Video

Salah Sahiji Cara Ngalawan Corona

 

Kalayan waragad samurah-murahna.
Daun awi ngora dijieun téh.

 

waragad daun awi ngora

 

kiwari.co.id, _Lamun awi ngora atawa iwung mah bisa diolah jadi deungeun sangu, tapi lamun seug walurat waragad sok komo deui erep pisan, daun awi ngora kacida gampilna dipiboga, di mana baé di Nusantara ieu tangkal awi tumuwuh, sagala rupaning awi, lawan corona, ronjatkeun kebal waruga. Karuhun urang geus ngawariskeun amanat anu kacida silibna (Pilosofis) sangkan melak awi, miarana, jeung gedé maunatna.

 

waragad iwung

 

Sababaraha hiji panalungtikan tina awi ngora atawa iwung katut dina daun awi ngora kakandung zat-zat Aktif kayaning flavonoid, polisakarida, klorofil, asam amino, vitamin, mikroélémén, numatak hadé pikeun ngécagkeun gajih getih reujeung koléstérol, antioksidan, atawa radikal bébas, anti kakolotan, ngajaga daya tahan waruga (stamina)

Salian bubukan (ékstrak) tunggal, pon kitu deui daun awi geus dimekarkeun sabagé bahan dasar pikeun campuran téh héjo. Hasilna méré akibat (éfék) pangalusna sabagé antiracun(antioksidan) alami, pangrerep panas jero, jeung antibaluweng(déprési).

 

wadah cai teh daun awi ngora produk sadulur bandung

 

Dina rupaning tulisan (literatur) ngeunaan pangobatan Nusantara naebutkeun yén kandungan bubukan (ékstrak) daun awi ngora katut téh héjo silihngalengkepan tug nepikeun ka sabagé campuran moal jadi pasualan, samalah kandungan flavonoid dina jero daun awi mibanda balukar (éfék) hadé (positif) dina kémoterapi kana sungsum tulang tonggong reujeung kebalan waruga (imunitas)

(Sadulur Bandung)

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Video