Sisindiran

Kikinciran gunung guntur.
Kacapi mah dikiloan.
Tong riweuh mikiran batur.
Mending ngopi bari moyan.

ngopi jeruk jeung rangesing.
Baud mah dina pipiti.
Hirup ulah loba rungsing.
Mending udud reujeung ngopi.

Ka wétan néangan bangbung.
Di buruan kikinciran.
Batan kur ngukut kabingung.
Yu hiburan sisindiran.

Kikinciran di buruan.
Kamalayon babancakan.
Sisindiran jang hiburan.
Sempal guyon gogonjakan.

Jarami ngambang na émpang.
Kikinciran dina kaso.
Tos lami henteu patepang.
Sisindiran tilam sono.

Lauk tagih dina émpang.
Daun sembung na jarami.
Muga urang sing patepang.
Nyambungkeun silaturahmi.

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan