Barudak KiwariMotekar

Ti 1930, Kuliner Legendaris Colenak Murdi Putra Bandung Masih Eksis 

Bandung, Kiwari.co.id – Tatar Sunda geus kawentar ku sugihna rupaning kadaharan khas anu kawilang geus jadi legenda alatan geus aya mangpuluh samalah mangratus taun ti jaman baheula mula.

Pon kitu deui dayeuh Bandung mibanda kabeungharan kuliner legendaris. Salah sahiji kulinerna nyaéta Colenak Murdi Putra. Ari colénak téh mangrupakeun kecap rajékan tina dua kecap nyaéta “dicocol enak”. Kadaharan ieu téh bahan dasarna peuyeum sampeu kalayan disajikeun maké kucuran kinca atawa saulos gula beureum.

Pamilik Colenak Murdi Putra 3, Bety Nuraety ngaku, dirina mangrupakeun generasi katilu anu neruskeun usaha dagang colénak Murdi Putra anu perenahna di Jalan Kembang Sepatu nomer 4, Kosambi, Kota Bandung.

Usaha jualan colénak dirintis ku Akina anu ngaranna Murdi ti taun 1930. Kecap colénak ogé disohorkeun munggaran ku akina anu asalna tina omongan nu meuli.

“Awal mula jualan dari kakek tahun 1930, waktu itu jualannya masih gerobakan di Jalan Ahmad Yani. Terus ada toko di Ahmad Yani, terus dilanjutkan ke ibu, saya pindah dari toko awal sampe ke sini (Kosambi),” pokna mangsa ditepungan wartawan, Saptu (7/10/2023).

“Waktu itu sebetulnya namanya peyeum digulaan, bukan colénak. Cuma karena ada pembeli, dulu ini dimakannya harus dicocol biar enak, jadilah kata colénak. Makanya nama colénak itu sebetulnya bukan dari kakek tapi dari pembeli,” tambah Bety.

Dia ngajéntrékeun, resép colénak Murdi teu kungsi robah ti saprak 1930. Bahan bakuna ogé khusus, peuyeum anu dipaké jinis kadapo lantaran mibanda tekstur teu beyé teuing atawa teuas. Tuluy, gula beureum anu dipaké asalna ti Kabupatén Pangandaran. Pikeun proses pangolahanana ogé masih ngagunakeun cara tradisional kalayan ngagunakeun areng jeung suluh kai.

“Resepnya kita sama. Bakarnya tetap pakai arang untuk singkong atau tape jenis kadapo. Lalu pembuatan kinca colenak kita masih pakai kayu bakar,” ucap Bety.

Nurutkeun Bety, resép jeung proses pangolahan sacara tradisional, ieu anu ngabédakeun rasa jeung aroma colénak Murdi jeung anu lainna. Teu hémeng lamun ti baheula para palanggan teu kungsi ngabalieur.

“Sebetulnya yang kebanyakan beli itu dari luar kota dari Jakarta kebanyakan itu karena orang-orang sini sudah biasa. Dulu pernah Pak SBY nyobain, menteri koperasi Pak Teten Masduki, Pak Ridwan Kamil sering,” ucapna.

Kiwari aya tilu varian colénak Murdi Putra 3 nyaéta, rasa pandan, kadu jeung nangka. Salian éta, sangkan colénak bisa tahan leuwih lila, dihadirkeun ogé kemasan kaléng anu bisa awét nepikeun ka 3 bulan.

“Untuk harga per bungkus itu Rp12 ribu, ada kemasan snack box Rp7 ribu, Rp15 ribu pakai kotak, kalau besek Rp17 ribu. Kalau yang kaleng Rp30 ribu, ada juga yang dua kilo Rp105 ribu pakai wadah besar,” pokna.

Dijadikeun kadaharan panutup di Konferensi Asia-Afrika 1955 Bety nyebutkeun, colénak buatan akina ieu kungsi jadi hidangan panutup anu disajikeun ka tamu nagara dina mangsa Konferensi Asia-Afrika (KAA) 1955.

“Selama KAA, colenak dijadikan desert terutama di malam resepsi tanggal 18 April 1955 di gedung Pakuan dan acara perpisahan 24 April 1955 di Hotel Savoy Homan,” pokna deui.

Anapon kitu, inyana ngaku teu mikaweruh alesan colénak buatan akina dipilih jadi salah sahiji hidangan di acara KAA.

“Katanya kebanyakan orang Belanda pada jajan, jadi banyak yang minta (colénak). Waktu itu juga saingan kakek kan gak seperti sekarang banyak,” ceuk Bety nambahkeun, kapopuléran colénak Murdi ti jaman baheula ngajadikanana minangka kuliner legendaris anu remen dilibatkeun dina acara miéling éta konferensi.

“Makanya tiap ada pertemuan KAA, kita selalu diundang biasanya untuk menyuguhkan colenak buat tamu-tamu itu,” pungkasna.

Kontributor : agus Rohmat

Ropéa Basa : Ris Bhuwana

Sumber : KOMPAS.com

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *