Ki WariWartaWarta Daerah

Tacan Réngsé Panangkesan Dua TPS di KBB, Pasualan Anyar Rubtah Jarah di Lembang Mucunghul

Tacan réngsé panangkesan runtah anu dikokola PT Tras Bumi Nusantara jeung Koperasi Produsen Healthy Harvest Indonesia, ayeuna ditimukeun deui hunyudan runtah di hiji lahan kosong di RW 02 Desa Gudang Kahuripan, Kacamatan Lembang, KBB. (agus satia negara)

Pasualan runtah di Kabupatén Bandung Barat (KBB), hususna di wewengkon Lembang jadi hanca pagawéan teu bisa diréngsékeun waé ku pamaréntah.

Ngamprah – Pasualan runtah di Kabupatén Bandung Barat (KBB), hususna di wilayah Lembang jadi hanca pagawéan teu bisa diréngsékeun waé ku pamaréntah.

Tacan réngsé panangkesan runtah anu dikokola PT Tras Bumi Nusantara jeung Koperasi Produsen Healthy Harvest Indonesia, ayeuna ditimukeun deui hunyudan runtah di hiji lahan kosong di RW 02 Desa Gudang Kahuripan, Kacamatan Lembang, KBB.

Teu anggang ti TPS anu sababaraha waktu kalarung geus diségel ku Pemkab Bandung Barat ngaliwatan Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP), tur dina panangkesan RSUD Lembang.

Ironisna, ayana runtah jarah (liar) anu deukeut kana pamukiman warga éta diantepkeun luput tina panangénan.

Teu saukur kitu, bau nyegok tina hunyudan runtah anu puluhan méter jangkungna ieu ngajadikeun polusi hawa di lelewek pamukiman warga. Malahan mah, kaangseu nepi ka Jalan Raya Lembang.

“Kondisi tumpukan sampah liar di lokasi tersebut sudah berlangsung sejak lama,” ceuk Kepala Desa Gudangkahuripan, Agus Karyana mangkukna.

Agus teu ngangles éta runtah-runtah téh dipiceun ku masarakat. Anapon kitu, inyana ngadalih teu apal warga mana anu miceun runtah di lelewek anu geus siga tempat pembuangan sementara (TPS) éta.

“Tapi dibuang oleh warga tapi tidak tahu warga mana, tapi kita akan segera mencari tahu darimana asal muasal sampah tersebut,” pokna deui.

Agus nyebut, pihakna bakal sagancangna ngangkir para RW pikeun muguhkeun saha anu piceun éta runtah. inyana ogé ngélingan ka warga sangkan teu miceun runtah ka éta lelewek.

“Nanti kami akan melakukan penataan kawasan (pembersihan sampah liar). Apalagi memang sudah ada komplain dari warga sekitar,” ceuk Agus.

Warga sabudeureun éta lelewek, Ujang Nurjaman (47) ngaku aringgis ku ayana éta hunyudan runtah téh. Ngan, dirinya teu wani komplain ka aparatur désa lantaran maranéhna mikanyaho anu miceun runtah ka dinya téh taya lian warga kénéh.

“Betul udah lama, saya kan setiap hari lewati jalan ini jadi tahu. Harapannya agar segera dibersihkan,” pokna.

“Tapi katanya pemilik lahan sudah meminta warga agar sampah ini segera dibawa (dibuang) karena tempatnya mau dibangun rumah,” sambungna.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Ki Wari