Si Gombar Garut Mulih Pakandangan

Garut, Kiwari.co.id – Lir ibarat babasaan ‘Kebo mulih pakandangan’ Si Gombar akhirna dipulangkeun ka Garut ku PT Kereta Api Indonesia (PT KAI) ka lembur matuh karang banjar pamidanganana di Kabupatén Garut.

Si Gombar téh nyaéta hiji lokomotif uap warna hideung lestreng anu baréto kungsi jadi legenda di Kota Dodol.

Si Gombar, atawa anu remen diucapkeun urang Garut mah Si Gomar, mangrupakeun landihan pikeun Lokomotif Uap jenis DD5208. Baheula, lokomotif éta téh nyaéta salah sahiji tina dua lokomotif legendaris anu nganteur urang Garut lalar liwat di luhureun rél karéta api.

Tapi, sariring lumampahna mangsa alatan asor saing jeung moda transportasi séjén, Si Gombar dipangsiunkeun.
Pensiunna si Gombar téh bareng jeung ditutupna operasi Stasiun Garut jeung rute karéta api Garut-Cibatu dina taun 1980-an.

Sok sanajan geus teu operasi deui, tapi katineung ka Si Gombar ieu téh kacida napelna dina implengan urang Garut. Kumaha teu kitu, Nya Si Gombar anu pangsatiana marengan lalampahan masarakat Garut, hususna para pamuda di éra taun 70 nepika 80-an.

Bupati Garut, Rudy Gunawan nyaturkeun mulangna Si Gombar téh geus dianti-anti ku masarakat Garut mah, lantaran éta lokomotif téh kacida gedé sajarahna.

“Karena ini sangat bersejarah pak bagi kita. Si Gombar itu yang selalu ada dulu,” caturna Rudy di hareupeun Menteri BUMN Erick Thohir, Menteri Perhubungan Budi Karya Sumadi jeung Dirut PT KAI Didiek Hartantyo

Sanajan geus diapangsiunkeun alias geus teu lumampah deui, tapi sahenteuna Si Gombar bisa dipintonkeun di hareupeun Stasiun Garut. Dina poé Jumaah tanggal 15 Desember 2023 téh jadi poé anu boga sajarah pikeun warga Garut mah. Sabab, kalayan spesial, PT KAI mawa balik Si Gombar ka Garut.

Sabenerna Si Gombar anu dibawa mulang ka Garut éta téh lain karéta api sajatina, kawas anu baheula ditumpangan masarakat. Tapi saukur hiji miniatur.

Miniatur Si Gombar, dijieun kalayan skala 1:4. Mibanda panjang sakitar 6 méter, jeung lébar 80 cm. Miniatur ieu téh dijieun ku Indonesian Railway Preservation Society (IRPS).

Miniatur Si Gombar éta téh saméméh anjog ka Garut, ku PT KAI geus dipintonkeun heula di Museum Lawang Sewu, Stasiun Surabaya, Stasiun Yogyakarta, Stasiun Purwokerto, Stasiun Bandung tur pamungkasna di Garut.

“Miniatur ini akan disimpan di Stasiun Garut. Nanti akan dilengkapi dengan diorama jeung museum mini,” ungkab Deputi Daerah Operasi 2 Bandung, Mariyanto.

Ku ayana miniatur Si Gombar jeung dioramana tinangtu jadi hiji ajén leuwih pikeun urang Garut dina mulangkeun katineung, nyawang mangsa ka tukang tur nginget-nginget sakur anu karandapan dina mangsa harita.

Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan