Viral: Pamotor Kagét ka Béngkél Ieu Mangsa Maghrib, Netizen: Apal Meureun Naha Maranéhna Bisa Seramé Ieu Usahana

Kiwari.co.id – Pangalaman teu ilahar dialaman saurang pamotor mangsa arék ngaoméan kandaraanana di hiji béngkél mangsa wanci Maghrib. Caritana ogé viral di media sosial. Sanajan tacan kapaluruh di mana lokasi béngkél éta. Dalam video pondok anu diunggah akun Instagram @gara.itsme, mintonkeun, mimitina nalika motor saurang pangandara ngalaman ranté pegat mangsa wanci Maghrib anjog, persis di hareupeun hiji béngkél anu masih muka.

Mangsa rék ménta dioméan, saurang montir ménta pikeun nungguan lantaran inyana arék ngalaksanakeun shalat Maghrib heula.

Béngkél motor viral di media sosial.
Sumber :
Instagram | gara.itsme

“Gw mikirnya cuma dia doang yang mau sholat dulu gitu. Pas gua liat, semua karyawannya disuruh stop kerja dan harus sholat berjamaah bareng. Dan gw pun ikutan,” tulis pangunggah video.

Lain saukur shalat barjamaah wungkul, maranéhna ogé miluan kajian agama singket. Shalat jeung kajian éta dilakukeun di rohangan béngkél tempat maranéhna digawé anu geus diamparan karpét beresih.

“Customer yang di luar pun jadi ikutan masuk dan dengerin gitu. Biasanya paling bete di bengkel, tapi baru kali ini gw betah,” tambahna.

Sanggeus kajian réngsé, para montir éta satuluyna ngagulungkeun deui karpét tur ngaganti pakéan pikeun nukuykeun gawé ngaoméan motor palanggan anu geus narungguan.

“Kajian kelar, motor gw langsung diperbaiki dong dengan sigap. Masya Allah. Berkah ini bengkel ya Allah, patut ditiru,” pungkasna.

Béngkél motor viral di media sosial.
Sumber :
Instagram | gara.itsme

Limpas Pujian Netizen Video anu diunggah ti saprak genep poé kaliwat éta, mangsa ieu geus meunang ratusan rébu nu misuka (like) jeung puluhan rébu pairan (komentar). Réa anu muji kabiasan hadé béngkél éta.

“Tau kan kenapa mereka bisa seramai ini usahanya?? Karena dia mengutamakan jalur langit. karena jalur langit tidak akan pulang dengan tangan kosong,” tulis saurang netizen.

“Saya kristen tapi saya angkat topi buat bapak yang punya bengkel dan semua yg ikut sholat. Uang dicari bukan dengan kerja keras tapi dengan keberkahan. Salam toleransi bang,” tambah netizen séjénna.

“Merinding liat konsep bengkelnya yang cari keberkahan dari pada nominal rupiah,” témbal netizen lianna.

“Logika lo main ga sih pas dia bilang boleh mas tapi nunggu magriban dulu, dari situ lo rela nunggu kan meskipun lama bahkan betah? Beda sama yang antri mas rame, pasti batin lo ngomong ah cari yg laen aja. begitulah hidup, jika kita yakin sama allah yang menurut kita rugi karena takut pelanggan malah kabur, tapi allah punya cara lain, mereka malah dibikin betah nunggu.”

 

Kontributor: Agus Rohmat
Ropéa Basa: RB

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan