Riwayat Sukabumi, tina Kabuyutan nepika Ngarebut Cianjur

Riwayat hiji dayeuh, ti era prasejarah tepika kolonial. Sakumaha dayeuh-dayeuh séjénna di Indonesia, Sukabumi medal tina kalahiran politik.

Kiwari.co.id – Ti saprak mimiti tina kamekaranana eksplorasi gegedéan kana lanskap alam jeung budaya di Nusantara, para orientalis geus neundeun panengetan anu kawilang panceg ka Sukabumi. Ngaran gedé kayaning naturalis Jerman, Franz Wilhelm Junghuhn (1809-1864), nepika arkeolog Cornelis Marinus Pleyte (1863-1917), sahenteuna kungsi ngulampreng ngalanglangan wewengkon di juru kulon wewengkon Jawa Barat ieu.

Carita panjang paradaban di Sukabumi mah sahenteuna geus eksis rébuan taun kalarung. Manusa paling munggaran geus nyicingan wewengkon kidul aliran Walungan Cimandiri. Nurutkeun hasil panalungtikan ku M. Fadhlan S.I. jeung Frandus Manurung mah anu judulna “Geologi Situs Ciomas di Kabupaten Sukabumi: Kajian Sumber Batuan untuk Bahan Litik” (2022), indikasi paradaban neolitik periode 3000 taun anu kaliwat di Sukabumi téh geus kalacak di wilayah Jampang Tengah.

Para arkeolog manggihan mata paser jeung pakakas beliung anu geus diupam (digosok). Konsentrasi timuan anu satuluyna téh jadi tanda béngkél pakakas batu di areal Sukabumi, umpamana di sabudeureun Situs Ciomas, Bukit Cikadu, jeung Panumbangan.

Ngagayuh periode sajarah, pamukiman masarakat kuna di Sukabumi téh museur di wewengkon wawatesan Jawa Barat jeung Banten, di juru kulon laut Kabupatén Sukabumi ayeuna. Totondén éta dirékam ku Haris Sukendar dina Album Tradisi Megalitik Indonesia (1998) anu nyigeung sual ayana situs-situs megalitik monumental di daérah Cikakak. Menhir anu jangkuna méh 4 méter tur ditimukeun di Situs Tugu Gedé Cengkuk di Cikakak, nandakeun yén lelewek baheulana nyaéta area pamujaan prasajarah anu masif.

Asup kana periode sajarah, kalungguhan wewengkon Sukabumi harita mingkin eksplisit dipiweruh ngaliwatan panemuan Prasasti Sanghyang Tapak (1030 M) di sisi aliran Walungan Cicatih. Nurutkeun Hasan Djafar saparakanca mah, Prasasti Batu: Pembacaan Ulang dan Alihaksara I (2016), prasasti anu dikaluarkeun ku Raja Sri Jayabhupati Jayamanahen ieu téh eusina sual panyaraman ngala lauk di walungan anu ngawatesan hiji lelewek suci (kabuyutan) anu ngaranna Sanghyang Tapak.

Satuluyna, indikator Sukabumi minangka salah sahiji kabuyutan di Tatar Sunda téh dirojong ogé ku naskah Carita Parahyangan ku Bujangga Manik. Kadua naskah Sunda ti abad ka-16 éta téh nyebutkeun yén di mangsa Hindu-Buddha, daérah Jampang (wewengkon kidul Sukabumi) téh mangrupakan daérah kabuyutan. Malahan mah, salah saurang raja ti Karajaan Galuh anu mibanda ngaran Bunisora Suradipati dikocapkeun méakeun mangsa pangsiunna di Jampang, sahingga inyana dileler Batara Guru di Jampang.

*Bawahan Cianjur nepika Tanah Partikelir*

Sukabumi téh dina awal mangsa kolonial mah mangrupakeun urut wilayah Karajaan Mataram anu aya di sahandapeun salindungan Pamaréntahan Administratif Kabupatén Cianjur. Sakumaha disebutkeun Lasmiyati dina “Kopi di Priangan Abad XVIII-XIX” (2015), dina abad ka-17 nalika sakukiah wewengkon Priangan ragrag kana leungeun VOC, Sukabumi téh ku Bupati Cianjur dijadikeun minangka daérah kultivasi kopi.

Intensifikasi pamelakan kopi utamana kajadian sanggeus taun 1713, nalika Sukabumi anu mangsa harita asup ka wewengkon Cianjur bisa nyetor pasokan kopi pangmimitina ka VOC. Bupati Wira Tanu III harita dina raraga ngalegakeun wilayah pakebonan kopi, dihadiahan lemah di daérah Pelabuhan Ratu, Jampang Tengah, jeung Jampang Kulon. Di tilu daérah éta, kopi anu dipelak mangrupakeun jinis kopi robusta, parintisna nyaéta Abraham van Riebeck.

