Riwayat Timah di Sumatra anu Jadi Bahan Prasasti jeung Azimat

Kiwari.co.id – Tradisi tulis dina sajarah kabudayaan di Pulo Sumatra mibanda pola anu unik dibandingkeun jeung pulo-pulo séjén di Nusantara. Sakitar abad ka-7, masyarakat di Pulo Sumatra geus medalkeun sababaraha tulisan paling awal maranéhna dina bentuk prasasti.

Béda jeung prasasti-prasasti mangsa awal Nusantara anu umumna ditulis dina basa Sanskerta, prasasti-prasasti paling awal di Sumatra anu dikaluarkeun oleh Kadatuan Śrīwijāya malah medal dina basa Melayu Kuna.

Agus Aris Munandar dina Kaladesa: Awal Sajarah Nusantara (2017) nyebutkeun hal ieu ngait kana pamikiran Buddhis anu ngakar leuwih tiheula di éta pulo, unsur populisme jeung egalitarianisme usik sawirahma jeung proses Indianisasi.
Dina masyarakat anu meunang pangaruh Hindu Weda siga di Pulo Jawa atawa Kalimantan, aksara dikategorikeun minangka barang mahal anu dimonopoli ku para brahmana. Samentara éta, dina masyarakat Buddhis di Sumatra, transmisi pangaweruh kaaksaraan nyebar leuwih inklusif.
Fenomena ieu engkéna ngalahirkeun kakhasan dina tradisi literasi di Sumatra. Kayaning, kamekaran aksara di saban wewengkon ngalaman vernakularisasi anu kawilang sporadis. Méh saban wewengkon di Sumatra mibanda aksarana sorangan, kana jalur duduluran anu ngarah kana aksara Sumatra Kuna ti mangsa Śrīwijāya.

Aksara-aksara éta kayaning aksara Ulu, Lampung, Kerinci/ Incung, Rejang, Batak, jeung séjénna. Sagigireun éta, di Sumatra panggunaan bahan alam pikeun nulis ogé condong leuwih variasi batan anu lumaku di Jawa atawa Bali. Salah sahiji media panulisan anu unik di Sumatra nyaéta lémpéngan timah.

Timah jeung Kebudayaan Kuno Sumatra
Timah mangrupakeun komoditas anu jumlahna ngaleuya di sababaraha titik di Pulo Sumatra. Nurutkeun tulisan Gusnelly dina “Sejarah Pengelolaan Timah dan Tanggungjawab Sosial Perusahaan Tambang Timah di Bangka Belitung” (2016), wilayah wétan Sumatra dina dasarna dilalui ku The Southeast Asian Tin Belt anu ngembat 800 km ti Teluk Benggala di kalér nepi ka Kapuloan Karimun, satuluyna Pulo Bangka-Belitung di pangkidulna.

Anapon kitu, timah-timah ieu nurutkeun Gusnelly teu digarap kalayan optimal ku masyarakat di dinya. Sahenteuna hal ieu anu lumaku di Bangka jeung Belitung salila periode Islam jeung Kolonial dina abad ka-17 tepi ka abad ka-19.

Yuliarni dina “Peranan Wan Akub di Muntok Bangka abad ke-18” (2020) nyaturkeun yén urang Bangka saukur bisa nambang timah, sedengkeun pangolahan logam éta jadi barang jadi kalayan tradisional saukur dilakukeun ku urang Tionghoa.

Samalah, Palembang anu mangsa harita mangrupakeun karajaan luhureun Bangka jeung Belitung ogé, saukur jadi pangumpul timah. Logam ieu dijadikeun kawas upeti ka Sultan Palembang pikeun sakur urang Bangka anu arék kawin, tradisi ieu ku masyarakat sabudeureun dipiwanoh minangka timah tiban.

Dominasi produksi barang-barang tina bahan timah engkéna terus-terusan jadi ranah anu didominasi urang Tionghoa, malahan tepika Pamaréntah Kolonial Hindia Belanda ngadegkeun pausahaan patambangan.

Umpamana, pangolahan timah dina periode anu paling awal di Sumatra ogé sabenerna bisa kapanggih buktina. Hal ieu siga kawujudkeun tina panimuan sababaraha banda anu bahanna parunggu ti era prasejarah di Sumatra.

Nurutkeun H. Sunliensyar dina “Menggali Makna Motif Hias Bejana Perunggu Nusantara: Pendekatan Strukturalisme Levi-Strauss” (2017), timuan parunggu di Sumatra lumangsung patutur-tutur jeung arus anjogna budaya agrikultur Dongson ka Nusantara dina periode awal abad masehi.

Wujud banda-banda prunggu iéta di Sumatra remen pisan mangrupa wadah, perhiasan, malah figurin—atawa arca dina mangsa satuluyna. Timuan-timuan ti periode ieu geus lila ditimukeun di basisir wétan Sumatra, mimiti ti dataran luhur Kerinci nepi ka dataran datar Jambi.

Parunggu dina hal ieu mangrupakeun bahan logam hasil pacampuran tina sababaraha logam, kaasup timah.

Esoterisme dalam Lempengan Timah
Di luar timuan-timuan parunggu, timuan lémpéngan prasasti timah di Sumatra nguatkeun dugaan yén di mangsa tiheula luluhur urang Sumatra geus mieanoh teknik pangolahan timah.

Jinis prasasti ieu di Sumatra kawilang anyar ditimukeun ku para panaliti. Wahyu Rizky Andhifani ti Balai Arkeologi Sumatra Selatan (ayeuna asup kana Badan Riset dan Inovasi Nasional) anu munggaran ngalaporkeunna dina taun 2018.

Tepi ka ayeuna timuan prasasti dina bentuk timah ieu, sakumaha disebut ku N. Soesanti dkk. Dina Prasasti Timah di Indonesia: Katalog Prasasti Timah di Sumatera (2019), kakara ditimukeun di daerah aliran Walungan Musi di Palembang, aliran Walungan Batanghari di Jambi, jeung aliran Walungan Pisang di Ogan Komering Ilir.

Tina bentuk aksarana, sigana prasasti-prasasti timah di Sumatra asalna ti abad ka-7 tepi ka periode Islam awal di abad ka-16. Aksara anu dipanggihan ngalimpudan aksara Sumatra Kuno sarta Jawi (Arab Melayu), sedengkeun basa anu digunakeun dina pangjéntréaana taya lian basa Melayu Kuno, Sanskerta, jeung Arab.

Ngeunaan eusina prasasti-prasasti timah di Sumatra, Soesanti saparakanca. Nétélakeun yén sajauh ieu prasasti-prasasti anu geus ditimukeun eusina ngeunaan hal-hal anu sifatna privat jeung esoteris.

Infografik Mozaik Prasasti Timah di Sumatra

Eusina antara lain bentukna mantra, sabagéan puisi, rangkéan silabel-silabel anu masih misterius maknana, jeung bentuk yantra atawa rajah anu polana ngabingungkeun para ahli epigrafi.

Salah sahiji prasasti timah pangpanjangna anu kungsi ditimukeun nyaéta anu kungsi dibaca tur dipublikasikeun hasil pangbacaanana ku Arlo Griffiths dina “The Corpus of Inscriptions in The Old Malay Language” (2018).

Sawaréh jalma anu maca alih basa prasasti ieu tanpa konteks meureun bakal ngerutkeun tarang, lanatarn dina bagian awal si panulis nyebut-nyebut sual jinis-jinis tatangkalan kayaning seureuh, uerih, jeung sajabana, ngan di bagian akhir manéhna kalah ménta panyalindungan ka hiji tangtungan.

Kayaning panyebutan pepelakan di awal prasasti meureun hiji ungkaban anu saukur dipingarti ku si panulis, ngan jelas maksudna nojo kana panyalindungan atawa ku kecap séjén prasasti éta mangrupakeun azimat.

Di luar aspek-aspek di luhur, dina tirto.id sorangan dina hal ieu kungsi nulis “Pertimbangan Penggunaan Timah sebagai Media Penulisan Prasasti di Sumatera” (2020) anu di jerona nyigeung sual kunaon timah jadi media panulisan anu dipiresep urang Sumatra.

Faktor paling pokok anu ngalatartukangan panggunaan timah pikeun prasasti ceuk dina éta tulisan nyaéta yén timah gampil ditimukan ku urang Sumatra tur leuwih gampang ogé untuk diolah batan logam lianna.

Timah mibanda tingkat kateusan anu handap kalayan beurat jenis 7.3 g/cm3 (bandingkeun jeung tambaga anu mibanda beurat jenis 8.96 g/cm3 ). Titik lebur timah saukur ngahontal 231.9 derajat Celcius, sahingga proses ngaleburkeunana teu sasulit logam lian kawas tambaga atawa parunggu.

Numatak kitu, logam ieu cocok pikeun dijadikeun barang anu sifatna privat kayaning mantra-mantra atawa jajampéan pribadi atawa rajah azimat. Fakta yén banda ieu ditimukeun di sababaraha tempat anu silih jauhan ogé sigana nuduhkeun yén banda ieu dibawa ka mana-mana. Timah anu sifatna leuwih hampang batan logam séjén cocok dina nyumponan kabutuhan ieu.

Infografik Mozaik Prasasti Timah di Sumatra. tirto.id/Parkodi

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan