga baris ditulis bapana aya di ténda mana, indungna aya di gedong mana, anakna aya di rumah sakit mana jeung satrusn. Upama pindah, ogé dicatet kamana pindahna. Ku ayana administrasi jeung data mutasi korban anggota kulawarga moal bacacar liar. Cindekna Rélawan jelas pangaweruhna jeung teges kaparigelan katut pacabakanana.
Filantrofi (dermawan) ieu mah kelompok anu jegud,miwanda pakeun pikeun ngawaragadan amal soléh. Para dermawan saenyana mampuh migawé program-program kahadéan. Tapi arinyana teu pati salsé jadi kahadéanana diamanatkeun ka nu séjén, naha ka perorangan atawa lembaga. Dermawan bisa perorangan bisa oge organisasi, anu umum disebut ku istilah donor. Conto Organisasi Pengusaha Timur Tengah ngabiayaan penerbitan buku-buku pasantrén. Yayasan Darma Bakti Astra ngabiayaan program bantuan modal pikeun UKM perbengkelan, Jrrd.
Karitas (charity) mangrupa amal sholéh anu dipigawé komprehensif ku salah saurang atawa saaleutan masarakat. Karitas, dipigawé ku inyana ogé waragdna ti inyana atawa iuran diantara warga aleutan. Misalna si Anu ngecét masjid dipigawé ku dirina atawa/jeung jalma anu diburuhan ku inyana bari cét katut pakakas sapuratina waragadna ti anjeunna. Cindekna karitas mah nya ngagawéan nya ngabiayaan. Sakumaha disebutkeun di luhur, amal soléh aya anu dipigawé sosoranganan aya ogé berjama’ah. Karitas biasana diplampah ku jama’ah anu homogén, kayaning Organisasi Profesi (IdI, Kadin, PGRI, PGRA, jrrd.) Ikatan Alumni, Paguyuban, Perkumpulan jeung ORMAS.
Patali jeung program ngaronjatkeun kama’muran masarakat aya tilu aktivitas anu kudu dipigawé jeung tilu institusi anu kudu paheuyeuk.
Empowerment, Pemberdayaan, prosés mekelan kamampuh, pangaweruh jeung kaparigelan spesifik anu umumna dilakukeun ku ORMAS, Organisasi Profesi, Yayasan, atawa institusi sosiallainna. Empowermen ukur mekelan kamampuh.
Enforcement, Penguiatan, prosés mekelan modal pikeun ngimplementasikeun kamampuh. Lamun dina empowerman dilatih bisa ngabéngkél, nya dina enforcemen dimodalan keur muka bengkel. Enforcemen bagian lembaga bisnis atawa perusahaan. Biasana perusahaan ngagolontorkeun dana tina pos CSR, Pertanggungjawaban Sosial Perusahaan- Corporrate Social Responsibility. Salian ti Grant (hibah) enforcement bisa ogé dina bentuk soft loan, anjukan hampang.
Environment, lingkungan anu kondusif supaya prosés empowerment jeung enforcement ngaguluyur, terus pranata sosial jeung institusi bisnis paheuyeuk kalawan harmonis. Ieru mah tugasinstansi pamaréntahan.
Balik deui kana ayat di luhur, yén papada urang miboga kamampuh jeung posisi anu puguh. Kukituna naon anu dipilampah ogé kudu jeujeuh. Amal soléh, pangpangna ngokolakeun sodakoh kudu didadasaran ku itikad hayang hirup sampurna sakumaha kaunggel dina surat 3 Ali Imron ayat 92, “Can sampurna kahadéan urang upama can daék mikeun anu dipikameumeut.”
Lan tanaalu-lbirro hatta tunfiqu mimmaa tuhibbuuna wamaa tunfiqu min syaiin fainnalloha bihi ‘aliim.
- Aranjeun can dijamin sampurna dina milampah kahadéan nepikeun ka nginfakkeun naon-naon anu dipikameumeut, jeung naon waé anu diinfakkeun ku aranjeun saéstuna Alloh maha uninga.