VideoWarta Daerah

Tandes, Warga KBB Ancam Golput di Pemilu 2024! Minangka Protes Jalan Ruksak

Cililin, Kiwari.co.id —

‘KAMI WARGA DESA KARYAMUKTI TIDAK AKAN MENGIKUTI PEMILU 2024 SEBELUM JALAN KABUPATEN DI WILAYAH DESA KARYAMUKTI KECAMATAN CILILIN DIBANGUN. MOHON PERHATIANNYA PEMDA KBB KAMI SANGAT LELAH’.

Éta tulisan anu maké aksara kavital wungkul téh kaunggel dina

Spanduk minangka protes kana kondisi jalan anu ruksak parna tur dipasang ku warga Désa Karyamukti, Kacamatan Cililin, Kabupatén Bandung Barat (KBB), Sabtu (30/9/2023).

Salah saurang warga di dinya Dasep (47), nyaturkeun yén aksi protes éta dilakukeun warga alatan geus ngarasa kesel ka pamaréntah anu terus terusan méré janji éta jalan dioméan tapi kabuktianana teu aya terealisasina.

“Jadi di spanduk itu kami bilang sebelum jalan kabupaten dibangun, maka masyarakat tidak akan mencoblos. Tapi kalau diperbaiki sebelum pemilu ya mungkin akan mencoblos. Kalau enggak, ya golput,” catur Dasep mangsa ditepungan, Senén (2/10/2023) ku detik.com.

Dasep ngajéntrékeun saméméh masang spanduk éta, inyana jeung warga séjénna geus remen naglakukeun protés ku rupa-rupa cara. Mimiti ti melak tangkal cau di tengah jalan nepikeun ka pura-pura nguseup di jalan anu balubang mangsa dikeueum cai na mangsa usum hujan.

“Jadi memang sudah sering, waktu itu juga kita sempat tanam pohon pisang. Terus warga yang kreatif bikin gambar pembalap motogp jatuh di jalan itu. Jadi memang kondisi jalannya 99 persen sudah rusak,” ceuk Dasep.

Nurutkeun Dasep, inyana jeung warga séjénna teu hayang nyaho saha anu boga wewenang ngoméan éta jalan. Sabab pikeun maranéhna, anu utama saukur realisasi janji ngoméan jalan.

“Ya buktinya sampai sekarang nggak pernah dibangun cuma dijanjikan terus menerus. Masyarakat nggak mau tahu yang membangun siapa yang penting ingin segera diperbaiki. Ini salah satu akses utama, menghubungkan kabupaten (Bandung) dan KBB,” ucapna Dasep.

Samentara ti éta Sekretaris Désa Karyamukti, Sutandar nyaturkeun lamun status jalan éta mangrupakeun milik Pamaréntah Kabupatén Bandung Barat. Pihakna geus sababaraha kali ngajukeun pangoméan jalan tapi tacan kalaksanakeun.

“Ya setiap tahun kita memang mengajukan, tapi buktinya sampai sekarang memang belum terlaksana karena berbagai alasan yang disampaikan Pemda KBB,” ceuk Sutandar.

Inyana ngamaklum léngkah warga anu ngalimpaskeun rasa kuciwana ku rupa-rupa cara, salah sahijina nolak méré sora alias bakal golput dina Pemilu 2024 hareup.

“Memang kemarin warga protes dengan mengancam golput saat pemilu, kemudian sempat mau mendemo desa tapi tidak jadi. Waktu 17 Agustusan, mereka membuat miniatur stoom dan buldozer seolah-olah memperbaiki jalan. Jadi memang mereka ini sudah lelah dan bosan dijanjikan terus menerus,” pokna Sutandar.

Tapi dina mangsa ieu mah éta spanduk téh geus diturunkeun ku warga luyu arahan ti pamaréntah kacamatan Cililin. Maranéhna dijangjikeun aspirasina baris sagancangna ditepikeun ka pemda KBB. Tapi lanun ngawadul, warga ngancam baris ngagelar aksi protes leuwih gedé deui.

12 Taun Teu Kacabak Pangoméan

Sekretaris Désa Karyamukti, Sutandar, nyaritakeun éta jalan geus ruksakna geus lila. Welasan taun kalarung, taya perhatian ti pamarétah pikeun éta jalan.

“Jadi kondisi jalan ini memang rusak parah, mungkin sudah 12 tahun. Jadi sejak 2001 itu belum pernah ada perbaikan apa-apa, ya dibiarkan rusak begini saja,” ceuk Sutandar mangsa ditepungan di Kantor Désa Karyamukti, Senén (2/10/2023).

Jalan éta téh jadi akses utama warga ngangkut hasil tatanén, kayaning cabé, tomat, nepikeun kopi anu ti saprak taun 2020 dirancanakeun jadi produk khas Désa Karyamukti. Tapi bahya ngancam warga mangsa ngaliwat jalan anu beungeutna taya pisan anu rata.

“Jadi ini jalan warga untuk mengangkut hasil pertanian karena kan mayoritas petani. Ada cabai, tomat, itu diangkutnya ke Soreang dan Pasar Caringin. Lewat sini karena mengurangi jarak tempuh, waktu, dan bahan bakar. Kalau ke Cililin kan mutar,” ucap Sutandar.

Salila 12 taun éta ogé, warga kalayan swadaya ngoméan jalan sanajan saukur panambalan anu teu pati mangaruhan kana kapantesan jalan pikeun diliwatan.

“Terakhir itu tahun 2021, warga Desa Karyamukti sama Desa Nangerang itu swadaya memperbaiki jalan. Kalau tidak salah dari Desa Karyamukti itu patungan Rp12 juta, nah dari Desa Nangerang itu Rp13 juta. Tapi nggak lama rusak lagi,” catur Sutandar.

Pihakna sorangan teu cicing. Saprak 2018 sababaraha kali ngajukeun pangropéaan jalan ditepikeun ka Pamaréntah KBB, tapi taya hiji ogé totondén jalan baris sagancangna dioméan.

“Jadi 2018, 2019, sampai 2020 terus kita ajukan. Di 2020 tidak jadi karena alasan anggaran dialihkan untuk penanganan COVID-19. Kita ajukan lagi, terus dapat kabar di pertengahan 2023 mau diperbaiki,” pokna Sutandar.

Angger baé, saukur harepan semu. Nepikeun ka bulan Oktober 2023, teu aya kapastian iraha jalan éta bakal dibales sangkan teu ngabahyakeun warga anu lalar liwat. Sabab teu saeutik warga ngarandapan kacilakaan tunggal lantaran teu ratana beungeut jalan.

“Nah kemarin dapat kabar di Mei 2023 mau diperbaiki, tapi sampai Oktober ini tidak ada kabar. Padahal kami sudah memperbaiki drainase sesuai arahan dari Dinas PUTR,” ceuk Sutandar

 

Kontributor : Agus Rohmat

Ropéa Basa : Ris Buwana

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Video