Sanghareupan BK, KONI Bandung Barat Keukeuh Ménta Anggaran Rp15 Miliar

Ngamprah, Kiwari.co.id – Komite Olahraga Nasional Indonesia Kabupaten Bandung Barat (KONI KBB) keukeuh ménta Pemkab Bandung Barat sangkan méré anggaran taun 2025, Rp15 miliar gedéna. Sedengkeun Pemkab Bandung Barat dina taun 2025 mah saukur ngancokeun bantuan keur KONI téh saukur Rp 2,5 Miliyar.

Ketua Umum KONI KBB, Agus Mulya Sutanto nyebutkeun yén anggaran Rp15 miliar éta téh baris dialokasikeun pikeun kalengkepan pakakas anu dibutuhkeun para atlet pikeun sasayagian nyinghareupan Babak Kualifikasi (BK) Pekan Olahraga Provinsi (Porprov) Jawa Barat Tahun 2025.

“Saya sudah sampaikan (ke Bupati Bandung Barat) permintaan penambahan anggaran. Mudah-mudahan kita ada perubahan dari Rp 2,5 miliar menjadi Rp15 miliar untuk Babak Kuliafikasi (BK),” ceuk Agus di Ngamprah, Kemis (20/3/2025).

Gelaran BK Porprov Jabar éta téh bakal lumangsung dina Mei tepi ka Desember 2025 hareup. Ceuk inyana mah, BK téh mangrupakeun tikét pikeun atlet pikeun miluan Porprov Jabar.

Dina gelaran BK ieu téh KONI KBB baris nerejunkeun 1.200 atlét pikeun 67 cabang olahraga (cabor).

Salian ti éta, Agus ogé nepikeun lamun paménta panambahan anggaran éta téh, minangka upaya ngamaksimalkeun potensi atlet sangkan bisa ngarebut medali saloba-lobana dina Porprov Jabar hareup.

“Saya ingin mengembalikan rangking Kabupatén Bandung Barat kembali ke posisi 6 di Porprov nanti. Porprov dulu, KBB berada di posisi 8 besar,” pokna.

Mireungeuh kitu, Bupati Bandung Barat, Jeje Richie Ismail minanggap tur nyaturkeun yén pihakna bakal ningalin heula kasagiaan kauangan Pemkab Bandung Barat leuwih tiheula.

“Kita akan melihat dulu ketersediaan anggaran dulu, kami juga membutuhkan bantuan keuangan. Itu nanti kita formulasikan dan kita diskusi dengan Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga (Kadispora) KBB dulu,” pungkasna.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan