Stiker Anies Baswedan di Angkot Bandung Barat Dicoplokeun Lantaran Ngalanggar Aturan

Bandung Barat – Kiwari.co.id. pemilihan Presiden 2024 masih lila kénéh méh leuwih ti sataun deui ti ayeuna ka hareup. Tapi rupa-rupa atribut pemilu kayaning baliho, pamplet, poster jeung stiker geus euyeub minuhan titingalian di saban tempat. Heuseusna bakal calon presiden geus sumebar ti mimiti puseur dayeuh nepikeun ka lelewek lembur di sakuliah Indonesia heuseusna di Kabupatén Bandung Baheula. hanjakalna panempatan éta atribut pemilu téh loba anu teu merenah tur ngalanggar palaturan sakumaha anu geus jieun jeung ditandeskeun ku Badan Pengawas Pemilu Indonesia (Bawaslu).

Ku sumebar jeung teu merenahna éta atribut partai jeung balon téh antukna matak sareukseuk katingalina, ngahalangan pamandangan jeung ngotoran tempat tur ngaruksak kaéndahan jeung éstétika.

Lain wungkul dina tempat anu teu sakuduna dijieun nerapkeun atribut balon, éta atribut kayaning stiker anu ditapelkeun dina kandaraan balaréa atawa angkot ogé kawilang teu merenah tur ngalanggar kana palaturan.

Bawaslu utamana Satpol PP jeung Dinas Perhubungan (Dishub) Kabupatén Bandung Barat (KBB) ahirna nartibkeun sakur atribut balon anu aya tur teu merenah, katut ngalanggar palaturan anu geus dilumakeukeun.

Salah sahiji conto dina poé Kemis 10/8/2023, Loba stiker bakal calon presiden Anies Baswedan anu dipasang dina kaca angkutan umum (Angkot) rupa-rupa jurusan di Bandung Barat, dicoplokeun patugas Dinas Perhubungan (Dishub).

Ieu pangcoplokan stiker téh dilakukeun lantaran ngalanggar katangtuan pamasangan aksesoris dina angkutan umum.

Sakuduna, kaca angkutan umum saukur meunang dipasang aksesoris maksimal sepertiluna sangkan panumpang di jero mobil bisa katingali, ulah nepikeun ka nutupan sakabéhna kaca.

“Keberadaan stiker (Anies Baswedan) ini full menutupi kaca jendela angkot. Jadi kita copot, karena berdasarkan ketentuan, kaca boleh ditutup maksimal satu pertiga,” ceuk Kepala Dishub Bandung Barat, Fauzan Azima, Kalemis 10 Agustus 2023.

Lain ukur stiker Anies Baswedan wungkul, Dishub Bandung Barat milu nartibkeun sababaraha stiker caleg jeung partai anu diterapkeun nutupan sakur kaca angkutan umum. Samalah patugas nyoplokeun 10 mika hideunf dina angkutan umum lantaran tingkat ngabelegbegna nghalangilan panumpang dina jero mobil.

Fauzan ngajéntrékeun, panggunaan kaca film dina angkutan umum perkotaan diatur dina UU No.22 Tahun 2009 ngeunaan tatali marga (Lalu Lintas) jeung Angkutan Jalan yén kandelna maksimum kaca film kandaraan anu dimeunangkeun saukur 40 persén dina jandela hareup sarta 70 persén dina jandela gigir jeung tukang.

“Kita juga lakukan pengecekan tingkat kepekatan kaca di angkutan umum.. Tadi sudah kita sudah cabut 10 kendaraan. Karena terlalu gelap,” tambahna.

Salian ngajalankeun aturan, pangcoplokan stiker promosi politisi jeung kaca hideung ieu ogé pikeun neken aksi kriminalitas katut kacilakaan tatali marga (lalu lintas) dina angkutan umum.

Sok komo deui dina anyar-anyar ieu geus kajadian insiden tabrak lari ku angkot jurusan Cimahi-Cililin.

Dina kajadian éta 4 kandaraan roda dua jadi korban tabrak lari lantaran supir angkot dina pangaruh inuman keras.

“Kami harap tingkat kriminalitas dan kecelakaan angkutan umum bisa ditekan. Mudah-mudahan dengan tindakan tadi bisa jadi pelajaran kepada pemilik atau operator agar tidak lagi melakukan penutupan kaca,” bébér Fauzan.

Dipiharep ku ayana dilakukeunana ieu tindakan, bisa jadi panangénan jeung pangwawadi ka sakur anu boga angkot jeung kandaraan séjénna pikeun milu tartib dina sakur widang tatali marga jeung kandaraanana.

Kontributor : Agus Rohmat

Ropéa Basa : Ris Bhuwana

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan