Dominika, Kiwari.co.id – Hiji balai gedé kahadian di Republik Dominika mangsa suhunan hiji kelab malam rugrug tur ninan ratusan pajugjug anu keur aya berada di jerona. Paristiwa nahas ieu téh niwaskan Gubernur Provinsi Monte Cristi, Nelsi Cruz, reujeung 184 korban jiwa lianna, ngajadikeunna salah sahiji insiden paling maténi di éta nagara Karibia dina sababaraha dekade ahir.
Dicutat ti kantor berita AFP dina poé Kamis (10/4/2025), jumlah korban tiwas ngajaul drastis. Pamancén darurat dina Rebo peuting ngalaporkeun ayana 60 kapatian tambahan kana laporan dina wanci isuk. Total korban jiwa anu geus dikonfirmasi téh ngahontal 185 orang.
Saméméhna mah, pihak nu wenang kungsi nétélakeun yén masih aya harepan pikeun manggihan korban salamet. Ngan panétélaan éta téh satuluyna dicabut, tur fokus operasi ayeuna sapinuhna diarahkeun kana prosés evakuasi layon.
“Upaya penyelamatan akan kami rampungkan hari ini,” ceuk Jose Luis Frometa Herasme, Kepala Dinas Pemadam Kebakaran di Santo Domingo-ibu kota Republik Dominika sakaligus lelewek tragedi anu kajadian di klub malam Jet Set, Salasa janari waktu satempat.
Leuwih ti 300 personil panyalamet geus dikerahkeun, dibantu ku tim ti Puerto Riko jeung Israel katut anjing palacak. Maranéhna bajoang nyingkirkeun ruruntuk tina ruruntuhan waja, batu bata, jeung hateup séng anu rubuh. Ti jomantara mah, lokasi kajadian téh katingalina siga zona bancana akibat lini.

Tragedi ieu téh dina mangsa panyanyi merengue kasohor, Rubby Perez, keur minton di hareupeun ratusan panongton. Runtuhna suhunan ngabalukarkeun leuwih ti 500 urang jalma ngarandapan tatu. Rubby Perez sorangan dilaporkeun milu jadi korban tiwas, bareng jeung dua manten atlet bisbol aohor, Octavio Dotel.
Manajer Perez, Enrique Paulino, nyaritakeun ka AFP yén kulawarga sang panyanyi masih nungguan waktu anu pikeun ngatur pamakamanana.
Samentara ti éta, Antonio Hernandez, bapana ti salah saurang staf Jet Set, ngungkabkeun rasa peunggas harepanana mangsa nyaksian réana layon anu kapanggih, tur teu aya hiji baé ogé korban salamet beunang dievakuasi.
Salah saurang panyintas, Iris Peña, nyaritakeun yén dirina mah bisa ngaloloskeun diri sanggeus misadar aya lebu ragragan kana jero inumanana, tuluy hiji bongkahan gedé ngancurkeun méja di hareupeunana.
“Getarannya begitu kuat, seperti sedang terjadi tsunami atau gempa bumi,” pokna ka media lokal.
Pihak manajemen Jet Set mertélakeun yén maranéhna keur gawé reujeng kalayan sapinuhna jeung aparat nu wenang pikeun nyalidik panyebab ieu bancana. Tragedi éta téh disebut minangka salah sahiji insiden paling tragis dina sajarah modern Republik Dominika.
Presiden Luis Abinader nepikeun béla sungkawa anu jero tur netepkeun tilu poé mangsa kingkin nasional minangka bentuk panghormatan pikeun para korban.
Ropéa basa: Agus Rohmat