“Mang… Mang.. Punten saté nu tos ditusukanna hijikeun, urang sakantenan kulub heula di dapur, Jang, Jang Dayat..! Kumaha tos pesen korsi keur tamu? Ari Sukri ka mana? Arék, moal ngajanur téh cenah?”
Nu boga hajat cakah-cikih paparéntah.Tatangga jeung baraya pagaliwota, nu nyieun papayon di buruan, nu saksak-siksik di pawon sacabakna-sacabakna mantuan Gandi nu boga hajat, isukan rék ngawinkeun budak nunggalna, hajat nu kawilang gedé, meuncit domba aya kana Tujuhna.Wanci harieum beungeut, nu mantuan popolah beuki euyeub, bari silih gonjak minangka miceun kakesel pagawéan nu sakitu lobana, selang-selang ngopi jeung ngaroko.
“Sampurasuun!”
Tilu jalma uluk salam, dedeganna jarangkung badag.
“Rampéés..!”
Saur manuk nu aya némbalan.
“Mangga, mangga ka lebet!”
Gandi gasik ngahiap.
“Punten, nu ti mana téa, Akang-Akang téh?”
Gandi ngasongkeun pananya, pikirna uleng nginget-nginget, sabab ku rarasaanna teu boga baraya atawa kawawuhan nu tangtunganna siga Ki Sémah.
“Oh, nuhun Kang Gandi, nepangkeun Kuring sadaya utusan ti lembur Alas!”
Nyolongkrong ngasongkeun dampal leungeun, gap, ku Gandi ditampanan, teeer, aya aliran setrum nu karasa nyaliara, bareng jeung bau acung nu kaangseu.
“Dupi pamaksadan salira sadaya?”
Gandi nyusul tepus.
“Kuring saparakanca téh seja janten Jagabaya dina kariyaan Kang Gandi ieu!”
Témbalna, rut-rét ka baturna, irungna ungas-ingus mangsa kaangseu seungit saté nu dibeuleum.
“Oh.. Saé atuh..!
Mangga leleson heula nya, Abdi badé ka payun!
Ceu, Ceu Rukmi… punten pasihan ngaleueut ieu tatamu!”
Ngomongna kitu Gandi tuluy ngaléos ka buruan.Peuting ngagayuh ka wanci tumorék nu popolah geus réngsé, patulayah pating salegrék sararé di émpér jeung tengah imah
.”Duh, geus peuting ning?”
Gandi ngulisik, los ka dapur, maksud rék ka cai.Ana nepi ka dapur.
Gebeg, olohok bengong, panon bolotot, ngaleper, baham teu bisa nyoara, undur-unduran.Kasampak tilu lodaya keur ngahanca daging domba nu atah kénéh katut saté na luhureun méja.
Rét, lodaya panggedéna ngarérét ka Gandi, panonna nu semu hurung neuteup seukeut, nyangéreéng némbongkeun huntu ranggéténg nu beureum kalimpudan getih, kelir belang kulitna pating gurilap katojo cahya patromak nu ngagantung, gepluk, gepluk, buntutna nu badag jeung panjang ngagebugan palupuh papan dapur.
Lenggerek, Gandi kapidara teu inget di bumi alam.
Cag
#Carpon_ransel