Kiwari.co.id – Inohong intelektual tur pamikir Islam Abdullah Al Qoshimi dipiweruh milih kaputusan kontroversial. Inyana téh nengtang ajaran Islam, sanajan baheulana mah islam téh kungsi jadi ulikan hususna.
Lalampahan hirup Abdullah Al Qoshimi téh dimimitian dina 1907 di Buraydah, Arab Saudi. Ti saprak inyana lahir, salilana dibéré ajén-ajén pangdidikan agama Islam. Bapana téh kacida gemetna méré palajaran Islam ka Qoshimi ti keur leutik kénéh. Qoshimi ogé teu kawawa nolak tur saukur bisa nurut lantaran tacan balég.
Sariring wanci, Qoshimi tuwuh jadi budak anu religius tur calakan. Inyana téh resep ngulik élmu hadis, hukum Islam, basa katut sastra Arab. Malahan mah ku kacalakanana téh bisa mawa Qoshimi kuliah di kampus Islam anu boga gengsi, nyaéta Universitas Al-Azhar, Kairo, Mesir.
Dina mangsa kuliah mah, inyana mimiti dipiwanoh minangka inohong intelektual anu nawarkeun pamanggih anyar sual pola pikir bangsa Arab. Nyutat Al Arabiya, Qoshimi téh sempet ngadorong nagara-nagara Arab nyanghareupkeun unsur rasional sangkan kabébas tina pamikiran mitologis.
Lian ti éta inyana ogé ngabéla gerakan Salafi. Pangbélaan ieu téh dieurihkeun dina rupa-rupa karya jeung orasi ilmiah. Minangka catetan, nurutkeun situs Britannica, gerakan Salafi téh nyaéta gerakan Islam anu ngusahakeun niru praktik al-salaf al-salih atawa para panglulugu ani sholéh. Panglulugu anu dimaksud téh nyoko kana generasi awal umat Islam salila jeung sanggeus mangsa jumeneng Nabi Muhammad SAW.
Ku dasar ieu pisan, panganut Salafi, kaasup Qoshimi téh, nyekel deleg gugon kana Al-Qur’an, hadis, jeung konsesus ulama. Maranéhna mah nolak bid’ah tur ngarojong panerapan syariat Islam. Sok sanajan kitu, rojongan Qoshimi kana Salafi téh nyieun pihak kampus mah keuheul. Alhasil, dina 1931 inyana téh dibijilkeun ti Al-Azhar.
Sanggeus teu jadi mahasiswa deui, pamikiran Qoshimi téh harita ngadadak robah. Tina asalna budak religius berkah kolotna, ngarojong Salafi garis keras, satuluyna mah pindah jadi jalma anu ninggalkeun kawajiban agama Islam. Puncakna, inyana ngagiligkeun itikad jadi ateis atawa jalma anu teu ngaku ayana Pangéran.
Kaputusan jadi ateis ieu téh ngajadikeun hémeng jalma réa mah. Komo deui dibarengan ogé ku medalna karya-karya anyar. Salah sahiji anu kontroversial téh nyaéta The Lie to See God Beautiful.
Liwat buku éta téh, Qoshimi mertanyakeun rasionalitas jeung dogma agama anu salila ieu mah dianut masarakat. Ku dasar éta, Qoshimi jadi pangjejeléh jalma réa tur jadi musuh masarakat. Lambat laun, Buku-buku jeung karya lainna anu maido agama dicaram di réa nagara Timur Tengah.
Réa ogé pihak anu ménta Qoshimi téh dihukum pati lantaran patéahna éta. Malahan mah, masih ngutat Al Arabiya, dina 1954 pamaréntah Mesir merlakukeun “persona non grata” atawa pangusiran ka Qoshimi balukar pamikiranana sumebar. Pamaréntah téh teu hayang deui aya Qasemi séjén marucunghulan
Salian ti dirina ogé deui deui jadi sasaran pangrogahala, boh dina mangsa aya di Mesir pon kitu deui di tempat pangucilan, Lebanon. Tepi ka ahirna, upaya panyebaran ajaran liberalisme jeung tengtangan agama eureun dina 9 Januari 1996 lantaran kanker.
Ropéa basa: Agus Rohmat