Kiwari.co.id – Singa jeung hyena nyaéta sato anu dipikanyaho minangka dua predator puncak di alam liar. Singa bisa ngéléhkeun hyena, pon kitu deui sabalikna.
Kadua sato karnivora éta téh, mindeng basaing demi marebutkeun wilayah jeung meunang kahakanan.
Naha singa ngahakan hyena? Jawabanana henteu. Lantaran dina dasarna sanggeus maranéhna ngaragragkeunana, loyogna singa ngantepkeun hyena palastra kitu baé.
Alasan Naha Singa Teu Ngahakan Daging Hyena
Dilansir situs Kenya Wild Praks, ieu pertélaan alesan singa milih teu ngakan hyena:
1. Hyena Lian Kategori Mangsa Singa
Ti keur leutik kénéh, singa mah ilaharna dibingbing di alam liar pikeun ngudag sato kawas zebra, antelop, jeung munding, sato sato éta téh dipikanyaho lantaran beunghar gedé nutrisi, sahingga bisa nanggeuy maranéhna kalayan hadé.
Sabalikna, hyena teu kaasup kana kategori mangsa pilihan singa. Singa leuwih ningali hyena minangka musuh batan sumber kadaharan.
2. Singa Teu Beuki Daging Hyena
Singa kacida pipilih kahakanan. Singa teu beuki daging hyena, lantaran pola fahar hyena anu teu narik siga ngahakan daging anu buruk.
Hal ieu téh ngajadikeun daging hyena teu ngahudang selera pikeun singa, dibandingkeun jeung mangsa séjén anu aya di ekosistem maranéhna.
3. Minangka Tanda Kakawasaan
Alesan naha singa teu dahar daging hyena téh nyaéta lantaran pasaingan anu aya antara kaduana. Singa jeung hyena aya di posisi pangluhurna minangka predator puncak, anu ngakibatkeun bentrokan di antara maranéhna kana wilayah jeung sumber kahakanan.
Ku sabab éta, singa loyogna ngamusnahkeun hyena minangka tanda kabentukna dominasi sakaligus pikeun néangeun kahakanan. Maténi hyena baris jadi tanda kakawasaan, sakaligus ngirimkeun pesen anu jéntré ka hyena séjén ngeunaan saha bos di antara maranéhna.
Sok sanajan singa loyogna embung ngahakan hyena, ngan aya sababaraha kajadian di mana singa katingali ngahakan daging hyena. Biasana, ieu téh kajadian nalika kahakanan geus langka atawa napika singa keur lapar kacida.
Sahingga, kalawan putus asa singa ngadorong dirina pikeun ngahakan bagian awak hyena anu geus paéh. Ngan, kajadian kitu kacida jarang pisan.
Ropéa basa: Agus Rohmat