Tegal Babut Sukma

Méga kulawu nyaput wiati.

Beureum kelir jukut tegalan.

Bayu rerep ngilang antaré.

Jajap sukma ngawang ngajomantara.

Layon patulayah lir kalakay mayak.

Jamparing langit gondéwa marapat.

Niir ati niruk jajantung sinatria.

Imut jajap papaés beureum beungeut.

Karémbong wiru ngembang kadu.

Teu walakaya kirincing gé jemping kingkin.

Tumbak koléwang nyarung lain na paranti.

Maragatkeun hirup jeung Rahayuna.

Jerit parat ka langit.

Kocéak parat sadunya.

Indung nyegruk budak pating kocéak istri ceurik ngagerih.

Manusa kari waruga teu walakaya.

Siger kari tetengger.

Makuta ilang komara.

Bitotama pamungkas nebus wibawa.

(Ki_Aris)
#Nyawang_Balé

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan