Cipatat-Kiwari.co.id Sajumlah mahasiswa anu kagabung dina Sekretariat Mahasiswa (SEKMA) Cinangsi ngalakukan kagiatan pepelakan tangkal di wewengkon pananggeuy Guha Pawon, cindekna di Kp. Rancamoyan Désa Gunungmasigit Kacamatan Cipatat Kabupatén Bandung Barat.
Enggoning kagiatan éta dipelak sajumlah tangkal kalayan jinis kai Mahoni, Gamelina, jeung lianna.
Milu ogé ilubiung dina kagiatan éta téh sababaraha mahasiswa ti Himpunan Mahasiswa Biologi (HIMBIO) STKIP Pangeran Darma Kusuma Indramayu, Himpunan Mahasiswa Biologi (HIMBIO) Kab. Bandung Barat, Himpunan Mahasiswa Ilmu Lingkungan UNIPI, Mahasiswa Uiversitas Langlang Buana, Mahasiswa Siaga Bencana Cinangsi (MSBC), ogé sababaraha komunitas kaasup Forum Pemuda Peduli Karst Citatah (FP2KC). Ieu kagiatan téh dihadiran ogé ku Dines Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Bandung Barat.
Kegiatan ieu dilaksanakeun dina poé Kemis (20/01/ 2022).
Salian ti kagiatan éta pepelakan anu boga jejer “One Man One Tree” atawa “Saurang Satangkal” ieu dimimitian ku biantara ti DLH Kab. Bandung Barat yén kagiatan pepelakan ieu baris mangaruhan kana parobahan iklim anu lewih hadé.
Dina kagiatan éta ogé Anang salaku pambina Sekma Cinangsi ngajéntrékeun tumali palaksanaan ieu kagiatan nyaéta sabagé aksi nyata gawébareng (kolaborasi) ti mahasiswa ogé bagéan (elemen) masyarakat enggoning ngajaga Kawasan Konservasi Guha Pawon katut patéah ngarojong parobahan iklim anu dina mangsa ieu masih ngajadi pasualan gedé pikeun masyarakat.
Ali Akbar salaku pupuhu palaksana kagiatan ogé miharep.
“mudah-mudahan tangkalna tumuwuh kalayan saé, liuh, aya mangpaat pikeun urang sadayana,” ceuk Ali
Salian pepelakan tangkal dina kagiatan ieu ogé juga dilakukeun panepian materi ti Penyuluh Pertanian ku Rinrin Tarliah anu rancagé di KWT Agri Lestari Désa Cirawamekar, dina kagiatanana Rinrin méré materi ngeunaan ngamangpaatkeun akar awi pikeun media pelak.
Dina éta kagiatan ogé milu diresmikeun “Sekma Botanica” sebagé lahan anyar pikeun dialajar di alam langsung.
Anang ngarepkeun ku ayana Sekma Botanica ieu, mahasiswa bisa mibanda laboratorium alam pikeun tempat dialajar materi pakuliahan khususna ogé sebagé tempat babagi (sharing), gempungan, enggoning ngalakukeun kagiatan di alam.
“Sacangreud pageuh sagolek pangkek.”