Basa Sunda minangka basa karuhun anu disebut basa indung anu jadi cicirén jeung basa pameungkeut pikeun hiji séké bangsa anu hirup di pulo Jawa belah kulon atawa Jawa Barat anu katelah. Basa anu jadi kasang tukang kahirupan tur jadi jati diri di antara séké bangsa séjénna di tatar Nusantara anu ngaleuya séké bangsa katut basana.
Basa Sunda anu dipaké di tatar Pasundan kiwari loba pisan jeung sugih kacida kecapna. Hal ieu loba pisan anu mangaruhanan, bisa alatan loba bangsa séjén anu datang tur bumén-bumén di tatar Pasundan, pon kitu deui urang Sundana sorangan anu balik ti pangumbaraanana sarta mawa kecap-kecap tina basa di pangumbaraanana anu teu ngahaja rajeun dipaké dina paguneman sapopoé di lemburna pituin. Basa Sunda nu dipaké dina gunem catur di tatar Sunda utamana di tatar Parahyangan kiwari disebut basa Lulugu kalayan jadi patokan dina tata basa Sunda.
Undak usuk basa Sunda kiwari atawa basa lulugu dina riwayatna anu kacutat asal-muasalana ieu istilah undak-usuk basa téh gedé dipangaruhan ku adat kabiasaan dina tatakrama jaman karajaan Mataram anu harita sabagéan tatar Pasundan jadi babagéan tina wewengkon kakawasaan Mataram reujeung alpukah urang Walanda anu keur satengahing kumawasa di Nusantara hususna di pulo Jawa.
Undak-usuk basa Sunda (basa lulugu) sacara garis badagna kabagi kana lima bagéan.
- Basa Wewengkon, nya éta basa atawa kekecapan anu ilahar dipaké di sabagéan sékésélér Sunda di hiji wewengkon kalayan arang langka dipaké atawa teu nyampak di bagéan sékésélér séjénna.
- Basa Kasar, nyaéta kekecapan anu ilahar dipaké dina mangsa Si Panyatur aya dina kaayaan ambek, keur nyarékan, atawa kekecapan anu dipaké atawa dilarapkeun ka sato.
- Basa Loma, nyaéta kekecapan anu ilahar dipaké ku jalma anu antara Si Panyatur jeung Si Pangrungu geus Loma, geus wawuh lila atawa geus dianggap galib dina hirup kumbuh. Dina kekecapan béwara, warta, carita, dongêng jrrd.
- Basa Lemes, nya éta kekecapan anu dipaké pikeun ngahurmat atawa silihhurmat antara Si Panyatur ka Si Pangrungu boh ka sahandapeun, pon kitu deui saluhureun dina umurna, pangkatna, kalungguhanana jeung saterusna. Basa lemes ogé dina larapna kabagi dua deui nya éta basa lemes keur sorangan jeung basa lemes keur nu séjén.
- Basa Serepan, nya éta kekecapan anu ilaharna dipaké ku urang Sunda anu asalna tina basa deungeun, boh basa Jawa, basa, Kawi, basa Arab, basa Portugis jeung basa-basa bangsa séjénna.