Asup kana abad ka-19, utamana pasca panglindihan Inggris di Lemah Jawa, Thomas Stamford Raffles (1811-1816) mimiti ngalumakeun kawijakan land rent (séwa tanah) dina 1813. Balukarna, sababaraha wewengkon ‘tanah tak bertuan’ di Sukabumi harita mimiti dilélang pikeun para tuan tanah nu arék investasi di éta wewengkon.

Nurutkeun Setia Nugraha dina “Kota Sukabumi: dari Distrik Menjadi Gemeente (1815-1914)” (2017), lemah-lemah anu dibeuli éta ngalimpudan Ciheulang, Gunung Parang, Cimahi, Pagedangan, jeung Pangasahan. Dina konteks mangsa ayeuna, muncul saurang tuan tanah anu kacida dominan dina sajarah Sukabumi, nyaéta Andries de Wilde.

Dina 25 Januari 1813, de Wilde meuli tanah di Sukabumi legana lima per duabelas bagian di skur tanah anu aya di Sukabumi saharga 58 rébu dolar Spanyol. Lemah éta wawatesan jeung Lamping Gunung Gede Pangrango di beulah kalér, Walungan Cimandiri di béh kidul, tuluy di beulah kulon wawatesan langsung jeung Karesidenan Jakarta katut Banten, jeubg di béh kulon jeung walungan Cikupa. Lemah anu ku manéhna sibeuli ieu téh ngaran mimitina Tjikole, tuluy robah jadi Soekaboemi pikeun munggaran dina 13 Januari 1815.

Dina tesis anu judulna Katalanjuran Geura Pupus: Raden Ayu Tjitjih Wiarsih dan Memori Kolektif-nya di Bumi Ageung, Cianjur (2022) inyana boga pamanggih yén kalungguhan Andries de Wilde anu kuat di Sukabumi ngancam kakawasaan Bupati Cianjur anu geus lila kumawasa di Sukabumi. Hal ieu téh kabuktian tina paménta Andries de Wilde dina Gubernur Jenderal Hindia Belanda dina taun 1819, anu mikarep dipindahkeunana puseur dayeuh Karesidenan Priangan ti Cianjur ka Bandung.

Paménta ieu téh sok sanajan kalayan resmi dilataran ku alesan jauhna Cianjur ti wilayah-wilayah Priangan séjén (kayaning Tasikmalaya jeung Garut), sabenerna boga muatan politis sangkan posisi Bupati Cianjur mingkin lemah jeung Sukabumi bisa sagancangna leupas tina kakuatan elite lokal éta. Saran de Wilde kakara disatujuan ku Gubernur Jenderal Charles Ferdinand Pahud dina taun 1864 mangsa puseur dayeuh Priangan kalayan resmi pindah ka Bandung.

*Ngajugjug Kabupatén Sukabumi*

Reiza Dienaputra dina Sunda: Sejarah, Budaya, dan Politik (2011) nyebutkeun yén saprak pindahna puseur dayeuh Karesidenan Priangan ka Bandung, lalaunan wewenang Bupati Cianjur kana Sukabumi téh mimiti dilemahkeun ku dilumakukeunana pangheureutan wilayah administrasi dina taun 1860-an.

Puncakna mah dina 1870, kalayan resmi wewengkon Kabupatén Cianjur dibagi jadi dua afdeling. Sukabumi téh ngadeg jadi afdeling mandiri anu dipingpin ku saurang patih tur ngabawahan tujuh distrik: Gunung Parang, Cimahi, Ciheulang, Cicurug, Pelabuhan Ratu, Jampang Tengah, dan Jampang Kulon.

Patih ieu téh mibanda kalungguhan anu béda jeung patih Kabupatén Cianjur (wakil bupati), di mana wewenang anu ku manéhna dipibanda boga sifat leuwih otonom. Patih afdeling Sukabumi téh dina dasarna teu boga tanggung jawab kalawan langsung kaa Bupati Cianjur, tayalian langsung ka asisten residen. Patih munggaran Sukabumi téh nyaéta R. Demang Wangsa Redja yang asalna mah ti Garut.

Sukabumi téh jadi Kabupatén mandiri dina mangsa pamaréntahan Bupati Cianjur R.A.A. Soeriadiningrat dina 1921. Pangadegan Kabupatén Sukabumi disahkeun ngaliwatan besluit van den Gouverneur-Generaal van Nederlandsch-Indie van 25 April 1921 No. 71, anu dimuat dina Staatsblad van Nederlandsch-Indie over Jaar 1921. No. 256.

Dina éta besluit dicaturkeun yén ti saprak 1 Juni 1921, Sukabumi téh teu deui ngagabung jeung Kabupatén Cianjur. Posisi zelfstendige satuluyna dipupus tur ditetepkeun wéh bupati anyar di Sukabumi, nyaéta R.A.A. Soejanatabrata dina 7 Juli 1921.

Cianjur téh satuluyna kudu ngaleupaskeun genep distrikna ka Sukabumi, nyaéta Sukabumi (dayeuh), Cicurug, Cibadak, Pelabuhan Ratu, Jampang Tengah, katut Jampang Kulon.

 

Ropéa basa: Agus Rohmat
Sumber: sababaraha sumber

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan