Tasikmalaya, Kiwari.co.id – Bituna gunung Galunggung kacida rohakana. Batu gedé bituan éta kocap kapeclengkeun nepika jauh tur ayeuna jadi prasasti di Pendopo Kabupatén Tasikmalaya. Naha bener kitu?
Kompleks gedong Pandopo Kabupatén Tasikmalaya jadi salah sahiji landmark di wewengkon Tasikmalaya. Wangunan anu sohor ku sebutan Pendopo Lama ieu ngadeg di deukeut Alun-alun Kota Tasikmalaya.
Di pakarangan wangunan kalawan gaya arsitektur klasik éta, aya saguruntul batu gedé. Guruntulan batu gedé éta jadi sarupaning pananda atawa monumén kana musibah bancana erupsi Gunung Galunggung dina 1982 tiheula.
Dina batu saukuran leuwih ri kulkas dua panto éta, kaukir amanat ti Gubernur Jawa Barat dina masa harita, nyaéta Aang Kunaefi.
“Isyarat kita harus hidup seimbang antara lahir dan batin. Di atas segala kekuasaan, ada maha kekuasaan. Gubernur KDH TK I Jawa Barat, H Aang Kunaefi,” kitu uni tulisan ukiran dina bagian handap batu.
Sedengkeun dina bagian luhur aya amanat ti Bupati Tasikmalaya anu ngarunut sajarah erupsi Galunggung. Katulis ogé intensitas bituan mamgsa erupsi 1982.
“Galunggung meletus 1818 – 1822 – 1894 – 1918 – 1982. 1982 : 67 letusan besar 400 letusan kecil. Tasikmalaya 21 Agustus 1983. Bupati KDH Tk II Tasikmalaya, Hudly Bambang Aruman,” kitu tulisan anu dikotrétkeun dina bagian luhur batu.
Dumasar carita anu mekar di masyarakat, éta batu mangrupakeun material anu diutahkeun Galunggung mangsa erupsi dina taun 1982.
Éta batu cenah kapeclengkeun Gunung Galunggung tur ragrag di sabudeureun Pandopo. Réa masarakat anu ngabenerkeun atawa mercaya kana carita éta.
Sahenteuna mangsa paguneman jeung warga anu aya di Alun-alun Tasikmalaya.
“Iya katanya batu itu terlempar ke pendopo saat Galunggung meletus,” ceuk Jamil (46) salah saurang warga.
Batu Éta Lain Kapeclengkeun, tapi Ngahaja Diangkut
Anapon kitu panétélaan anu béda ditepikeun ku Iding (79) anu ngaku minangka mantan supir Bupati Hudly, Bupati Tasikmalaya anu ngajabat mangsa Galunggung erupsi.
“Bukan seperti itu, batu itu memang batu material erupsi Gunung Galunggung. Tapi bukan terlempar,” ceuk Iding.
Nurutkeun Iding, éta batu ngahaja diangkut ti sabudeureun kawah Galunggung tur dibawa ka pandopo.
“Jadi itu perintah Bupati, sebagai titimangsa kejadian Galunggung meletus. Batu diangkut pakai alat berat lalu disimpan di halaman pendopo,” pokna Iding.
Proses pangukiran batuna ogé ngalibetkeun saurang ahli ukir, malahan nurut Iding aya ogé insinyur tii Bandung anu dilibetkeun.

Prasasti Galunggung Foto: Faizal Amiruddin/detikJabar
“Diukir oleh tukang batu dari Galunggung, terus ada juga insinyur dari Bandung. Kan Gubernur Aang Kunaefi menuliskan pesannya,” catur Iding.
Iding ngajéntrékeun musibah erupsi Galunggung cukup nguras tanaga pamarétah enggoning panangkesan korban jeung warga kabalukar. Erupsi Galunggung ceuk inyana lumangsung dina waktu cukup panjang, sakitar sataun.
“Wah sibuk, saya juga dilibatkan untuk mengirimkan bantuan ke titik-titik pengungsian. Kan bantuan datang dari mana-mana. Ya mungkin Bupati ingin membuat kenang-kenangan, sehingga menyuruh membawa batu Galunggung untuk dibuat prasasti,” ungkabna Iding.
Ropéa basa: Agus Rohmat