Tradisi Jampana Ngaramékeun 17an Cipatat, Garuda Daun Jadi Pinunjul Ka-1

Cipatat, Kiwari.co.id – Upacara Kamerdékaan RI disalenggarakeun di saban wewengkon mimiti ti puseur dayeuh nepik saban lelewek tingkat désa. Ieu upacara geus jadi hiji mangsa anu ditunggu tunggu ku saban warga minangka unjuk kamotékaran nyieun jampana pikeun milu ngareuah-teuah poé kamerdékaan dina saban taunna.

Pon kitu deui di wewengkon désa Cipatat. Kacamatan Cipatat KBB. Upacara miéling poé kamerdékaan di ayakeun di Lapangan désa kampung Nyomplong RW 18. Lahan anu sakitu legana teu weudeu heurin usik ku para pamilon upacara ti mimiti barudak sakola, paguyuban katut warga masarakat anu mawa kamonésan mangrupa jampana ti saban-saban RW di désa Cipatat.

Salah sahiji anu kawilang narik paniténan diantara mangpuluh jampana téh nyaéta kamotékaran anu mangrupa kapal buing anu dijieun ku warga RW 18 kampung Nyomplong anu sakaligus jadi somah dina panyalenggaraan upacara Kamerdékaan RI ka-79 ayeuna.

Wahyu Wahyudin (43) salaku katua RW 18 nyaturkeun ngeunaan penggarapan jampana anu dibawa reujeung wargana.

“Ieu téh janten buktos kreativitas warga RW 18 anu hoyong ngiring ngareuah-reuah upacara HUT Kamerdekaan RI ku ngadamel kakapala,” pokna mangsa ditepungan Kiwari.co.id dina lolongkrang caliweura.

Kakapalan anu dipintonkeun téh kawilang gedé, kalayan lébar jangjang 7 méter jeung panjang 10 méter tur méakeun waragad leuwih ti sajutaeun mun maké matérial meunang meuli mah, ngan kulantaran réa bahan meunang ngamangpaatkeun bahan urut, nya waragad téh bisa dipeureut deui.

“Muhun ieu téh sabagéan bahanna mah kéngéng mulungan, ngempelkeun ti warga, kayaning karpét tilas, sareng anu sanésna, ari awi mah da seueur jaradi di dieu mah,” ungkabna.

Kakapalan warga kulawu anu méh saribag jeung aslina téh dijieun tina raraga kai katut awi, kalawan disaput ku karpét, dikumplitan maké tilu gilinding, sangkan babari didorong ti lembur ka lapangan.

Panggarapan éta kakapalan méh saminggu sok sanajan ukur dina waktu ukur sababaraha jam dina sapoéna, alatan warga anu nyieunna saukur ngandelkeun sasalséna dina mangsa mangsa sanggeus ngalaksanakeun kasabna séwang-séwangan. dinten.

Lian ti jampana Wahyu nambahkeun, yén pasanggiri anu di ayakeun, sabagéan gedé pamilon anu meunang pangajén jeung jadi pamilon téh ti wargana (RW18) kayaning pinunjul MTQ, pasanggiri adzan, Maén bola, Poli jeungsajabana.

“Alhamdulillah warga kaitung antusias ngiringan ieu kagiatan komo diayakeun di lapangan anu aya di ieu RW 18, kanggo acara anu ieu minangka anu ka-2 kalina ngalaksanakeun upacara HUT RI di lapangan Nyomplong,” jéntréna.

Inyana migarep ku diayakeun upacara di lingkunganana masing jadi pamecut sumanget sangkan wewengkonna leuwih maju, sarta miharep
Ka pamarentahan desa sing remen ngalanglang ka masarakat pikeun nyerep aspirasi ti warga.

Dina kegiatan jampana di Cipatat éta aya tilu RW anu jadi pinunjul sanggeus ngaliwatan pangajén ti panitia nyaéta jampana Gagarudaan tina bahan dangdaunan minangka bulu bulu garuda anu nutupan sakujur awakna meunang pangajén pinunjul ka-1 beunang kamotékaran warga RW 13, jampana Bedah Rumah ti RW 03 pikeun juara kadua jeung Sisingaan ti RW 09 pikeun pinunjul katilu.

Din séjén wanci, Nana (37) salaku anu ngarancang jampana garuda nyaturkeun.

“Alhamdulillah, teu nyangka geuning jampana ti RW abdi téh janten anu kéngéng juara kahijina,” pokna mangsa ditepungan.

Inyana ngajéntrékeun, waragad nyieun jampana teu méakeun gedé lantaran matérial pikeun ngabentukna loba tina bahan urut, sok komo deui dangdaunan anu dijieun minangka bulu garuda mah apan saukur ngala ti lingkungan sabudeureunana.

“Nya ari kirang langkungna mah ukur ratusan rébu, kanggo biayana margi saukur tina kai, awi, karung sareng dangdaunan,” jéntréna.

Ku alatan jampana anu dijieun babarengan jeung warga, Inyana miharep sangkan para pamuda jeung warga lianna bisa leuwih ngahiji, mertahankeun kakompakan jeung kamotékaranana.

 

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan