Singapura Geunjleung Kalompok Supremasi Asia Timur, Tarajang Melayu-Muslim

Kiwari.co.id – Singapura digeunjleungkeun ku ditéwakna saurang palajar umur 18 taun anu diidentifikasi minangka bagian tina kolompok “supremasi Asia Timur”. Kolompok éta téh nganut ideologi radikal, ekstremis sayap kanan anu kejem, tur nganggap etnis Tionghoa, Korea, jeung Jepang mah leuwih unggul.

Nyutat ti Channel News Asia (CNA), éta palajar téh ngaranna Nick Lee Xing Qiu. Inyana ngaku mibanda cita-cita ngalakukeun tarajangan ka Melayu jeung Muslim di Singapura.

Lee téh dibéré paréntah panahanan dina Desember taun kamari. Nurutkeun Departemen Kaamanan Jero Nagera (ISD) inyana ditéwak dumasar Undang-Undang Keamanan Dalam Negeri (ISA).

Pangnyerekan Lee téh mangrupakeun kasus katilu kakait ieu ektremisme radikal. Kasus munggaran ngalibetkeun saurang rumaja ukur 16 taun anu ditahan dina Desember 2020 lantaran ngarencanakeun serangan parang ka masjid sedengkeun kasus kadua mah ngalibeutkeun saurang rumaja umur 16 taun anu diparéntahkeun pangwatesan dina November 2023 sanggeus pihak nu wenang nimukeun yén manéhna diidentifikasi minangka saurang supremasi kulit putih tur boga cita-cita ngalakukeun serangan di luar negeri.

“ISD juga mengumumkan pada hari Senin bahwa seorang ibu rumah tangga Singapura yang diradikalisasi setelah konflik Israel-Hamas telah dikenakan pembatasan ISA,” ceuk CNA, dicutat Salasa (11/2/2025).

“Seorang pria Malaysia, yang bekerja sebagai petugas kebersihan di Singapura, dipulangkan karena mendukung ISIS,” tambah laman éta.

Kalawan wincik, Lee téh disebut munggaran pisan mimiti pangmusuhan ka Muslim téh dina awal taun 2023 sanggeus nimukeun konten Islamofobia jeung sayap kanan di media sosial. Inyana téh méakeun sababaraha jam sapoé pikeun maluruh tur ngonsumsi kontén ekstremis daring.

Dina bulan Juni 2023, Lee néangan rékaman video streaming langsung serangan teroris sayap kanan Brenton Tarrant ka Muslim di Christchurch, Selandia Baru, dina tanggal 15 Maret 2019 mah manéhna tutuluyan lalajo éta rékaman tur jadi ngaidolakeun Tarrant.

Satulyna manéhna ngunduh modifikasi gim video. Dirina maén peran minangka Tarrant anu maténi Muslim di Masjid Al Noor di Christchurch.

Dina awal taun 2024, radikalisasi Lee téh mingkin jero. Di mana inyana geus ngembangkeun pangmusuhan anu kuat kacida ka urang Melayu katut Muslim, sarta etnis séjén anu kalayan tradisional jadi sasaran para ekstremis sayap kanan kaasup urang Yahudi, Meksiko, Afrika Amerika, jeung India.

“Ia juga mendukung supremasi kulit putih karena ia merasa bahwa Islam merupakan ancaman bagi budaya kulit putih,” ceuk ISD deui.

“Ia telah menemukan ide-ide etno-supremasi yang membuatnya percaya bahwa orang Tionghoa, Korea, dan Jepang adalah etnis yang unggul, yang selaras dengan mereka mengingat etnis Tionghoa dan antipatinya terhadap Muslim,” tambahna.

Dina bulan September 2024, Lee mah nyieun tato dina siku katuhuna maké gambar sonnenrad, simbol anu katingali dina manifesto Tarrant tur dina ranselna salila serangan di Christchurch. Inyana ogé meuli kaus oblong kalayan citakan khusus simbol-simbol anu kakait jeung neo-Nazi, supremasi kulit putih, katut kolompok sayap kanan lianna.

Lee sorangan dilaporkeun ogé geus boga pikir pikeun malédogkeun bom molotov ka tatanggana anu Muslim-Melayu salila poé raya kaagamaan pikeun ngamaksimalkeun korban. Ngan, salian tumanya daring ngeunaan cara nyieun bom molotov téh, inyana teu ngalakukeun sasayagian leuwih jauh.

Inyana mah percaya yén kakerasan diperelukeun pikeun nyegah mayoritas Tionghoa di Singapura kagusur ku naon anu ku manéhna dianggap minangka populasi Melayu anu mekar kalayan mesat. Lee ngabayangkeun mimiti “perang ras” antara Tionghoa jeung Melayu di Singapura, ku nyieun propaganda anti-Melayu jeung anti-Muslim tur diunggah daring, ku harepan bisa nyiptakeun pangmusuhan antara éta kadua ras.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan