Tungtut Tutup Warung Miras, Emak-emak di Bandung Barat Gurudug Kantor Désa

Cikalongwetan, Kiwari.co.id – Minuman Keras (Miras) remen pisan jadi pamancing kana rupa-rupa tindak kajahatan jeung laku lampah anu matak harénghéng pikahariwangeun di lingkungan masarakat. Teu saeutik ogé anu nimbulkeun korban jiwa ku ieu inuman lamun nginumna kaleuleuwihi.

Kaayaan anu kitu téh kajadian ogé di salah sahiji wewengkon di Kabupatén Bandung Barat. kasalempangan anu karandapan ku warga ieu ngabalukarkeun puluhan emak-emak marekel poster kalayan wanda protes di buruan kantor Désa Cipada, Kacamatan Cikalongwetan, Kabupatén Bandung Barat (KBB), Jawa Barat. Aksi unjuk rasa anu viral di media sosial éta téh dijorowokeun ku masyarakat Désa Cipada kana lobana prakték jual beuli minuman keras (miras) jeung narkotika di wewengkonna.

Warga anu ngageremet kana parédaran miras jeung obat-obatan kalarang éta akhirna nyieun poster tungtutan jeung baliho panolakan.
Salian ngagelar aksi unjuk rasa, masyarakat Désa Cipada masang sababaraha spanduk maké tulisan ‘Kami Warga Desa Cipada Menolak Keras Peredaran Miras, Obat Terlarang, dan Narkotika’ di sababaraha titik pasimpangan jalan.

Kapolsek Cikalongwetan, AKP Nurmawan nyaturkeun, aksi unjuk rasa anu dilakukeun masyarakat Désa Cipada éta téh mangupakeun aksi protes warga anu lewang hariwang ku ayana prakték jual beuli miras jeung obat-obatan terlarang di wewengkon aranéhna.

“Video yang viral (kemarin) itu merupakan aksi warga ramai-ramai memprotes adanya warung yang menjual miras dan obat-obatan terlarang,” ungkabna Nurmawan mangsa dihubungan via sambungan telepon, Salasa (14/11/2023).

Kageremetan warga Désa Cipada éta téh ngagedur lantaran palaku panjualan miras jeung obat-obatan terlarang éta masih dilakukeun waé sababaraha kali geus dipénta tutup ku masyarakat di dinya.

“Puncaknya itu karena kejadian Jumat malam kemarin, jadi banyak anak-anak muda dan orang asing datang ke situ beli miras dan obat terlarang. Kemudian sempat warga bereaksi, ramai sampai sekarang,” jéntréna.

Saméméhna pulisi ogé kungsi méré panyaram sangkan nu boga warung téh nutup prakték jual beuli miras luyu jeung paménta warga. Tapi buktina saukur sababaraha poé tutupna, éta warung muka deui kalayan cara ucing-ucingan jeung pulisi tur ngahariwangkeun warga.

“Jadi kami juga kaget, ternyata masih buka. Padahal sudah pernah kita minta supaya tidak berjualan. Sempat tutup, tapi beberapa hari kemudian ternyata buka lagi,” ungkab Nurmawan.

Kakeuheul warga ieu mingkin ngajadi, puncakna pulisi koordinasi jeung Pemkab Bandung Barat pikeun ngalakukeun tindakan panyégelan warung miras éta.

“Hasilnya, tadi sama Satpol PP KBB itu warungnya disegel dulu. Kita sudah minta pemiliknya buat datang, tapi memang belum datang,” pokna deui.

Ratusan botol miras ti éta warung dijabel pulisi katut nitah nu boga warug pikeun datang jeung dipariksa di Mapolsek Cikalongwetan.

“Jadi kita dulu yang menangani, kita minta datang untuk membuat pernyataan. Selanjutnya mungkin akan ditangani oleh Satpol PP KBB,” pungkasna.

Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : RB

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan