Kiwari.co.id – Walungan Citarum neundeun sasakala tahayul ngeunaan lauk raksaksa anu ngageugeuhna. Éta lauk téh ngaranna Kiai Layung. Siga kumaha wujudna?
Baheula, na mangsa dano Bandung Purba kakara saat, kasingkab pasir-pasir kapur di sapanjang Padalarang-Rajamandala anu dipiwanoh ayeuna mah taya lian Karts Citatah.
Jalma jalma mimiti nyicingan wewengkon-wewengkon anu geus garing. Di sagigireun manusa téh, hirup ogé tutuwuhan, sato darat, katut sato cai. Saréréa hirup tengtrem dina kasaimbangan anu dihadirkeun Déwata.
Tina éta pasir-pasir téh, terus ngulon, nepi ka Walungan Citarum perenahna, di dinya aya hiji lembur anu ngaranna Cihéa. Di Cihéa, persisna di bagéan Walungan Citarum aya hiji leuwi, atawa bagian walungan anu jero anu ngaranna Leuwi Dingding.
Kulantaran jerona, cai di Leuwi Dingding mah méh salawasna dina kaayaan tenang. Caina hérang. Di éta Leuwi téh, aya anu ngageugeuhna minangka pangawasa éta leuwi. Nyaéta, Kiai Layung.
Kiai Layung téh nyaéta mahluk cai mangrupa lauk kancra raksaksa. Mun dina ilaharna mah kancra téh ukuranana leutik atawa sedeng, mangka Kiai Layung mah kaiwalkeun. Inyana boga ukuran kacida raksaksa.
Dina “Asal-usul Hayam Pelung jeung Dongeng-dongeng Cianjur Lianna” tulisan Tatang Setiadi (2011), disebutkeun mitos atawa sasakala Kiai Layung téh, kancra raksaksa pangawasa Walungan Citarum.
Kiai Layung dipercaya minangka jalma sakti anu keuna supata ti Déwata lantaran éta jalma téh kacida napsuna dina karep hayang jadi anu pangkuatna di dunya tur hayang ngawasa sawarga.
Salaku mahluk anu keuna hukuman, Kiai Layung kudu milampah ritual moyan dina cahya srangéngé burit atawa anu disebut cahya layung.
Dina kasimpéan leuwi ku caina anu tenang, Kiai Layung mucunghul kana beungeut cai tur ngajega dina batu lémpar anu ngampar. Inyana ngahaneutkeun awakna ku éta cahya layung.
Éta téh minangka patéah sangka inyana hiji mangsa bisa ngajanggélék deui jadi manusa. Mangtaun-taun kematingtriman leuwi éta dipinikmatna.
Kacida tengtrem hirup tanpa gangguan jeung kacida tingtrim dina éta kasimpéan téh, inyana bisa nyaksian mahluk-mahluk lianna hirup runtut raut sauyunan anu utamana mah, ningali lauk-lauk kancra séjén minangka lauk kanyaah déwata, hirup tanpa aya anu nyisikudi ngancam kasalametan.
Badak Nyisikudi
Nepi ka hiji mangsa, katingtriman bubuhan kancra anu diasuh Kiai Layung téh kausik ku ayana badak-badak anu ngojay jeung guyang sangeunahna di sabudeureun Leuwi Dingding. Balukarna, réa lauk-lauk kancra paraéh katincak, tempat ngojay éta lauk-lauk kancra ogé jadi kiruh balukar para badak.
Sok sanajan ruruntuk jalma sakti, Kiai Layung anu ayeuna boga wujud lauk téh teu kawasa pikeun ngusir badak-badak anu awakna badag ngajungkiring jeung karuat mah. Tong boro ukur ku lauk, ku lodaya ogé éta badak-badak téh teu endag.
Ku kituna, Kiai Layung perelu bantuan, sarta inyana inget saha anu bisa nalukeun kakuatan éta makhluk darat téh. Kalawan ‘Aji Panggentra’ anu masih dipibanda kénéh, Kiai Layung sakadang lauk kancra éta téh ngagero jalma anu ngaranna Kiai Padaratan.
Dibantu Manusa Sakti
Aji Panggentra tepi ka alam implengan Kiai Padaratan tur kalayan suka ati inyana sagancangna turun gunung meulah leuweung, mapay jalan ngajugjug ka Leuwi Dingding. Anjog wanci burit mangsa cahya layung ngagebra konéng emas, Kiai Padaratan geus weruh yén tangtungan anu ngagentrana téh taya lian lauk kancra raksaksa anu keur ngalayung.
Derekdek, Kiai Layung nétélakeun kajadian anu lumangsung, mireungeuh kitu haté Kiai Padaratan kagetrik jeung mikarunya ka Kiai Layung tur sayagi ngabantuan pikeun ngusir badak-badak anu teu boga tatakrama téa.
Ngan, saméméh amitan pikeun milampah kasanggupanana, aya hiji kasapukan atawa adu tawar heula anu teu katulis antara kadua beulah pihak. Minangka manusa mah, Kiai Padaratan pasti baris salilana merelukeun cai jeung sagala kahirupan anu dikandung dina jero éta walungan pikeun kalumangsungan hirup manusa.
Mangka, Kiai Layung ngidinan manusa pikeun ngagunakan cai di sapanjang Walungan Citarum sangkan dimanpaatkeun, tur ngaridokeun bangsa kancra dijadikeun kadaharan ku jalma.
Badak Akhirna Beunang Diusir
Kiai Padaratan meta. Kalawan kasakténna, jeung kasaktén sababaraha urang baturna anu diajakna, inyana galungan jeung badak badak Cihéa.
Tengtuna baé kalayan ngagunakeun pakarang jeung katalisan silat, Kiai Padaratan jeung baturna laun-laun bisa ngadesek badak sangkan incah ninggalkeun pangguyangan maranéhna di lelewek deukeut Leuwi Dinding.
Pamustunganan Badak indit abring-abringan ninggalkeun éta lelewek. Sariring ganti wanci datangna mangsa anyar, Leuwi Dingding téh balik deui ka asal, jadi leuwi anu tengtrem simpé tempat Kiai Layung moyan dina cahya layung, anu teuing nepika iraha.
Ropéa basa: Agus Rohmat