Dina ayat pamungkas Surat 106 Al Qureisy disebatkeun
الَّذِىۡۤ اَطۡعَمَهُمۡ مِّنۡ جُوۡعٍ ۙ وَّاٰمَنَهُمۡ مِّنۡ خَوۡفٍ
“Anu maparin kadaharan malar teu lapar tur masihan rasa aman malar kasieun singlar”
Ajén inajén pamingpin bisa dipeunteunku kaayaan wargana, préstasi panghandapna nyaéta ngajaga supaya ulah aya saurang ogé rahayat anu salatri (at’amahum min juu’in) ajén pangluhurna nyaéta nyiptakeun rasa aman pikeun rahayat, teu boga kahariwang (aamanahum min khouuf). Upama kajadian aya warga anu salatri, komo kabéjakeun teu karéraban dahareun leuwih ti sapoé, éta nandakeun pingpinan teu boga ajén pisan. Pingpinan nu mana? nu panghandapna nya RT, nu pangluhurna nya persidén.
Tapi urang ogé salaku tatangga kaasup teu berpréstasi nepikeun ka teu apal aya tatangga salatri. Ketua DKM ogé salah siga nu teu boga saldo tina kéncléng, piraku DKM teu boga keur méré béas saléter-léter acan. Badan Amil Zakat ogé salah, naha bet teu nyaho aya warga anu kudu diantisipasi keur kabutuhan sapopoéna? Apan tugas utama Badan Amil Zakat téh ngadata saha waé fakir miskin anu nampeu?
Dina surat Al Qureisy bubutuh manusa téh ukur disebut pangcopélna jeung pangpunjulna: teu salatri jeung teu sieun. jeung Diantara nu dua aya bubutuh lainna, upama diwincik nyaéta:
Survive (At’amahum min juu’in), kaijir dahareun keur isuk;
Welfare-sejahtera (ma’mur), teu bingung mayar SPP;
Comfort-nyaman (sakinah); mun balanja ningali size lain price;
Peaceful-tingtrim (muthma’inah), teu mikiran bayaran jeung bayareun;
Secure (Amanahummin khouf), teu hariwang ku sawangan nu baris datang.
Keun anu opat mah, anu kahiji wé lanan. Upama dititénan anu ngadata warga téh:
Kementerian ékonomi: Sénsus ékonomi;
Kementerian Pertanian: Sénsus pertanian;
Kementerian Dalam Negeri: Sénsus penduduk;
Kementerian Sosial: Pendataan Penyandang Masalah Kesejahteraan Sosial jeung Rumah Tangga Sasaran keur kapentingan PKH, BPNT, BLT jeung Bansos séjénna;
Kementerian Kesehatan ngadata masyarakat Penerima Bantuan Iuran BPJS
Kementerian Pendidikan: Pendataan Penerima Subsidi Siswa Miskin
Badan Amil Zakat ngadata mustahik unggal taun.
Saéstuna pamaréntah tos ngancokeun waragad triliunan rupia pikeun mairan fakir miskin, diantarana waé ngaliwatan program PKH 10 juta RTS hartina minimal 40 juta jiwa; Bantuan Pangan 27 juta Rumah Tangga Sasaran hartina minimal 71 juta jiwa, jadi jumlah anu meunang bantuan sadayana sakira 111 juta jiwa. Sawaréhna tina 11 jiwa aya anu narima bantuan pendidikan ngaliwatan program kartu pintar. Terus dina bagbagan kaséhatan Pamaréntah nangkes iuran BPJS keur 97 juta jiwa. Anu bieu program normal. Dina mangsa normal anyar kiwari aya tambahan Bansos, Bantuan UKM, Bantuan Prakerja jeung nu séjénna. Rempeg programmah tong hariwang.
Tapi naha aya kénéh anu teu meunang hancengan (atawa teu nepi?), naha bet aya nu salatri? Naha aya nu gering teu kaubaran? Malah di pilemburan mah masih aya budak anu teu sakola. Bisa jadi urang leuwih ngarasa yén éta lain urusan urang, yén éta geus aya instansi anu ngurus. Padahal lamun kabéh daék ha’at, kabéh bisa mantuan. Ulah sagalana sina diurus ku pamaréntah, apan urang nyaho pamaréntah téh keur werit. Ayeuna mah urang jadi tatangga nu punjul wé, urang wincik naon waé anu jadi bubutuh tatangga urang téh.
Biasana anu kudu dibantu téh boga masalah dina urusan administrasi kependudukan. Aya hadéna upama urang nunjuk salah saurang voluntir pikeun ngaréngsékeun urusan administrasi kependudukan. Adminstrasi Kependudukan anu dimaksud KTP, KTP Anak, Kartu Keluarga, Surat Kenal Lahir jeung administrasi séjenna. Sadiakeun biayana boh keur motocopy atawa ongkos kaditu kadieu, kaasup keur itu ieu. Ké Lamun geus baroga Administrasi Kependudukan didaptarkeun supaya asup kana data penyandang masalah kesejahteraan sosial. Keur program APBN aya Pekerja sosial di Kecamatan. Urusan Kesehatan ka Konter BPJS. Jeung ka instansi séjénna. Tangtu waé ari ka pihak désa jeung kelurahan mah diutamakeun.
Tinggal ayeuna bantuan nyata ti urang-urang salaku tatangga, rék maké wahana naon? Instansi RT, Dewan Kemakmuran masjid, atawa lingkung rempugjukung?
Aya RT anu boga program pérélék, sawaréhna warga shodaqoh handapna sapuluh rébu luhurna saratus. Teu gedé da ukur 50 kuren, sabulan meunang sajuta satengah. Sabada ngumpul, dipotong biaya operasional terus direncéng-rencéng: 10% disetor dana cadangan sosial RW, 20 % cadangan dana sosial RT. Sésana dibagikeun ka tatangga anu walurat, ukur dua kulawarga. Anu sakulawarga dibéré 600 rébu anu sakulawarga deui 450 rébu da jumlah jiwana ukur tilu.
Jaman aya raskin, usum dibagi raskin loba fakir miskin teu kabedag keur nebusna sanajan ukur dua puluh rébu. Duit sakitu ari teu bogamah teu boga wé. Barudak Remaja Masjid ngadata jumlah anu hak meunang raskin di RW sabudeureun masjid. Rata-rata sa RT aya tilu 15 RT berarti 45 mustahik. Ditebus ka désa ku DKM laju dianteurkeun ku barudak remaja masjid kaimahna masing-masing. Basa naranyakeun kumaha mayarna, dijawab: cukup ngeusian kencleng ari ngaliwat ka masjid sakadugana, naha sarébu atawa dua rébu. Di masjid disadiakeun kencleng ditulisan shodaqoh béas. Unggal bulan eusi kéncléng paling copel sajuta dua ratus. Ngan duitna tilu rupa, 500 perak sarébu jeung dua rébu.