Rumah Warisan Tak Ditempati Bisa Dikuasai Negara, Begini Penjelasan BPN

Kiwari.co.id – Imah téh nyaéta salah sahiji harta banda anu bisa diwariskeun ka ahli waris. Ngarujuk Pasal 505 Kitab Undang-Undang Hukum Perdata (KUHP) mah, barang anu bisa diwariskeun téh ngawengku kana barang bagerak jeung teu bagerak. Contona barang teu bagerak éta téh nyaéta lemah anu direujeungan ku wangunan, imah, atawa hal naon baé anu ngadeg di luhurna.

Imah warisan mah bisa dibikeun ka ahli waris sanggeus pawarisna tilar dunya, sakumaha kaguratkeun dina Pasal 830.

Anapon ahli waris, sakumaha katulis dina Pasal 832, nyaéta kulawarga sagetih, boh sah nurutkeun undang-undang atawa anu di luar pangkawinan, jeung salaki panajikan anu hirup panglilana.

Terus, naon anu kajadian lamun seug imah warisan teu baé dicicingan?
Imah warisan teu dicicingan, kaasup imah katotolérkeun.

Kapala Bagian Pemberitaan jeung Hubungan Antar Lembaga (PHAL) Kementerian ATR/BPN, Risdianto Prabowo Samodro mertélakeun, lemah atawa imah warisan anu teu dimanfaatkeun sakumaha mistina jeung diantepkeun kitu baé, kaasup teu dicicingan, bisa jadi obyék “tanah telantar”.

Ngarujuk Pasal 1 ayat (2) Peraturan Pemerintah Nomor 20 Tahun 2021 ngeunaan Penertiban Kawasan jeung Tanah Telantar, lemah katotolérkeun nyaéta lemah hak, lemah hak pangokolaan, jeung tanah anu dibeunangkeun meunang dumasar kana Dasar Penguasaan Atas Tanah, anu ngahaja teu diusahakeun, teu digunakeun, teu dimanfaatkeun, jeung/atawa teu dipiara.

Nurutkeun inyana, lemah anu katogerina éta bisa langsung dikawasa ku nagara.

“Tanah atau rumah warisan orangtua bisa jadi milik negara apabila tanah tersebut tidak dimanfaatkan sesuai peruntukkannya atau dibiarkan telantar,” ceuk lalaki anu dalit digentra Anto ieu mangsa dikonfirmasi Kompas.com, Kemis (13/3/2025).

Sok sanajan kitu, inyana mastikan yén lemah anu dikawasa ku nagara teu otomatis jadi milik nagara. Pasalna, aya skema retribusi daérah sahingga éta lemah baris dibikeun ka jalma anu bener-bener bisa ngamanfaatkeunana.

Dina Pasal 7 Peraturan Pemerintah Nomor 20 Taun 2021, disebutkeun yén obyék panartiban lemah katotolérkeun ngalimpudan:
. Lemah hak milik
. Hak guna wangunan
. Hak guna usaha
. Hak pakai
. Hak pengelolaan

Lemah anu dipiboga dumasar kana dasar pangawasaan kana lemah.

Lemah hak milik langsung dikawasa nagara lamun …..

Anto ngajéntrékeun, lemah hak milik bisa jadi obyék panartiban lemah katotolérkeun lamun ku ngahaja teu digunakeun, teu dimanfaatkeun, jeung/atawa teu dipiara sahingga: Lemah hak milik éta dikawasa ku masarakat jeung jadi wilayah pakampungan Lemah hak milik dikawasa ku pihak séjén kalawab tutuluyan salila 20 taun tanpa ayana hubungan hukum jeung nu nyepeng hak Fungsi sosial

Hak kana lemah teu kacumponan, boh nu nyepeng hak masih aya atawa geus teu aya. Samentara, Hak Guna Usaha (HGU), hak paké, jeubg Hak Pengelolaan Tanah (HPL) bisa jadi obyék panartiban lemah katotolérkeun lamun ku ngahaja teu diusahakeun, teu digunakeun, teu dimanfaatkeun, jeung/atawa teu dipiara kaitung mimiti 2 taun ti saprak dipedalkeunana hak.

Kumaha sangkan lemah atawa imah warisan aman?

Sangkan imah warisan aman jeung teu kaasup lemah atawa imah katotolérkeun, inyana nyarankeun sangkan gancang ngalakukeun pangalihan hak waris. Pangalihan hak waris bisa dilakukeun ku ngadeugdeug Kantor Pertanahan di dinya kalayan mawa pasaratan jeung waragad anu geus ditetepkeun.

Lamun seug lemah atawa imah warisan kolot dikawasa ku pihak lian, ahli waris boga hak nuntut.

“Dalam KUH Perdata Pasal 834-Pasal 835 disebutkan bahwa ahli waris berhak menuntut pembagian harta warisan dari orang yang menguasainya, termasuk jika ada pihak yang menahan warisan tanpa hak,” jéntréna.

“Ahli waris dapat mengajukan gugatan untuk memperoleh warisan dengan diberi waktu 30 tahun, terhitung dari hari terbukanya warisan tersebut,” tambahna.

Anto ogé babagi tips sangkan lemah atawa imah warisan teu kaasup obyék katotolérkeun jeung bisa dicokot nagara, nyaéta ku cara ngajaga jeung ngamanfaatkeun lemah atawa imah éta sakumaha kuduna.

Ahli waris bisa ogé masang patok pikeun muguhkeun wates-wates lemah atawa imah.

Ulah poho pikeun ngajaga sertifikat lemah kalayan hadé.

Singkahan pihak séjén anu teu mibanda hak keur nyokot atawa nginjeum sertifikat lemah atawa imah warisan.

Cetatan redaksi: artikel ieu geus ngalaman ropéaan lantaran aya koreksi ti narasumber.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan