Tulisan Dingding Indung jeung Anak anu Kapanggih Tinggal Rorongkong di Bandung Barat jang Bapa

Ngamprah, Kiwari.co.id – Patina Iguh Indah Hayati (55) jeung Elia Imanuel Putra (24), Indung jeung anak anu kapanggih tinggal rorongkong ninggalkeun pesen tinulis. Éta kadua rorongkong menggaran kapanggih di luhur kasur di Kompleks Perumahan Tanimulya Indah, RT 10 RW 15, Désa Tanimulya, Kacamatan Ngamprah, Kabupatén Bandung Barat (KBB), Jawa Barat dina poé Senin burit (29/7/2024).

Tulisan-tulisan anu ditimukeun dina témbok-témbok imah di bagian rohang tamu jeung kamar saré tempat di mana ditimukeunana rorongkong Indah jeung Elia. Éta tulisan eusina pesen anu dialamatkeun ka Mudjoyo Tjandra, salaki Indah atawa bapa ti Elia.

Tulisan anu diduga ditulis ku Indah unina ‘Jikalau kau menikah lagi, aku harap kau jangan menyakiti istri ketigamu nanti. Aku lihat kau sudah meminang istri baru lagi kan? Yang dari Ciamis yang photo bersamamu itu. Dipakai di FB Hendra Setiawan. Di kolom komentar tertulis mengingat karena kau pernah gagal menjalani hubungan pada istri ke 1 mu yang bernama Leony Maria Theressia’.

Tulisan Indah séjénna ‘Aku minta rumah ini diwakafkan untuk mesjid Tanimulya. Kalau Mudjoyo Tjandra tidak menyerahkan untuk didirikan mesjid di tempat ini, berarti sudah menjadi penjahat karena merebut hak saya dan warga Tanimulya untuk warga RT 10. Pak RT tolong tagih rumah ini dan harus jadi mesjid atas kematian saya’.

Elia ogé diduga mili ninggalkeun pesen dina témbok rohang tengah.

Tulisan Elia ‘Aku hanya minta uang sekolah tapi kau seperti itu. Katanya raihlah cita-citamu setinggi langit, tapi kau tidak dukung aku dengan biaya sekolah. Maafkan aku tidak bisa menjadi anak yang sempurna karena manusia tidak ada yang sempurna. Termasuk istrimu aja kau tinggalkan karena kau menuntut dia menjadi sangat sempurna. Tapi ketahuilah, hanya tuhan yang sempurna’.

Kapolres Cimahi AKBP Tri Suhartanto nyaturkeun, tulisan-tulisan anu kapanggih dina dingding imah éta diduga eusi haté Indah jeung Elia saméméh tilar dinya

“Pada saat kita melaksanakan olah TKP, ditemukan tulisan-tulisan di dinding rumah tersebut,” ungkab Tri mangsa ditepungan di lokasi kajadian, Selasa (30/7/2024).

Tulisan anu ditimukeun pulisi mangsa olah TKP éta ngait jeung pamasalahan kulawarga anu dirandapan rumah tangga maranéhna. Tapi, tulisan éta bakal dicocokeun jeung tipografi anu biasa ditulis ku Indah atawa Elia di media tulis kawas keretas atawa media séjén.

“Konteksnya berkaitan dengan permasalahan yang dialami. Nantinya akan dipastikan terlebih dahulu, apakah tulisan yang ada di tembok itu sama dengan tulisan milik dua kerangka itu yang ditulis di media lain,” pokna Tri.

Tulisan anu eusina éta pesen-pesen milu ngajadi barang bukti pulisi pikeun neuleuman panyabab patina éta kadua layon anu geus tinggal tulang-taléng .

“Memang sudah ada bukti-bukti penunjang dan bukti-bukti petunjuk untuk memastikan apa penyebab kematian dari kedua korban tersebut. Baru kita bisa menjelaskan nih, kalau sekarang kan hanya persepsi,” ceuk Tri.

Tepika mangsa ieu, pulisi masih ngalakukeun panyalidikan kalayan ngumpulkeun sajumlah barang bukti tur mariksa saksi-saksi mimiti ti dari jalma anu munggaran manggihan rorongkong, kerabat, tepika tatangga maranéhna.

“Saksi yang kita periksa sudah ada beberapa orang, mulai dari yang pertama menemukan (suami Indah), ketua RT, tetangga sebelah. Nanti kita masih akan terus melakukan pemeriksaan untuk mendapatkan keterangan dari saksi-saksi tersebut,” pungkasna.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan