Kiwari.co.id — 120 taun kalarung dina 16 Januari 1904 ngadeg hiji sakola anu diluluguan ku wanoja tatar Sunda anu mibanda pamikiran maju dina satengahing alam pangjajahan Belanda harita. Éta sakila téh ngaranna Sakola Kautamaan Istri.
Sekola Kautamaan Istri minangka hiji sakola wanoja munggaran di Bandung ieu diadegkeun ku pahlawan nasional asal Bandung, nyaéta Dewi Sartika.
Munggaran ieu sakola dibéré ngaran ‘Sakola Istri’, sakola ieu téh diperenahkeun di gedong Paséban Kulon Pendopo Kabupatén Bandung (wilayah administratif Kota Bandung kiwari). Ieu sakola Istri téh kakara boga gedong sorangan sataun sanggeusna, nyaéta dina taun 1905.
Mimitina, Sakola Istri saukur mibanda dua rohang diajar. Muridna ogé saukur 20 urang kalayan tilu urang pangajar, diantarana anu kacatet dina sajarah mah nyaéta ibu Poerma, ibu Oewit, katut Raden Dewi Sartika sorangan.
Dina mangsa harita Sakola Istri ngagunakeun kurikulum Sakola Kelas Dua (Tweede Klasse Inlandsche School) bogana Pamaréntah kolonial Belanda. Tapi, Dewi Sartika ogé ngasupkeun palajaran katapisan wanoja, kayaning masak, ngaput, ngabatik, tepika palajaran dasar budi parangi, kaséhatan, agama, jeung basa.
Sanggeusna genep taun ngadeg, dina taun 1910, Sakola Istri resmi ganti ngaran jadi Sakola Kautamaan Istri. Sakola Kautamaan Istri ganti ngaran deui jadi Sekolah Raden Dewi dina 1929.
Ku lantaran beuki dieu murid Sakola Kautamaan Istri téh beuki loba alatan katarik hayang dialajar, utamana ti kalangan awéwé mangka pamaréntah Hindia Belanda méré gedong anyar anu leuwih gedé.
Kiwari, éta wangunan sakola téh masih ngadeg kalayan tohaga di Jalan Kautamaan Istri, No.12, Kota Bandung. Wangunan ieu ogé asup kana kategori Cagar Budaya anu ditangtayungan undang-undang jeung Perda Kota Bandung nomor 7 taun 2018 ngeunaan Pengelolaan Cagar Budaya.
Dina taun 1951, Sekolah Raden Dewi ganti ngaran jadi Sekolah Guru Bawah. Tuluy ganti ngaran deui jadi Sekolah Kepandaian Puteri dina 1961, Sekolah Kejuruan Kepandaian Puteri dina 1963, tur dina ahirna jadi SD jeung SMP Dewi Sartika dina mangsa ayeuna.
Sakola Kautamaan Istri jadi simbul penting dina sajarah pangdidikan wanoja di Indonesia. Sakola ieu téh dianggap minangka léngkah awal kapapakan pangdidikan pikeun awéwé tur ngadorong peran wanoja dina kamekaran bangsa.
Saha ari Dewi Sartika téh?
Dewi Sartika téh nyaéta anak Radén Rangga Somanagara, putra ti Bupati Bandung periode 1893-1918 Radén Adipati Aria Martanagara, anu kungsi ngajabat minangka patih di Bandung.
Radén Rangga Somanagara ngadahup ka Nyi Radén Ayu Rajapermas, katurunan ti Bupati Bandung, R.A.A. Wiranatakusumah IV. Duanana dipaparin saurang budak awéwé 4 Desember 1884 anu satuluyna dingaranan Radén Dewi Sartika.
Mangsa Dewi Sartika masih umurna 10 taun, Radén Somanagara jeung garwana dicerek Belanda tur diasingkeun ka Ternate, Maluku. Dewi Sartika leutik satuluyna dititipkeun ka emangna, Radén Martanagara, di Cicalengka.
Tapak Dewi Sartika di Cicalengka ditulis sajarawan Atep Kurnia dina artikel judulna “Raden Dewi Sartika di Cicalengka (1894-1902)” Anu dipublikasikeun di Ayobandung.com dina 15 Agustus 2023.
Dewi Sartika balik deui ka Bandung dina 1902. Nyaksian kondisi kaom eanoja di lemah kalahiranana anu jauh tina akses pangdidikan, inyana akhirna ngabuleudkeun tékad pikeun ngarobah paradigma ‘awéwé teu perelu sakola’ tur muka kasempatan ka awéwé pikeun meunang edukasi anu pantes.
Pajaongan Dewi Sartika méré akses sakola pikeun wanoja di Bandung teu tina rojongan carogéna, Radén Kanduruan Agah Suriawinata.
Dewi Sartika mungkas yuswana di Cineam, Tasikmalaya, dina 11 September 1947, keur satengahing ngungsi tina agresi militer Belanda I. Tempat pangreureuhanana satuluyna dipindahkeun ka Bandung, di Jalan Karang Anyar, No.43, Astanaanyar.
Dina 1966, Dewi Sartika téh dileler tanda kahormatan minangka Pahlawan Nasional ku pamaréntah Indonesia. Ngaranna ogé milu diabadikeun jadi ngaran jalan di sababaraha daerah, kaasup di Bandung, Cicalengka, jeung Tasikmalaya.
Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB